PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
74
kaparigelan nyarita téh bisa diwangun jadi skala peunteun ieu di handap.
Conto Format Ajén Kaparigelan Nyarita
No. Aspek
Skala ajén 4
3 2
1
1. Nerangkeun poko caritaan
2 Kacangking henteuna bahan
3 Sistematika medar bahan
4 Wirahmaintonasilentong nyarita
5 Lafal
6 Milih kecapdiksikabeungharan kecap
7 Paselapna kecap tina basa Indonésia
8 Paselapna kalimah tina basa Indonesia
9. Tatakrama basa
10. Volume sora
11. Tagogrengkuh nyarita
12. Kontak jeung pamiarsangabagi panempo
13. Kualitas naskah
14. Écésna pedaran naskah
15. Écésna medar dina nyarita
Jumlah ajénskor
5. Kaparigelan Maca a. Watesan Maca
Maca mangrupa salah sahiji tina opat kaparigelan makéna basa. Éta hal saluyu jeung pamadegan Tambupulon 2008, yén maca téh
mangrupa salah sahiji tina opat kaparigelan makéna basa sarta mangrupa bagian tina komunikasi tinulis. Burhan 2001 nétélakeun
yén maca téh hiji pagawéan anu dilaksanakeun kalawan gawé bareng sababaraha kaparigelan nyaéta nengétan, maham, mikiran.
Maca mangrupa hiji prosés nu dilakukeun sarta digunakeun ku nu
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
75
maca pikeun nyangkem pesen nu ditepikeun ku nu nulis dina basa tinulis Tarigan, 1984:7.
Nurutkeun Rusyana 1984:207-213 prosés maca kakara lumangsung lamun aya komponén-komponén nu ngarojongna,
nyaéta aya nu maca, aya bahan bacaan, aya kagiatan maca jeung latar. Nu maca pamaca, nyaéta unggal jalma anu mibanda tingkat
kamahéran maca séwang-séwangan saluyu jeung umur, jenis kelamin, pangalaman intelegénsi, kamahéran ngagunakeun basa,
jeung minat baca. Bacaan patalina jeung objék atawa bahan bacaan anu diperlukeun tur kudu aya. Hiji jalma bisa ngalakukeun kagiatan
maca upama aya bahan anu rék dibacana. Éta bahan bacaan téh bisa dipilih saluyu jeung pangaresep atawa kapentingan nu maca.
Kagiatanmaca mangrupa paripolah anu dilakukeun kalawan sadar pikeun nyangkem informasi tina bahan anu dibacana. Latar patalina
jeung waktu tempat, katut suasana. Kagiatan maca bisa lumangsung kalawan hadé lamun ditempat nu merenah. Upamana di imah, jeung
di perpustakaan. Dumasar kana watesan nu diébréhkeun ku para ahli di luhur, bisa
dicindekkeun yén maca téh nyaéta salah sahiji kaparigelan makéna basa nu dilakukeun sarta digunakeun ku nu maca pikeun nyangkém
ma’na, ide jeung gagasan boh nu kauni boh nu nyamuni.Maca lain ngan ukur narima, tapi aktif nyangkem ma’na, ide, jeung gagasan boh
nu kauni boh nu nyamuni dina wacana.
b. Warna Maca
Warna maca bisa dipasing-pasing deui jadi tujuh rupa nyaéta: maca jero haté, maca gancang, maca téhnik, maca basa, maca éstétis,
maca kritis, jeung maca kréatip. Maca jero haté nyaéta kagiatan maca kudu nyangkem sakabéh eusi
bacaan kalawan gembleng ku jalan matalikeun eusi jeung
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
76
pangalaman sarta pangaweruh nu kapimilik ku nu maca bari teu dibarengan ku sora.
Maca gancang nyaéta kagiatan maca anu dilaksanakeun dina waktu anu singget tur gancang pikeun nyangkem gurat badag eusi bacaan.
Maca téhnik atawa maca bedas nyaéta kagiatan maca anu dilaksanakeun kalawan dibedaskeun atawa ditarikeun luyu jeung
randegan, lentong jeung wirahma. Maca basa nyaéta kagiatan maca anu miboga tujuan pikeun
ngajembaran kabeungharan kecap, mekarkeun kamampuh nyusun kalimah, nyangkem gaya basa sagemblengna, nu dimangpaatkeun
pikeun mekarkeun kamampuh basa nu maca. Maca éstétis nyaéta kagiatan maca anu miboga tujuan pikeun
nyangkem sarta ngahargaan unsur-unsur karya sastra anu éndah. Maca kritis nyaéta kagiatan maca anu miboga tujuan pikeun ngajén
unsur-unsur nu nyangkaruk dina karya sastra. Anu pamungkas nyaéta maca kréatif. Kagiatan maca anu mibanda
tujuan pikeun nyangkem ajén-inajén anu aya dina karya sastra sarta digunakeun dina kahirupan sapopoé.
Papasingan warna maca lianna, diébréhkeun ku Tarigan 1984:12, yén warna maca téh dibagi dua nyaéta: 1 maca éksténsif éksténsif
réading jeung 2 maca inténsif inténsif réading. Maca éksténsif dibagi jadi tilu nyaéta: a maca survey survay
réading; b maca saliwat skimming; jeung c maca déét superficial réading.
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
77
Sedengkeun maca intensif dibagi dua nyaéta: 1 Maca talaah eusi content study réading ngawéngku: a maca taliti close réading; b
maca pamahaman comprehensive réading; c maca kritis critical réading; jeung d maca ide réading for ideas. 2 Maca talaah basa
language study réading ngawéngku: a maca talaah basa kosta foreign language réading jeung b maca sastra literary réading.
6. Kaparigelan Nulis a. Watesan Nulis