90
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
3
taliti, tepat jeung pasti, tatabasana leuwih sistematis jeung kabeungharan kecapna leuwih jelas jeung bener-bener keuna kana tujuan anu dimaksud,
dina harti unggal kecap jeung kalimah anu digunakeun teu nimbulkeun tafsiran ganda ka pamiarsa. Pamanggih séjénna yén hiji basa bisa disebut
basa lulugu saupama bisa nyumponan pasaratan saperti otonomi, vitalitas, intéléktualitas, jeung historitas. Basa lulugu miboga rupa-rupa pancén atawa
fungsi, nyaéta tali mimitran, kapribadian idéntitas panyaturna, pananda komara, jeung raraga acuan.
Basa wewengkon atawa dialék dipaké ku masarakat di éta daérah, atawa di wewengkonna séwang-séwangan. Ciri utama nu ngabédakeun basa lulugu
jeung basa dialékwewengkon, kitu deui hiji basa dialékwewengkon jeung basa dialékwewengkon séjénna, nyaéta lentong intonasi jeung kandaga
kecapna nu diwincik deui ngawengku ciri fonologi, morfologi, jeung semantik. Bédana fonologi basa lulugu jeung basa dialék téh dina ngucapkeun sora
basa. Béda morfologis diwatesan ku ayana sistem katatabasaan anu béda,
frekuensi morfem nu béda, fungsina di wewengkon masarakat pamakéna, wujud fonologisna, jeung kakuatan rasa basana. Bédana semantik basa
lulugu jeung basa dialék téh muncul balukar makéna kecap anyar dumasar kana robahna sora katut wangun kecapna nepi ka harti anu dikandungna
robah. Bédana semantik téh ngawengku dua hal, sinonim jeung homonim. Ieu téh nimbulkeun serepan inovasi dina basa. Ragam basa dialék
ditangtukeun ku sababaraha faktor, di antarana faktor waktu, tempat, sosiobudaya, situasi, jeung médiana.
G. Uji Balik jeung Lajuning Laku
Pék cocogkeun kalawan jujur hasil pagawéan Sadérék kana jawaban latihan anu geus disayagikeun di bagian tukang ieu modul kalawan babarengan
jeung kancamitra sadérék. Itung kalawan jujur jumlah jawaban anu benerna, tuluy gunakeun rumus ieu di handap pikeun ngukur tahap nyangkem
Sadérék kana matéri ajar.
91
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
3
Rumus:
Jumlah jawaban anu benerna Tahap pangabisa =
x 100 5
Tahap pangabisa ciri basa Sunda lulugu nu dihontal Sadérék: 90
– 100 = Alus Pisan 80
– 89 = Alus 70
– 79 = Cukup 68
= Kurang Lamun Sadérék ngahontal tahap pangabisa 80 ka luhur, Sadérék bisa
nuluykeun matéri kana Kagiatan Diajar 4. Tapi, lamun tahap pangabisa Sadérék kurang ti 80, pék balikan deui ngaderes matéri dina Kagiatan
Diajar 3, pangpangna matéri nu tacan kacangkem.
92
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
3
93
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
4
KAGIATAN DIAJAR 4
STRUKTUR PUISI SISINDIRAN JEUNG PUPUJIAN
A. Tujuan
Tujuan Kagiatan Diajar 4 ngawengku saperti ieu di handap. 1. Sanggeus maca pedaran, Sadérék mampuh ngajéntrékeun wangenan
sisindiran kalawan bener tur percaya diri. 2. Sanggeus tanya jawab, Sadérék mampuh méré conto sisindiran basa
Sunda jeung pantun basa Indonesia kalawan bener tur taliti. 3. Sanggeus sawala, Sadérék mampuh ngajéntrékeun wangun jeung
unsur instrinsik sisindiran kalawan taliti tur percaya dirii. 4. Sanggeus sawala, Sadérék mampuh ngajéntrékeun wangun jeung
unsur intrinsik wawangsalan kalawan bener tur percaya diri. 5. Sanggeus sawala, Sadérék mampuh méré conto wangun jeung unsur
intrinsik rarakitan kalawan taliti. 6. Sanggeus sawala, Sadérék mampuh méré conto wangun jeung unsur
intrinsik paparikan kalawan taliti. 7. Sanggeus maca pedaran, Sadérék dipiharep mampuh ngajelaskeun
wangun pupujian kalawan bener. 8. Sanggeus tanya jawab, Sadérék dipiharep mampuh ngaidentifikasi
unsur-unsur pupujian kalawan taliti. 9. Bari diskusi, Sadérék mampuh ngawincik aspék-aspék anu raket
patalina antara wangun jeung eusi pupujian kalawan gawé babarengan. 10. Sanggeus diskusi, Sadérék mampuh nyieun conto larapna wangun
jeung unsur pupujian dina pangajaran basa Sunda sacara babarengan. 11. Sanggeus maca pedaran matéri, ngajéntrékeun hakékat maca kalawan
percaya diri; 12. Sanggeus maca pedaran matér, Sadérék mampuh ngajéntrékeun
hakékat ngaprésiasi kalawan pinuh apresiatif kana budayaa sorangan 13. Sanggeus maca pedaran matéri, Sadérék mampuh mekarkeun
pangajaran maca jeung ngaprésiasi pupujian kalawan kréatif.
94
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
‘4
B. Indikator Kahontalna Kompeténsi