44
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
2
3.
4.
D. Kagiatan Diajar
Kagiatan diajar anu kudu dipilampah ku Sadérék nyoko kana runtuyan kagiatan saperti ieu di handap.
1. Titénan heula tujuan jeung indikator kahontalna diajar kalawan profesional.
2. Baca pedaran matéri ajar nu dipidangkeun kalawan daria. 3. Pigawé latihan atawa pancén nu dipidangkeun dina ieu kagiatan diajar
kalawan percaya diri tur tanggung jawab. 4. Baca deui saliwat pedaran matéri ajar, tuluy titénan tur bandingkeun jeung
tingkesan matéri ajar kalawan daria. 5. Lamun manggih bangbaluh, Sadérék bisa sawala diskusi jeung
kancamitra séjénna kalawan silih hargaan tur babarengan.
E. Latihan Kasus Pancén
Sanggeus Sadérék maca tur neuleuman ieu kagiatan diajar, dipiharep Saderék babarengan migawé soal ieu di handap kalawan pinuh tanggung
jawab.
1. Jéntrékeun prinsip diajar nurutkeun kognitivisme kalawan écés tur percaya diri
2. Jéntrékeun kaunggulan kognitivisme kalawan écés tur percaya diri 3. Terangkeun tiori diajar nurutkeun konstruktivisme kalawan écés tur
percaya diri
45
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
4. Jéntrékeun prinsip diajar nurutkeun konstruktivisme kalawan écés tur percaya diri
5. Tuduhkeun kaunggulan konstruktivisme kalawan bener tur percaya diri
F. Tingkesan
Tiori diajar kognitif mangrupa tiori diajar anu ngébréhkeun prosés mungsikeun unsur-unsur kognisi, utamana unsur pikiran, pikeun mikawanoh
jeung maham kana stimulus anu datang ti luar. Prinsip-prinsip tiori diajar kognitif nyaéta pangajaran mangrupa hiji parobahan status pangaweruh.
Siswa mangrupa peserta aktif dina prosés pangajaran. Ieu tiori museur kana pola pikir siswa. Museur kana cara siswa nginget-nginget, meunangkeun
deui, jeung nyimpen informasi dina ingétanana. Lian ti éta, ieu tiori merhatikeun pangalaman diajar, nganggap yén pangajaran mangrupa
prosés aktif dina diri siswa. Ieu tiori ngalarapkeun reward jeung punishment. Hasil pangajaran henteu ngan gumantung kana informasi anu
ditepikeun guru, tapi ogé kana cara siswa ngolah éta informasi.
Tiori konstruktivisme mangrupa tiori diajar anu nungtut siswa ngawangun kagiatan diajar jeung ngarobah informasi kompléks pikeun ngawangun
pangaweruh sacara inisiatif tur mandiri. Implikasi tiori konstruktivisme dina pangajaran kabagi kana lima fase, nyaéta oriéntasi, elicitasi, restrukturisasi
ide, aplikasi ide, jeung reviu. Modél pangajaran anu bisa diaplikasikeun dina prosés diajar ngajar luyu jeung pamekaranan tiori konstruktivisme nyaéta
discovery learning, reception learning, assisted learning, active learning, contextual learning, jeung quantum learning.
G. Uji Balik jeung Lajuning Laku