PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
4
20.6.2 Menemukan unsur-unsur intrinsik dongeng. 20.7.10 Memeragakan teknik mendongeng yang baik.
C. Peta Kompeténsi
Ieu di handap ditétélakeun peta kompeténsi matéri Modul Pengembangan Keprofesian Berkelanjutan Guru Basa Sunda SMP Kelompok Kompeténsi D.
Saméméh nuluykeun maca matéri sacara gembleng, imeutan heula ieu peta kompeténsi kalawan daria.
Gambar b.1: Peta Kompeténsi
D. Ambahan Matéri
Ieu di handap ambahan matéri Modul Pengembangan Keprofesian Berkelanjutan Guru Basa Sunda SMP Kelompok Kompeténsi D:
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
5 Matéri Pédagogik
Materi 1: Kurikulum 2013 Pangajaran Basa jeung Sastra Sunda di SMP, ngawengku: 1 Rasional Mekarkeun Kurikulum 2013, 2
Nyampurnakeun pola pikir Kurikulum 2013, 3 Karakteristik Kurikulum 2013, 4 Élemén Parobahan Kurikulum 2013, 5
Standar Kompeténsi Lulusan SKL, Kompeténsi Inti KI, Kompeténsi Dasar KD, jeung Indikator Pencapaian Kompeténsi
IPK, sarta 6 Kurikulum 2013 Mata Pelajaran Muatan Lokal Basa jeung Sastra Sunda.
Matéri 2: Mekarkeun RPP katut Pangajaran Basa jeung Sastra Sunda di SMP, ngawengku: 1 Hakékat RPP, 2 Prinsip-prinsip mekarkeun
RPP, 3 Komponén RPP, 4 Léngkah-léngkah nyusun RPP, 5 Conto RPP mata pelajaran basa Sunda, jeung 6 Prakték Ngajar
Basa Sunda nu Luyu jeung Standar Kaamanan.
Matéri Profésional
Materi 3: Kaparigelan Basa Sunda, ngawengku: 1 Opat Aspék Kaparigelan Basa, 2 Tahap diajar Kaparigelan Basa, 3 Kaparigelan
Ngaregepkeun, 4 Kaparigelan Maca, 5 Kaparigelan Nulis, 6 Kaparigelan Nyarita, 7 Nyusun Bahan Ajar Kaparigelan Basa
Sunda dumasar kana Téks Anékdot, jeung 8 Nyusun Bahan Ajar Kaparigelan Basa Sunda dumasar kana Téks Prosédur Kompléks
Matéri 4: Wangun jeung Unsur Intrinsik Dongéng, ngawengku: 1 Ciri-ciri Wangun Carita Dongéng, 2 Papasingan Dongéng, 3 Unsur
Intrinsik Carita Dongéng, jeung 4 Conto Cara Ngalarapkeun Konsép Wangun jeung Unsur Intrinsik Dongéng pikeun Bahan
Pangajaran di Sakola.
E. Cara Ngagunakeun Modul
Aya sawatara hal nu perlu dititénan dina ngulik ieu modul. Kahiji, Sadérék kudu yakin yén ieu modul téh aya mangpaatna keur Sadérék. Kadua,
Sadérék kudu narékahan sangkan meunang informasi tina modul nu dibaca.
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
6
Katilu, Sadérék kudu niténan jeung migawé tiap latihan nu dipidangkeun dina tiap ahir jejer pedaran. Titénan jeung lampahkeun sakur bagian kalawan
daria. Sangkan teu poho, jieun catétan husus tina unggal bahan nu dipidangkeun. Ulah poho pigawé sakur latihan jeung évaluasi dina tiap
bagian modul.
Dina maca, nengétan, jeung ngulik bahan-bahan nu aya dina ieu modul Sadérék dipiharep pikeun maca jeung ngulik sacara sistematis tur taliti, turta
dibarung ku sikep-sikep nu némbongkeun karakter réligius, nasionalis, mandiri, gotong-royong, jeung integritas. Lamun manggihan bangbaluh dina
nyangkem bahan jeung ngajawab latihan atawa soal, Sadérék bisa sawala diskusi jeung kancamitra séjénna atawa nanya ka fasilitator.
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
7
.
KOMPETÉNSI PEDAGOGIK
KURIKULUM 2013 DINA PANGAJARAN BASA JEUNG SASTRA SUNDA DI SMP
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
8
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
9
KAGIATAN DIAJAR 1
KURIKULUM 2013 MATA PELAJARAN BASA JEUNG SASTRA SUNDA DI SMP
A. Tujuan