95
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
4
1. Wangenan Sisindiran
Sisindiran mangrupa hiji kabinangkitan pikeun urang Sunda. Séké sélér séjén ogé barogaeun kabinangkitan anu sarimbag jeung urang Sunda.
Hirup huripna sisindiran méh teu kapapay, teuing saha nu ngamimitian jeung ti iraha dimimitianana. Éta kabinangkitan anu mangrupa sisindiran
téh, kiwari mah geus méh paéh kadéséh ku ayana pangaruh téhnologi. Malah moal boa geus dianggap musnah ku sawatara kelompok urang
Sunda, pangpangna pikeun maranéhna nu geus teu maliré kana budaya Sunda.
Nyiptakeun suasana diajar-ngajar sangkan dipikaresep turta matak pogot mikeun siswa téh taya lian gumantung kana métode jeung téhnik
ngajarna, jaba ti éta ogé cara milih jeung nangtukeun bahan pangajaranana deuih.
Sisindiran téh kaasup wangun sastra pituin Sunda jadi hartina hasil kabinangkitan pituin urang Sunda, malah lain ngan urang Sunda wungkul
tapi bangsa Indonesia dina basa Indonésia sisindiran téh=pantun. Sisindiran nurutkeun tatabasa mah wangunan kecap kaasup kecap
rajékan dwipurwa, asal kecapna tina sindir. Sindir dihartikeun salaku kecap atawa omongan anu henteu langsung ka nu dimaksud henteu
togmol tapi dibalibirkeun ngomong malibir. Sindir sampir nya éta ngomong ku sindir biasana leuwih ti sakali, mindeng serta boga tujuan
maksud anu kurang hadé. Anu jadi patalékan, naha kabinangkitan sisindiran téh masih
kénéh dianggap perlu pikeun diajarkeun? Urang salaku urang Sunda, geus tangtu bakal ngajawab saklek, perlu. Lamun
nganggap éta kabinangkitan sisindiran téh perlu diajarkeun, cara kumaha anu pangéféktifna sangkan siswa di sakola, raresepeun
jeung pogot diajar sisindiran?
96
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
‘4
2. Sisindiran dina Basa Sunda jeung Pantun dina Basa Indonesia
Saméméh urang ngaguar hal sisindiran ayeuna urang ngabandingkeun heula nu disebut sisindiran di Sunda jeung pantun dina basa Indonésia.
Contona ieu di handap. a. Kacang kandel gégébéngan
Gararing dina jajaran Lamun resep nyéngcéléngan
Sok ginding dina lebaran b. Réréntétan réréndéngan
Ka pasar néangan benang Anu daék nyéngcéléngan
Awal ahir bisa senang Dina basa Indonesia sisindiran téh disebut pantun, contona ieu di handap.
a. Dibawa itik pulang petang Dapat di rumput bilang-bilang
Melihat ibu sudah datang Hati cemas jadi hilang
b. Lurus jalan ke payakumbuh Kayu jati bertimbal di jalan
Di mana hati tidaklah rusuh Ibu mati bapak berjalan
Ku nengetan conto di luhur, tétéla pisan pantun dina basa Indonesia jeung sisindiran téh sarua, boh wangunna boh pasipatanananu béda
ngan basana.
3. Wangun jeung Unsur Intrinsik Sisindiran