Hakékat Rencana Pelaksanaan Pembelajaran RPP Prinsip-Prinsip Mekarkeun RPP

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 32 6. Ngajéntrékeun sarana prasarana prakték pangajaran anu nedunan standar kaamanan. 7. Ngaidéntifikasi prinsip-prinsip prakték ngajar. 8. Ngajéntrékeun tahapan prakték ngajar. 9. Ngalaksanakeun latihan prakték ngajar basa Sunda.

C. Pedaran Matéri

Ieu di handap dipedar perkara Mekarkeun RPP katut Pangajaran Basa jeung Sastra Sunda di SMP. Baca, tengétan, jeung ulik pedaranana kalawan daria, taliti, tur percaya diri. Sangkan leuwih onjoy dina ngawasa bahan, diskusikeun jeung babaturan kalawan silihargaan dina ngasongkeun pamanggih.

1. Hakékat Rencana Pelaksanaan Pembelajaran RPP

Numutkeun Permendikbud No. 22 taun 2016 ngeunaan Standar proses pada Pendidikan Dasar dan Pendidikan Menengah, RPP nyaéta rarancang pangajaran anu dimekarkeun sarta museur kana silabus. RPP téh rarancang pangajaran anu dimekarkeun sacara wincik museur kana silabus, buku téks, jeung buku tuturus guru. RPP ngawengku: a idéntitas sakolamadrasah; b idéntitas mata pelajaran; c kelasseméster; d matéri poko; e alokasi waktu; f tujuan pangajaran; g KD jeung Indikator Pencapaian Kompeténsi; h matéri pangajaran; i métode pangajaran j média pangajaran; k sumber diajar; l léngkah-léngkah pangajaran; jeung m penilaian hasil pangajaran. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 33 RPP téh rarancang kagiatan pangajaran tatap muka pikeun hiji lawungan sapoé. RPP dimekarkeun tina silabus tur niténan buku siswa jeung buku tuturus guru anu geus disiapkeun ku Kementerian Pendidikann dan Kebudayaan. Unggap-unggal guru wajib nyusun RPP bari lengkep tur sistematis sangkan pangajaran lumangsung sacara interaktif, inspiratif, gumbira, pikaresepeun, éfesién, ngamotivasi siswa pikeun aktif, sarta méré tempat anu cukup pikeun prakarsa, kréativitas, sarta mandiri luyu jeung bakat, minat, kaayaan fisik sarta psikologis siswa. RPP disusun dumasar KD atawa subtéma anu dilaksanakeun dina hiji lawungan atawa leuwih.

2. Prinsip-Prinsip Mekarkeun RPP

Prinsip-prinsip nyusun RPP dumasar Lampiran Permendikbud Nomor 22 Tahun 2016 nyaéta saperti ieu di handap. a. RPP disusun kalawan niténan béda-bédana kamampuh awal, tingkat inteléktual, minat, motivasi diajar, bakat, poténsi, kamampuh sosial, émosi, gaya diajar, kabutuh husus, gancangna diajar, kasang tukang budaya, norma, nilai, jeungatawa lingkungan siswa. b. Partisipasi aktif unggal siswa. c. Museur ka siswa. Prosés pangajaran dirarancang pikeun ngadorong motivasi, minat, kréativitas, inisiatif, kamandirian, jeung sumanget diajar, ngagunakeun pamarekan saintifik. d. Mekarkeun budaya maca jeung nulis. e. Méré unduring laku umpan balik jeung lajuning laku tindak lanjut. RPP eusina kudu ngandung rarancang umpan balik positif, pengukuhan, pengayaan, jeung rémedial f. Nekenkeun pakaitna antara KD, materi pembelajaran, kagiatan pangajaran, indikator pencapaian Kompeténsi, penilaian, jeung sumber diajar dina hiji pangalaman diajar anu gembleng. g. Akomodatif kana pembelajaran tématik-terpadu, rampak jeung mata pelajaran lianna, lintas aspék diajar, jeung karageman budaya. h. Ngamangpaatkeun téhnologi informasi jeung komunikasi TIK kalawan awor, sistematis, jeung éféktif luyu jeung situasi-kondisi. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 34

3. Komponén jeung Sistimatika RPP