Piaget David Ausubel Tokoh – tokoh

31 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 jeung ajén sikep. Ieu parobahan téh miboga sipat rélatif lila” Hartina, parobahan anu lumangsung dipangaruhan ku pengalaman hirup anu dialaman ku manusa anu éta pangalaman téh jadi prosés diajar anu boga ma’na rélatif lila dina pikiran manusa. Lian ti éta, tiori diajar kognitif nganggap yén “diajar mangrupa prosés mungsikeun unsur-unsur kognisi, utamana unsur pikiran, pikeun mikawanoh jeung nyangkem stimulus anu datang ti luar.” Kagiatan diajar dina diri manusa dipuseurkeun kana prosés internal mikir, nyaéta prosés ngolah informasi.

2. Tokoh – tokoh

Tokoh-tokoh aliran kognitif di antarana nyaéta Piaget, David Ausubel, Jerome Bruner, Albert Bandura, jeung Kurt Lewin.

a. Piaget

Piaget dina Warsita 2008:69 ngajelaskan yén kamekaran kognitif mangrupa hiji prosés génétika nyaéta prosés anu dasar pamikiranana tina mékanisme biologis atawa kamekaran sistem saraf. Tiori diajar Piaget disebut ogécognitive-development anu nganggap yén prosés mikir téh leuwih mangrupa kagiatan gradual ti batan fungsi intéléktual kongkrit. Nurutkeun ieu tiori, diajar ngawengku tilu tahapan nyaéta:asimilasi, akomodasi, jeung equilibrasi. Piaget ogé ngébréhkeun yén prosés diajar kudu disaluyukeun jeung tahap kamekaran kognitif anu kaalaman ku siswa. Prosés diajar anu kaalaman kusaurang siswa téh béda dina tahap nu hiji jeung tahap séjénna. Sacara umum, beuki luhur tingkat kognitif saurang siswa mangka beuki sistematis jeung beuki abstrak cara mikirna. Ku sabab kitu, guru kudu paham kana tahap-tahap kamekaran kognitif siswana sarta nepikeun matéri, métode, média pangajaran kudu luyu jeung tahapanana. Léngkah-léngkah pangajaran anu dirancang nurutkeun pamanggih Piaget: 1 nangtukeun tujuan pangajaran; 2 milih matéri pangajaran; 32 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 2 3 nangtukeun topik-topik anu bisa diulik ku siswa; 4 nangtukeun jeung ngararancang kagiatan pangajaran luyu jeung topik; 5 mekarkeun métode pangajaran; 6 ngalakukan évaluasi prosés jeung hasil pangajaran.

b. David Ausubel

Nurutkeun Ausubel dina Warsita, “belajar haruslah bermakna, matéri yang dipelajari diasimilasi secara nonarbitrér dan berhubungan dengan pengéta huan yang dimiliki sebelumnya”, “diajar kudu miboga ma’na; matéri anu diulikna diasimilasi sacara nonarbitrér katut aya hubungan jeung pangaweruh anu dipimilik saméméh na” 2008:72. Hal ieu ngandung harti yén pangajaran anu boga ma’na mangrupa hiji prosés anu dipatalikeun jeung informasi anyar kana konsép-konsép relevan anu aya dina struktur kognitif siswa. Prosés diajar lain saukur ngapalkeun konsép-konsép atawa fakta-fakta, tapi mangrupa kagiatan ngahubungkeun konsép-konsép nu ngahasilkeun pamahaman anu gembleng nepi ka konsép anu diulikna bakal dikawasa sacara hadé jeung henteu gampang poho. Jadi, guru kudu jadi ahli dina ngararancang pangajaran jeung dina mekarkeun program pangajaran ku cara usaha terus pikeun mikawanoh jeung ngagali konsép-konsép anu dipibanda ku siswa jeung mantuan mayuskeunana sacara harmonis kana pangaweruh anyar anu diulikna. Léngkah-léngkah pangajaran bermakna nurutkeun Ausebel dina ngararancang pangajaran: 1 nangtukeun tujuan pangajaran; 2 ngalakukan idéntifikasi siswa; 3 milih matéri pangajaran luyu jeung karakteristik siswa jeung ngatur matéri ajarna dina wangun konsép inti; 4 nangtukeun topik siswa dina wangun advance organizers; 5 mekarkeun matéri ajar pikeun diulik ku siswa; 6 ngatur topik pangajaran ti nu basajan ka nu kompléks; 33 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 7 ngalakukan évaluasi prosés jeung hasil diajar siswa.

c. Jerome Bruner