39
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
Tahapan Umur
Gambaran
Formal operational
11-15 mangsa rumaja mikir ku cara anu leuwih
abstrak jeung logis. Mikirna leuwih idéalistik.
Vygotsky ngébréhkeun yén prosés diajar bisa lumangsung nalika siswa rancagé atawa diajar migawé pancén-pancén anu can diulik ku manéhna,
tapi éta pancén-pancén téh masih aya dina hontalan kamampuh siswa atawa eta pancén-pancén téh masih aya dina zone of proximal
development Trianto:2007:29.
8. Ciri jeung Prinsip Tiori Diajar Konstruktivisme
Diajar nyaéta hiji prosés anu ngarobah paripolah organisme akibat tina pangalaman. Tina ieu wangenan, ébréh yén aya dua hal anu penting dina
diajar, nyeta paripolah jeung pangalaman. Paripolah patali jeung aksi atawa tindakan. Anu jadi ciri utamana téh paripolah verbal manusa, sabab
tina tindakan-tindakan nyarita atawa nulis bakal kagambar aya henteuna parobahan paripolah manusa. Upamana, parobahan tina asalna nyebut
‘ngagégél’ jadi ‘ngégél’; parobahan asalna nulis ‘didieu’ jadi ‘di dieu’. Conto ieu bisa ngagambarkeun yén prosés diajar geus lumangsung. Ari
anu dimaksud pangalaman di dieu nyaéta pangalaman anu kaalaman ku siswa dina waktu prosés diajar.
Aya rupa-rupa parobahan pangalaman.
- Diajar tingkat émosional anu primitif, aya parobahan paripolah anu disababkeun ku stimulus anu dikondisikeun jeung anu henteu
dikondisikeun. - Diajar kontiguitas, masangkeun dua peristiwa dina sawaktu. Upamana,
ilmuwan digambarkeun ku individu anu maké tasma; indung téré pasti galak, jst.
- Diajar operant, konsekuensi mangaruhan dibalikkan deui henteuna paripolah individu.
- Diajar observasional, pangalaman diajar téh mangrupa hasil obsérvasi manusa kana kana kajadian-kajadian.
- Diajar kognitif, lumangsung lamun manusa titén tur paham kana kajadian-kajadian anu lumangsung di sabudeureun manusa.
40
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
2
Ciri pangajaran nurutkeun konstruktivisme Cahyo:2013 nyaéta museur kana prosés diajar, ngarojong kana kamandirian jeung kana inisiatif diajar
dina diri siswa. Cindekna, tiori konstruktivisme nganggap yén diajar mangrupa hiji prosés; henteu museur kana hasil, ngarojong siswa
sangkan mampuh ngalakukan panalungtikan, ngarojong mekarna rasa hayang nyaho sacara alami, évaluasi diajar leuwih museur kana kinerja
jeung pamahaman siswa, ngarojong pisan kana lumangsungna diajar kooperatif, loba ngagunakeun istilah nu patali jeung kognitif pikeun
ngajelaskan prosés pangajaran, saperti: prédiksi, inférénsi, kréasi, analisis, jst.
Prinsip-prinsip konstruktivisme anu dilarapkan dina prosés diajar-ngajar nyaéta pangaweruh diwangun ku siswa; pangaweruh henteu bisa
dipindahkeun ti guru ka siswa, anging ngan ku kaaktifan siswa éta sorangan; siswa aktif ngontruksi sacara terus-terusan nepi ka kajadian
ayana parobahan konsép ilmiah; guru ngan mantuan nyadiakeun sarana jeung situasi sangkan prosés konstruksi lumangsung lancar, miharep
jeung ngajén pamadegan siswa; jeung nyaluyukeun kurikulum pikeun ngawadahan tanggapan siswa.
9. Kaunggulan jeung Kahéngkéran Konstruktivisme