PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
63
Upamana waé, antara ngaregepkeun jeung maca, atawa antara nyarita jeung nulis ngarang.
Unggal-unggal kaparigelan téh tétéla merlukeun kamampuh nu mandiri deuih. Najan enya antara nyarita jeung nulis sarua pada-pada kamampuh
nu sipatna produktif, tapi dina prakna mah lain-lainna deui. Kaparigelan nulis kudu ngéstokeun padika nu aya dina basa tinulis, upamana éjahan
jeung tanda-tanda baca, tapi teu kauger ku lentong atawa wirahma, sedengkeun dina nyarita mah sabalikna.
2. Tahapan Diajar Kaparigelan Basa
Dina kahirupan sapopoé, aya dua tahapan diajar basa. Tahap kahiji diajar ngaregepkeun jeung nyarita. Kagiatan lumangsung kalawan otomatis
dilingkungan kulawarga, henteu karena diprogram atawa direncanakeun sarta lumangsung sacara lisan.
Tahap kadua; diajar maca jeung nulis. Ieu tahapan téh mangrupa tahapan anu dihaja jeung diprogram atawa direncanakeun. Ieu kagiatan téh
biasana lumangsung di sakola-sakola atawa di lembaga-lembaga formal lumangsung tinulis dibarung jeung kagiatan lisan.
Jalma anu kaganggu daya kupingna boh bawa ti kuadrat atawa balukar musibah, daya kupingna téh negatif. Akibatna kamampuh mikirna gé
kaganggu sabab daya regepna kaganggu atawa bisa jadi teu boga kamampuh mikir saperti jalma anu normal.
Jalma anu henteu mampuh ngaregepkeun balukar kurang daya regepna, geus tangtu moal boga daya atawa kaparigelan nyarita, omonganana
balélol, henteu sampurna atawa ruksak. Ku kituna lamun daya regepna kurang atawa henteu sampurna, sok komo lamun ruksak pisan mah
kaparigelan basana ogé moal sampurna. Kaparigelan ngaregepkeun jadi dasar kaparigelan nyarita, kaparigelan
basa lisan mangrupa dasar kaparigelan basa tinulis. Ngaregepkeun jeung
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
64
nyarita mangrupa dua kaparigelan basa anu henteu sarua sipatna, tapi duanana raket pisan patalina, jadi komunikasi dua arah. Éta dua
kaparigelan téh raket gumulung jadi hiji kagiatan nyarita atawa sabalikna moal aya kagiatan nyarita lamun henteu aya kagiatan ngaregepkeun.
Ngaregepkeun jeung nyarita mangrupa kaparigelan anu sipatna komunikasi langsung dua jalur atawa biasa disebut fase to fase
communication, kitu ceuk Brook dina Tarigan 1989. Jalma anu loba kagiatan macana, kalawan gampang bisa nyaritakeun
deui naon-naon anu kungsi dibacaan boh ku cara lisan atawa ku cara tinulis. Pon kitu deui jalma anu parigél ngaregepkeun, kalawan gemet
bakal bisa nerangkeun deui hasil regepanna ku cara lisan atawa ku cara tinulis. Cindekna mah éta opat kaparigelan basa téh silih tangtukeun silih
pangaruhan. Pakuat-kaitna hiji kaparigelan basa henteu bisa leupas tina kaparigelan basa séjénna. Éta opat kaparigelan basa téh bisa disebut
catur tunggal.
3. Kaparigelan Ngaregepkeun