53
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
3
bancét muncul lantaran aya sato nu sok disada cét-cétan. Kecap kurupuk muncul lantaran aya kadaharan lamun didahar kukurukukan
Sudaryat, 2014: 16.
c. Basa téh Simbolis
Dumasar kajian élmu semiotika, lambang nyaéta élmu nu medar sarupaning tanda-tanda nu aya dina kahirupan manusa. Dina
semiotika aya sababaraha rupa tanda nyaéta tanda sign, lambang simbol, sinyal signal, gejala sympton, gerak isyarat gesture,
kode, indéks, jeung ikon. Masih dina ulikan élmu sémiotika yén tanda téh nyaéta lambang nu miboga sipat arbitrér, hartina taya hubungan
langsung nu sipatna wajib antara lambang jeung nu dilambangkeunana.
Ari nurutkeun Sudaryat 2014:17, tanda téh nyaéta barang anu némbongkeun hal atawa obyék kalawan langsung, ilaharna
ngandung hiji maksud tur teu nimbulkeun rupa-rupa tapsiran. Ari lambang nyaéta tanda anu sipatna arbitrér tur konvénsional kalawan
dipatalikeun kana maksud nu tangtu. Sok sanajan lambang téh masih mangrupa tanda tapi lambang téh béda jeung tanda. Tanda mah
mangrupa hal atawa barang anu ngawakilan hiji perkara, ilaharna nimbulkeun réaksi nu sarua ka jalma nu ngarésponana.
Tanda dina basa dina émprona bisa dipasing-pasing dumasar kana cara ditimbulkeunana. Tanda téh bisa dipikanyaho ku manusa
ngaliwatan pangalamanana anu ditimbulkeun ku alam, ditimbulkeun ku sato, sarta ditimbulkeun ku manusa.
d. Basa téh Konvénsional
Sanajan hubungan antara lambang sora jeung nu dilambangkeunana arbitrér, tapi éta lambang téh dina konsép nu geus tangtu mah
miboga sipat konvénsional. Hartina, masarakat basa sapuk yén lambang dipaké pikeun ngawakilan konsép nu diwakilanana.
Umpamana, sato nu cokorna opat nu ilahar sok ditumpakan, dilambangkeun ku sora [kuda], ku kituna masarakat basa Sunda
54
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
3
misalna kudu tuhu kana éta aturan. Saupama éta aturan direumpak, mangka prosés komunikasi moal jalan kalayan lancar.
e. Basa téh Sistem Sora
Média utama nu digunakeun dina basa nyaéta runtuyan sora. Runtuyan sora ngamalir mamawa pesen basa nu nepi kana puseur
saraf manusa akibat ayana réaksi tina tekenan hawa nu ngageter dina kendang ceuli. Sora basa dihasilkeun ngaliwatan alat ucap
manusa. Ulikan ngeunaan cara ngahasilkeun sora basa ku pakakas ucap disebut tatasora fonétik, utamana fonétik artikulatoris.
f. Basa téh Unik