Aplikasi Kognitivisme dina Pangajaran Tiori jeung Konsép Konstruktivisme

35 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 7 Hasil pangajaran henteu ngan gumantung kana informasi anu ditepikeun ku guru,tapi ogé ku cara peserta didik mrosés éta informasi.

4. Kaunggulan jeung Kahéngkéran Kognitivisme

a. Kaunggulan Konitivisme

1 Ngajadikeun siswa leuwih kréatif jeung mandiri Ku tiori diajar kognitif siswa ditungtut pikeun leuwih kréatif, sabab siswa henteu ngan ngaréspon jeung narima stimulus, tapi ogé manéhna mrosés informasi anu dihasilkeunana jeung mikir pikeun bisa nimukeun ide-ide jeung mekarkeun pangaweruhna. Conto kagiatan anu bisa nimbulkeun siswa leuwih mandiri nyaéta dina waktu migawé soal dipiharep siswa bisa migawé éta soal ku sorangan; siswa bisa ngagunakeun pikiranana sorangan; siswa bisa ngasah otakna; ngasah daya ingetna bari henteu gumantung kana bantuan nu séjénna. 2 Ngagampangkeun siswa dina nyangkem matéri ajar. 3 Ningkatkeun kamampuh siswa pikeun ngungkulan masalah problem solving 4 Tiori ieu ogé bisa ningkatkeun motivasi siswa.

b. Kahéngkéran Kognitivisme

1 Tiori kognitivisme henteu ngawengku sakabéh tingkat pendidikan. 2 Sulit dipraktékkan, hususnya di tingkat lanjut. 3 Sawatara prinsip saperti intélégénsi sulit dicangkem jeung pamahamanana can tuntas. 4 Ieu tiori dianggap leuwih deukeut kana psikologi diajar anak,jadi nerapkeunana kana proses diajar anak henteu babari.

5. Aplikasi Kognitivisme dina Pangajaran

Aplikasi tiori diajar nurutkeun kognitivisme saperti kieu: a. Guru kudu paham yén siswa téh lain jalma dewasa anu gampang dina prosés mikirna 36 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 2 b. Guru nyusun matéri ngagunakan pola atawa logika ti nu basajan ka nu kompléks. c. Guru nyiptakan pangajaran anu boga ma’na. d. Guru merhatikeun bédana siswa sacara individual pikeun ngahontal hasil diajar siswa.

6. Tiori jeung Konsép Konstruktivisme

Istilah konstruktivisme ‘constructivism’ mimiti dipaké dina taun 1710 ku filosof kognitif ‘Giambatista Vico’. Manéhna ngébréhkeun yén hiji jalma bisa disebut nyangkem hiji hal lamun manéhna bisa ngajéntrékeun éta hal. Saterusna, manéhna ngébréhkeun yén saurang siswa lain individu anu ngan narima sacara pasif , tapi saurang siswa téh ‘active learner’. Aya sawatara pamadegan ngeunaan définisi konstruktivisme anu diébréhkeun ku sawatara ahli. Konstruktivisme nyaéta hiji filosofi pangajaran anu landasan prémisna yén ku cara ngaréfléksi pangalaman, manusa ngawangunngarékonstruksi pangaweruhna ngeunaan dunya tempat hirupna Suyono dan Hariyanto, 2011:104. Sedengkan nurutkeun Cahyo 2013: 22, konstruktivisme mangrupa salah sahiji filsafat pangaweruh anu inti pamadeganana nganggap yén pangaweruh téh nyaéta jieunan manusa sorangan anu mangrupa hasil konstruksi kognitif ngaliwatan kagiatan individu ku cara nyieun struktur, katégori, konsép, jeung skéma anu diperlukeun pikeun ngawangun éta pangaweruh. Trianto 2007:26 ogé ngébréhkeun yén tiori pembelajaran konstruktivisme mangrupa tiori pembelajaran kognitif wanda anyar dina psikologi pendidikan anu mana siswa kudu manggihan sorangan jeung nransformasikeun informasi kompléks; maluruh informasi anyar ku aturan- aturan heubeul jeung ngarévisi lamun éta aturan-aturan heubeul geus teu luyu deui. Leuwih wincik Piaget ngébréhkeun yén konstruktivisme nyaéta konstruksi wangunan pangaweruh anu diwangun tina kagiatantindakan saurang individu. éta pangaweruh téh ngalaman évolusi, sipatna saheulaanan, henteu statis, mangrupa prosés anu tumuluy. Ari pangaweruh lain anu aya di luar manusa, tapi aya dina jero diri individu anu ngawangun éta 37 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 pangaweruh. Nurutkeun konstruktivisme, pangaweruh hiji jalma mangrupa hasil kontruksi aktif individuna sorangan. Tina éta pedaran ébréh yén konstruktivisme anu diébréhkeun ku Piaget sipatna individual jeung leuwih museur kana prosés internal. Tina définisi-définisi tadi, bisa dicindekkeun yén tiori diajar kontruktivisme mangrupa tiori diajar anu meredih siswa supaya bisa ngawangun kagiatan diajar jeung ngarobah informasi kompléks ti mimiti milih, ngama’naan, nepi ka nguji bebeneran informasi anu ditarimana pikeun ngawangun pangaweruh sacara aktif jeung tumuluy.

7. Tokoh-tokoh Konstruktivisme