Jerome Bruner Albert Bandura

33 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 7 ngalakukan évaluasi prosés jeung hasil diajar siswa.

c. Jerome Bruner

Nurutkeun Warsita 2008:71, Jarome Bruner ngusulkeun ieu tiori ku sebutan free discovery learning anu tiori dasarna nyaéta tiori kognitif, anu ngébréhkeun yén diajar nyaéta parobahan persépsi jeung pamahaman. Maksudna, prosés diajar bakal lumangsung hadé jeung kréatif, saupama guru méré kasempatan ka siswa pikeun manggihkeun hiji aturan, kaasup konsép, tiori, idé, jeung définisi ku conto-conto anu ngagambarkeun atawa ngawakilan aturan anu jadi sumberna. Kauntungan diajar discovery learning nyaéta nimbulkeun rasa hayang nyaho siswa, hal ieu ngamotivasi siswa pikeun néangan jawabanana; nimbulkeun kaparigelan ngungkulan masalahna sacara mandiri jeung ngalatih siswa pikeun nganalisis jeung ngamanipulasi informasi. Nurutkeun Bruner, aya tilu tahap kamekaran kognitif saurang manusa anu ditangtukeun ku cara ningali lingkungan: enaktif, ikonik, jeung simbolik. Tahap kahiji, enaktif nyaéta siswa ngalakukeun kagiatan sangkan paham kana lingkunganana. Tahap kadua, ikonik nyaéta siswa niténan dunya ngaliwatan gambar jeung visualisasi verbal. Tahap katilu, simboliknyaéta siswa dina meunangkeun gagasan abstrak; komunikasina dibantuan ku sistem simbolik. Léngkah-léngkah pangajaran dina ngararancang pangajaran nurutkeun Bruner: 1 nangtukeun tujuan pangajaran; 2 ngalakukan idéntifikasi siswa; 3 milih matéri pangajaran; 4 nangtukeun topik sacara induktif; 5 mekarkeun matéri ajar pikeun diulik kusiswa; 6 ngatur topik pangajaran ti nubasajan ka nu kompléks; 7 ngalakukeun évaluasi prosés jeung hasil diajar siswa. 34 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 2

d. Albert Bandura

Bandura ngébréhkeun tiori kognitif sosial. Saterusna, Santrock 2007:285 ngébréhkeun tiori Kognitif Sosial Social Cognitive Theory anu ngawengku faktor sosial, faktor kognitif, jeung faktor paripolah, anu tiluanana miboga peran anu penting dina pangajaran. Faktor kognitif mangrupa ékspéktasi murid pikeun ngahontal hasil diajar, sedengkan faktor sosial ngawengku panitén siswa kana paripolah kolotna. Jadi, nurutkeun Bandura, antara faktor kognitif, faktor lingkungan, jeung faktor paripolah téh silih pangaruhan; faktor-faktor ieu bisa silih interaksi pikeun mangaruhan pangajaran. Faktor kognitif ngawengku ékspéktasi, kayakinan, stratég imikir, jeung kacerdasan. e. Kurt Lewin Kurt Lewin ngébréhkeun tiori diajar médan kognitif cognitive-field learning theory. Nurutkeun tiori diajar médan kognitif, diajar dihartikeun prosés interaksional; di dieu pribadi siswa ngahontal wawasan-wawasan anyar atawa ngarobah hiji hal anu geus lila. Guru kudu merhatikeun dirina sorangan jeung jalma séjén ku cara diajar sacara éféktif supaya manéhna ngarti kana dirina sorangan jeung bisa ngalaksanakeun tugas kalawan leuwih hadé . Lian ti éta, guru kudu ngamekarkeun sistem psikologis siswa deuih.

3. Prinsip-prinsip Tiori Kognitivisme