Tiori Basa Sunda Lulugu

75 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 3

5. Tiori jeung Konsép Basa Sunda Lulugu

a. Tiori Basa Sunda Lulugu

Basa Sunda mangrupa basa kadua panggedéna salian ti basa Jawa. Nurutkeun Sudaryat, spk. 2013, basa lulugu baku, standar nyaéta ragam basa atawa dialék anu geus ditetepkeun tur dijadikeun standar maké na ku masarakat basana. Basa lulugu mangrupa basa gunggungan persatuan di masarakat basa nu mibanda rupa-rupa dialék sarta ditarima dina situasi resmi kayaning buku ilmiah, biantara, upacara adat, serat-sinerat, jsté. Sedengkeun basa Sunda lulugu baku, standar nyaéta basa Sunda anu geus ditetepkeun tur dijadikeun standar makéna ku masarakat urang Sunda. Anu dianggap basa Sunda lulugu téh nyaéta basa Sunda wewengkon Priangan utamana Bandung. Basa baku, basa standar atawa basa lulugu mangrupa basa anu mibanda sipat vitalitas jeung inteléktualitas. Hiji, basa disebut vitalitas lamun éta basa téh mampuh tumuwuh jeung mekar kalawan anteb luyu jeung kaidah basana nu relatif angger, tapi henteu kaku lantaran bisa robah pikeun narima pangaruh basa séjén, boh kandaga kecapna boh adeganana. Ku kituna, basa lulugu kudu hirup bari jeung hurip atawa kudu stabilitas dinamis sipatna, anteb tur luwes kaédahna. Ari sipat nu kadua tina basa lulugu nyaéta inteléktualitas. Maksudna nyaéta basa lulugu kudu miboga kamampuh ilmiah nu bisa ngébréhkeun prosés mikir anu ruwed tina rupining kagiatan paélmuan, téknologi, informatika, jeung patali marga masarakatna. Jaba ti éta, basa lulugu téh mibanda otonomi atawa wewenang pikeun tumuwuh jeung mekar di wewengkon masarakat nu makéna. Basa lulugu lain hiji-hijina ragam basa, ngan jadi calecer keur ragam basa séjénna. Basa baku leuwih nyoko kana ngaragemkeun jeung ngalulugukeun kaédah basa, tapi lain hartina ngakurkeun sakumna ragam basa Sudaryat, spk. 2013. The Dictionary of Language and Linguistics nyebutkeun yén basa lulugu nyaéta ragam basa anu dipikaresep ku masarakatna, sok 76 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 3 dijadikeun dasar dina nyarita pikeun masarakat anu miboga atikan luhung ogé di sabudeureun puseur kabudayaan atawa pulitik tina hiji masarakat bangsa. Nurutkeun V. Mathesius jeung B. Havrane, basa lulugu kudu ditandaan ku: 1 stabilitas anu alus pikeun bisa nyaluyukeun jeung parobahan- parobahan kultural, jeung 2 intéléktualitas nyaéta téndénsi ka arah ungkara anu leuwih taliti, tepat jeung pasti, tatabasana leuwih sistematis jeung kabeungharan kecapna leuwih jelas jeung bener- bener keuna kana tujuan anu dimaksud, dina harti unggal kecap jeung kalimah anu digunakeun teu nimbulkeun tafsiran ganda ka pamiarsa. Kitu deui, Sudaryat, spk. 2013 nétélakeun yén anu dimaksud lulugu atawa standar dina harti umum, nyaéta unggal paripolah budaya manusa anu gelar dimasarakatna. Sedeng harti hususna, nyaéta aturan-aturan atawa norma-norma nu geus ditetepkeun ku masarakatna nu makéna. Dina istilah basa, lulugu atawa standar nyaéta norma atawa aturan basa nu geus umum sarta ditetepkeun cara makéna ku masarakat éta basa. sedeng nu dimaksud basa Sunda lulugu, nyaéta basa Sunda anu geus ditetepkeun atawa dijadikeun standar makéna ku masarakat Sunda. Sakabéh pamadegan di luhur mibanda sasaruaan nyaéta basa lulugu téh mangrupa basa standar anu dipaké ku masarakat. Bisa dicindekkeun yén basa lulugu nyaéta basa anu dijadikeun tur ditetepkeun jadi basa standar ku masarakat lega, boh dina éjahanana, tatabasana, boh dina kabeungharan kecapna.

b. Fungsi Basa Sunda Lulugu