55
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
3
h. Basa téh Rancagé
Basa sipatna produktif, hartina sanajan unsur-unsur basa kawates, tapi ku unsur-unsur nu kawatesanan éta tapi bisa dijieun satuan-
satuan basa anu henteu kawatesanan, sok sanajan rélatif, saluyu jeung sistem nu lumaku dina éta basa. Saperti halna tina foném nu
aya di basa Sunda bisa ngawangun réwuan malahan jutaan kecap nu hartina béda-béda.
i. Basa téh Komunikatif
Komunikatif mangrupa sipat tina komunikasi. Dina enas-enasna, komunikasi téh mangrupa prosés nepikeun pesen rasa, pikiran jeung
kahayang ti pangirim panyatur atawa panulis ka panampa pamiarsa atawa pamaca ngaliwatan médium basa.
Dina komunikasi basa, pangirim pesen jeung panampa amanat téh nyatana manusa, ari mediumna nyaéta basa, boh lisan boh tulisan.
Komunikasi nu mediumna basa téh disebutna komunikasi vérbal. Sabalikna aya komunikasi anu mediumna kinésik sok disebut
komunikasi nonvérbal. Ku kituna, komunikasi basa mah ngan aya dina komunikasi masarakat manusa, najan teu kabéh komunikasi
manusa mangrupa basa. Jadi, istilah basa téh leuwih heureut deui, nyaéta sistem lambang sora anu dihasilkeun ku pakakas ucap
manusa pikeun tujuan komunikasi.
j. Basa téh Midunya
Salian sipat basa nu unik, basa ogé miboga sipat universal atawa midunya. Hartina, aya ciri-ciri nu sarua nu nyangkaruk dina tiap basa
nu aya di alam dunya. Upamana, ciri basa nu paling umum nyaéta basa téh ngawengku vokal jeung konsonan.
k. Basa téh Ngabudaya
Basa miboga sipat ngabudaya kultural lantaran basa salian ti mangrupa unsur budaya, ogé jadi awahana pikeun miara jeung
mekarkeun budaya deuih. Basa ngagambarkeun kahirupan kabudayaan masarakat nu makéna. “basa téh cicirén bangsa”.
56
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
3
Unsur-unsur budaya saperti pacabakan; kamasarakatan; élmu pangaweruh; pakakas, undagi jeung téknologi; basa; seni; jeung
agama. Éta kabéh bisa kagambarkeun dina basa Sudaryat, 2014: 24.
l. Basa téh Rinéka
Anggota masarakat hiji basa biasana kawangun ku rupa-rupa status sosial jeung kasang tukang budaya nu teu sarua. Ku lantaran éta hal,
basa nu dipakéna ogé loba ragamna variasi. Aya tilu istilah dina variasi basa nyaéta:
1 Idiolék: ragam basa nu sipatna individual. 2 Dialék: ragam basa nu digunakeun ku masarakat dina tempat
jeung waktu nu tangtu. 3 Ragam: variasi basa nu digunakeun dina situasi nu tangtu.
Upamana, ragam basa lulugu jeung wewengkon.
m. Basa téh Subyéktif
Upamana nyawang basa tina jihat lambang, basa miboga sipat obyéktif. Tapi, basa ogé subyéktif lantaran museur ka dirina. Salian ti
pikeun pakakas komunikasi jeung wahana budaya dina umumna, basa ogé bisa dipaké pikeun maluruh jeung nerangkeun dirina
sorangan. Fungsi basa anu museur ka dirina téh disebut subyéktif, ari fungsina disebut fungsi métalinguistik.
Subyéktif dina basa téh bisa jadi ciri sora manusa jeung sora anu dikaluarkeun ku sato. Misalna, lamun anjing tepung jeung anjing deui,
sok ngaluarkeun sora atawa ngagogog, tapi éta gogogan anjing téh teu bisa nerangkeun gogogan. Ari manusa bisa ngomong, sarta
omonganna bisa dipaké nerangkeun deui omongan, bisa nyarita perkara caritaanana. Ieu téh némbongkeun yén basa mangrupa
pakakas pikeun mikir jeung nyarita.
2. Basa Sunda jeung Masarakatna