82
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
3
komo nyeungseurikeun. Sabab ayana basa wewengkon kitu téh teu bisa dipisahkeun tina kabeungharan basa Sunda.
Basa wewengkon basa Sunda anu rupa-rupa, mimiti ti dialék Sunda-Banten nepi ka Sunda-Jawa Tengahan anu mimiti
kacampuran ku basa Jawa. Para ahli basa biasana ngabédakeun kana genep dialék anu béda-béda.
a Dialék Kulon basa Banten
b Dialék Kaler
c Dialék Kidul Priangan
d Dialék Tengah Timur
e Dialék Timur Laut kaasup basa Sunda Cirebon
f Dialék Tenggara
Dialék Kulon dipaké di daérah Banten jeung Lampung. Dialék Kaler ngawengku Kota Bogor jeung sawaréh daérah Pantura.
Dialék Kidul nyaéta dialék Priangan anu ngawengku Kota Bandung jeung sabudeureunana. Dialék Tengah Timur nyaéta
dialék di daérah Kabupatén Majalengka jeung sawaréh Kabupaten Indramayu. Dialék Timur Laut nyaéta dialék daérah
Kabupatén Brebes jeung Kabupatén Tegal di Jawa Tengah. Ahirna, dialék Tenggara nyaéta dialék daérah Kabupatén
Ciamis ogé Kabupatén Cilacap jeung Kabupatén Banyumas di Jawa Tengah.
c. Ciri-ciri Basa Sunda DialékWewengkon
Nurutkeun Sudaryat 1985:8-9 ciri utama nu ngabédakeun basa lulugu jeung basa dialékwewengkon, kitu deui hiji basa
dialékwewengkon jeung basa dialékwewengkon séjénna, nyaéta lentong intonasi jeung kandaga kecapna. éta dua ciri
téh ngawengku hal-hal saperti kaunggel di handap.
1 Fonologi Bédana fonologi basa lulugu jeung basa dialék téh dina
ngucapkeun sora basa. Contona:
83
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
3
Basa Lulugu Basa Wewengkon
di ditu na ditu
di dieu na dieu
manéh nyanéh
kamar kamer
ganas danas
surabi sorabi
Tina conto di luhur katangén yén bédana sora bisa dina vokal atawa dina wianjanakonsonan.
2 Morfologi Béda morfologis diwatesan ku ayana sistem katatabasaan
anu béda, frekuensi morfem nu béda, fungsina di wewengkon masarakat pamakéna, wujud fonologisna,
jeung kakuatan rasa basana. Ieu téh nimbulkeun serepan inovasi dina basa.
Contona: - lemper sok jadi lelemper - ténong sok jadi téténong
- alem sok jadi aleman - cungkil sok jadi cucungkil
3 Semantik Bédana sémantik basa lulugu jeung basa dialék téh muncul
balukar makéna kecap anyar dumasar kana robahna sora katut wangun kecapna nepi ka harti anu dikandungna
robah. Bédana sémantik téh ngawengku dua hal, sinonim jeung homonim.
1 Sinonim nyaéta lambang anu béda pikeun objék anu sarua.
Contona:
84
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
3
Basa lulugu Basa wewengkon
lieur menit
moal eunya ilok
lontong loganda
hui mantang
gebog telebug
pané dulang
2 Homonim nyaéta lambang anu sarua pikeun objék anu béda.
a Homograf, nyaéta tulisan anu sarua pikeun objék anu béda.
Contona:
Basa lulugu Basa wewngkon
rusuh rusuh
gancangan gelut,riributan
b homofon nyaéta sora anu sarua pikeun objék anu béda.
Contona: - Bank = hiji lembaga tempat nyieun duit
- Bang = sesebutan keur lalaki saluhureun
d. Ragam-ragam Dialék
Ragam basa atawa dialék ditangtukeun ku sababaraha faktor, diantarana faktor waktu, tempat, sosiobudaya, situasi, jeung
médiana Ayatrohaedi, 1979:13. Dumasar kana hal éta, sacara gurat badag, dialék dibagi jadi tilu kelompok. Nyaéta a dialék
1; b dialék 2 ; jeung c dialék sosial.
Dialék 1
Dialék 1, nyaéta dialék anu dibalukarkeun ku kaayaan alam sabudeureun dialék éta digunakeun. Dialék 1 dihasilkeun ku
dua faktor nyaéta waktu jeung tempat. Contona, basa Sunda nu
85
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
3
dipaké di daérah Kuningan, nurutkeun sajarahna éta basa asli Kuningan sarta nurutkeun tempatna basa éta téh digunakeun di
Kuningan wungkul.
Dialék 2
Dialék 2, atawa dialék régional, nyaéta basa nu digunakeun di luar daérah nu makéna Ayatrohaedi, 1979. Contona, basa
Sunda nu digunakeun di daérah Cirebon-Sunda disebut dialék régional 1 sedengkeun basa Sunda nu digunakeundi daérah
Cirebon-Jawa Cirebon, Indramayu disebut dialék régional 2.
Dialék sosial
Dialék sosial atawa sosiolék, nyaéta ragam basa anu digunakeun ku kelompok anu tangtu, anu ngabédakeun jeung
kelompok lianna Ayatrohaedi, 1979:15. Anu kaasup kana kelompok ieu nyaéta kelompok umur, pagawean, kagiatan,
jenis kelamin, pendidikan, jste. Contona, basa atawa istilah- istilah anu digunakeun ku kaum patani.
e. Géografi Dialék