Tokoh-tokoh Konstruktivisme Pedaran Matéri

37 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 pangaweruh. Nurutkeun konstruktivisme, pangaweruh hiji jalma mangrupa hasil kontruksi aktif individuna sorangan. Tina éta pedaran ébréh yén konstruktivisme anu diébréhkeun ku Piaget sipatna individual jeung leuwih museur kana prosés internal. Tina définisi-définisi tadi, bisa dicindekkeun yén tiori diajar kontruktivisme mangrupa tiori diajar anu meredih siswa supaya bisa ngawangun kagiatan diajar jeung ngarobah informasi kompléks ti mimiti milih, ngama’naan, nepi ka nguji bebeneran informasi anu ditarimana pikeun ngawangun pangaweruh sacara aktif jeung tumuluy.

7. Tokoh-tokoh Konstruktivisme

Tokoh Kontruktivisme di antarana Piaget jeung Vygotsky Piaget ngébréhkeun yén kamekaran siswa ngawangun struktur kognitif atawa peta méntalna anu diistilahkeun “schemaskéma” atawa péta konsép pikeun nyangkem jeung ngaréspon pangalaman fisik tina lingkungan di sabudeureunana Suyono Hariyanto, 2011:107. Saterusna Piaget nerangkeun yén manusa mibanda struktur pangaweruh dina otakna, saperti kotak-kotak anu masing-masing miboga ma ’na anu béda-béda. Ku sabab kitu, dina prosés diajar lumangsung dua prosés, nyaéta prosés organisasi informasi jeung adaptasi Cahyo, 2013: 37. Prosés organisasi nyaéta prosés nalika manusa ngahubungkeun informasi anu ditarimana jeung struktur-struktur pangaweruh anu geus ditunda atawa geus nyampak saméméhna dina otak. Sedengkan prosés adaptasi nyaéta prosés anu eusina dua kagiatan. Kahiji, ngahubungkan pangaweruh anu ditarima ku manusa atawa nu disebut asimilasi. Kadua, ngarobah struktur pangaweruh anyar nepi ka lumangsung hiji kasinambungan. Ari prosés ngarékonstruksi, sakumaha anu dijelaskan ku Piaget, nyaéta saperti kieu Cahyo, 2013: 38 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 2 - Skémata Piaget ngutarakeun yén skémata jalma dewasa dimimitian ti skémata budak ngaliwatan prosés adaptasi nepi ka penataan jeung organisasi. Beuki mampuh hiji jalma ngabédakan hiji stimulus jeung stimulus séjénna, mangka beuki loba skématana. Ku kituna, skémata nyaéta struktur organisasi kognitif anu salilana mekar jeung robah. Prosés anu nyababkeun ayana parobahan nyaéta asimilasi jeung akomodasi. - Asimilasi Asimilasi mangrupa prosés kognitif jeung narima hal anyar nalika hiji jalma ngahijikeun stimulus atawa persépsi kana skémata atawa paripolah anu geus aya. Asimilasi téh henteu bisa ngarobah skémata, tapi mangaruhan atawa mungkin waé bisa nimbulkeun tumuwuhna skémata.. Asimilasi lumangsung sacara tumuluy dina kamekaran intéléktual anak. - Akomodasi Akomodasi nyaéta prosés struktur kognitif anu lumangsung luyu jeung pengalaman anyar. Prosés akomodasi ngahasilkeun wangunan skémata anyar jeung robahna skémata heubeul. - Kasaimbangan Ku ayana kasaimbangan, éfisiénsi interaksi antarsiswa anu keur mekar jeung lingkunganana bakal kajamin jeung kahontal. Piaget ngabagi fase kamekaran manusa kana opat kamekaran saperti kieu: Tahapan Umur Gambaran Sénsorimotor 0-2 Orok gerak tina tindakan réflék instingtif ti mimiti lahir nepi ka mikir simbolis. Orok ngawangun pamahaman kana dunya ngaliwatan ku cara nyusun pangalaman-pangalaman sénsor jeung tindakan fisik Operational 2-7 Budak mimiti nunjukkeun dunya ku kecap- kecap jeung ku gambar-gambar. Concerte operational 7-11 Dina ieu tahap, budak bisa mikir sacara logis ngeunaan kajadian-kajadian nyata 39 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 Tahapan Umur Gambaran Formal operational 11-15 mangsa rumaja mikir ku cara anu leuwih abstrak jeung logis. Mikirna leuwih idéalistik. Vygotsky ngébréhkeun yén prosés diajar bisa lumangsung nalika siswa rancagé atawa diajar migawé pancén-pancén anu can diulik ku manéhna, tapi éta pancén-pancén téh masih aya dina hontalan kamampuh siswa atawa eta pancén-pancén téh masih aya dina zone of proximal development Trianto:2007:29.

8. Ciri jeung Prinsip Tiori Diajar Konstruktivisme