PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
55
D. Kagiatan Pangajaran
Paripolah atawa aktivitas diajar nu kudu dipilampah ku Sadérék nyoko kana runtuyan kagiatan ieu di handap.
1. Niténan tujuan jeung indikator kalawan daria tur taliti. 2. Maca, nengétan, jeung ngulik pedaran bahan ngeunaan Mekarkeun RPP
katut Pangajaran Basa jeung Sastra Sunda di SMP kalawan daria, taliti, tur percaya diri.
3. Babarengan jeung babaturan ngalaksanakeun diskusi kelompok pikeun migawé LatihanKasusPancén, kalawan silihargaan upama aya
pamanggih anu béda. 4. Maca tingkesan matéri kalawan daria, taliti, tur percaya diri.
5. Néangan tur maca sacara mandiri réferénsi nu séjénna pikeun ngalengkepan LatihanKasusPancén.
6. Tanya jawab jeung fasilitator upama aya bangbaluh ngeunaan matéri dina kagiatan diajar 3.
E. LatihanKasusPancén
1. Jéntrékeun hakékat RPP 2. Idéntifikasi prinsip-prinsip mekarkeun RPP
3. Idéntifikasi komponén RPP 4. Jieun conto RPP mata pelajaran basa Sunda kalawan daria, taliti, jeung
tanggung jawab 5. Prak simulasikeun ngajar basa Sunda kalawan maké RPP anu geus
disusun dina kagiatan diajar 4
F. Tingkesan
Numutkeun Permendikbud No. 22 taun 2016 ngeunaan Standar Proses pada Pendidikan Dasar dan Pendidikan Menengah, RPP nyaéta rarancang
pangajaran anu dimekarkeun kalawan museur kana silabus. RPP nyaéta rarancang pangajaran anu dimekarkeun bari wincik kalawan museur kana
silabus, buku téks, jeung buku tuturus guru. RPP ngawengku: a idéntitas sakolamadrasah, mata pelajaran, jeung kelasseméster; b alokasi waktu; c
KI, KD, indikator pencapaian kompeténsi; d matéri pembelajaran; e
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
56
kegiatan pembelajaran; f penilaian; jeung g médiaalat, bahan, sarta sumber belajar.
Prinsip-prinsip nyusun RPP dumasar Lampiran Permendikbud Nomor 22 Tahun 2016 nyaéta: 1 RPP disusun kalawan niténan béda-bédana
kamampuh awal, tingkat inteléktual, minat, motivasi diajar, bakat, poténsi, kamampuh sosial, émosi, gaya diajar, kabutuh husus, gancangna diajar,
kasang tukang budaya, norma, nilai, jeungatawa lingkungan siswa; 2 Partisipasi aktif unggal siswa 3 Museur ka siswa. Prosés pangajaran
dirarancang pikeun ngadorong motivasi, minat, kréativitas, inisiatif, kamandirian, jeung sumanget diajar, ngagunakeun pamarekan saintifik; 4
Mekarkeun budaya maca jeung nulis; 5 Méré unduring laku umpan balik jeung lajuning laku tindak lanjut. RPP eusina kudu ngandung rarancang
umpan balik positif, pengukuhan, pengayaan, jeung rémedial; 6 Nekenkeun pakaitna antara KD, materi pembelajaran, kagiatan pangajaran, indikator
pencapaian Kompeténsi, penilaian, jeung sumber diajar dina hiji pangalaman diajar anu gembleng; 7 Akomodatif kana pembelajaran tématik-terpadu,
rampak jeung mata pelajaran lianna, lintas aspék diajar, jeung karageman budaya; jeung 8 Ngamangpaatkeun téhnologi informasi jeung komunikasi
TIK kalawan awor, sistematis, jeung éféktif luyu jeung situasi-kondisi.
Komponén jeung
Sistimatika RPP
ngawengku: 1
idéntitas sakolamadrasah; 2 idéntitas mata pelajaran; 3 kelasseméster; 4 matéri
poko; 5 alokasi waktu; 6 tujuan pangajaran; 7 KD jeung Indikator Pencapaian Kompeténsi; 8 matéri pangajaran; 9 métode pangajaran; 10
média pangajaran; 11 sumber diajar; 12 léngkah-léngkah pangajaran; jeung 13 penilaian hasil pangajaran.
Pikeun ngahontal kualitas anu geus dirarancang dina dokumén kurikulum, kagiatan diajar perlu ngagunakeun prinsip-prinsip ieu:siswa difasilitasan
pikeun néangan kanyaho, Siswa diajar tina rupa-rupa sumber diajar, prosés diajar ngagunakeun pamarekan ilmiah, pangajaran berbasis kompeténsi,
pangajaran terpadu awor, pangajaran neueul kana jawaban anu divergen anu miboga bebeneran multi dimensi, Pangajaran berbasis kaparigelan
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
57
aplikatif, Ngaronjatkeun saimbang, sinambung, jeung patalina antara hard- skills jeung soft-skills.
Pangajaran ngutamakeun siswa salaku pembelajar sepanjang hayat. Pangajaran nerapkeun nilai-nilai anu méré kataladananing ngarso sung
tulodo, ngawangun kahayang ing madyo mangun karso, jeung mekarkeun kreativitas siswadina proses pangajaran tut wuri handayani. Pangajaran
lumangsung di imah, di sakola, jeung di masyarakat. Ngamangpaatkeun tehnologi informasi jeung komunikasi pikeun ngaronjatkeun éfisiénsi jeung
efektivitas pangajaran. Ayana akuan pikeun bédana individu jeung kasang tukang budaya siswa, Suasana diajar anu pikaresepeun jeung pikabetaheun
tur bisa numuwuhkeun minat diajar.
Grade Prakték Ngajar: Kagiatan Bubuka: ngondisikeun suasana diajar anu pikagumbirakeun, ngadiskusikeun kompeténsi anu geus diajarkeun
sateuacanna anu patali jeung kompeténsi anu arek diajarkeun jeung diemekarkeun, nepikeun kompeténsi anu rek dihontal jeung dimanfaatkeun
dina kahirupan sapopoe, nepikeun gurat badag ambahan materi jeung kagiatan anu rek dilakukeun, nepikeun ambahan jeung teknik penilaian anu
rek digunakeun.
Kagiatan Inti: Kagiatan inti mangrupa proses pangajaran pikeun ngahontal kompeténsi, anu dilakukeun sacara interaktif, inspiratif, pikabungaheun,
nyumangétan siswa pikeun aktif sarta méré ruang anu cukup pikeun tumuwuhna prakarsa, kreativitas, jeung kamandirian luyu jeung bakat, minat,
jeung mekarkeun fisik sarta psikologis siswa. Kagiatan inti nerapkeun pamarekan saintifik anu luyu jeung karakteristik mata pelajaran basa Sunda
jeung siswa.
Kagiatan Panutup: Kagiatan guru bareng siswa, nyaéta: a nyieun rangkuman kacindekkna pangajaran, b ngalakukeun refleksi kana
pangajaran anugeus dilakukeun, c méré umpan balik kana proses jeung hasil pangajaran, Kagiatan guru, nyaéta: a meunteun, b ngarencanakeun
kagiatan tindak lanjut lajuning laku dina wangun pangajaran remedial, program pangayaan, layanan konseling méré tugas boh tugas individu
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
58
atawa tugas kelompok luyu jeung hasil diajar siswa, c nepikeun rancangan pangajaran pikeun pertemuan ka hareup.
G. Uji Balik jeung Lajuning Laku