Kateusaluyuan antara KI- Modul D PKB Bahasa Sunda untuk SMP Edisi Revisi 2017 BS SMP MODUL D 3

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 15 ngawengku KI jeung KD, nyaéta kritéria ngeunaan ambahan matéri jeung tingkat kompeténsi pikeun ngahontal kompeténsi lulusan. Standar Prosés K-13, patali jeung prosés diajar ngajar. ngagunakeun pamarekan saintifik jeung discovery learning, project-based learning, problem-based learning, inquiry learning, ngagunakeun modél pangajaran langsung direct instructional jeung teu langsung indirect instructional. Standar Penilaian K-13 méré sarat ngagunakeun penilaian autentik authentic assessment

b. Révisi Kurikulum 2013 Vérsi 20152016

Jero taun 2015, kurikulum 2013 sacara nasional ngalaman parobahan, ngawengku opat hal sakumaha tabél ieu di handap. Tabel 1. 2 Pasualan jeung Parobahan Kurikulum 2013 vérsi 20152016 No. Pasualan Parobahan 1. Kompléksitas pangajaran jeung penilaian sikep spiritual jeung sosial Panyampurnaan kompeténsi sikep spiritual jeung sosial dina unggal mata pelajaran

2. Kateusaluyuan antara KI-

KD jeung silabus katut buku pangajaran. Kohérénsi KIKD jeung nyaluyukeun dokumén pangrojongna. 3. Prak-prakan proés mikir 5M minangka modél pangajaran nu sipatna prosédural jeung mékanistis. Lolongkrang ruang kréatif pikeun guru dina prakna impléméntasi kurikulum. 4. Kawatesananna kamampuh siswa alatan taksonomi mikir nu diwatesanan unggal jenjang. Kompeténsi teu diwatesanan ku taksonomi prosés mikir anu parsial. Séwang-séwang pasualan jeung parobahan dina tabél 1.1 di luhur, ditétélakeun leuwih écés sakumaha ieu di handap. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 16 1 Saméméh ayana parobahan, guru unggal mata pelajaran dipaparinan béban moral pikeun meunteun kompeténsi sikep spiritual jeung sikep sosial. Ngaliwatan révisi 20152016, kompeténsi sikep spiritual jeung sosial teu dilakukeun sacara intrakurikulér dina unggal mata pelajaran. Katangtuan pembelajaran sikep spiritual jeung sikep sosial sabada dirévisi nyaéta: 1 dina mata pelajaran Pendidikan Agama dan Budi Pekerti jeung mata pelajaran PPKn, pembelajaran sikep spiritual jeung sikep sosial dilaksanakeun sacara langsung jeung teu langsung; 2 dina mata pelajaran lianna, pembelajaran sikep spiritual jeung sikep sosial dilaksanakeun sacara teu langsung. Cara meunteunna dumasar kana hontalan kompeténsi dasar jeung kompeténsi inti anu geus ditetepkeun, dilaksanakeun sacara teu langsung. 2 Dumasar hasil évaluasi formatif, aya pamahaman anu teu luyu balukar format-format jeung noménklatur dina Kurikulum 2013, di antarana Kompeténsi Dasar KD anu nyuméndér kana Kompeténsi Inti KI dianggap kurang logis upama dipatalikeun jeung karakteristik unggal mata pelajaran. Salian ti éta, katitén ayana inkonsisténsi antara KD, silabus, jeung buku pangajaran. Éta pasualan diungkulan ku cara révisi format silabus sangkan bisa diimpléméntasikeun ku guru kalawan gampang. Silabus diarahkeun sangkan leuwih éfisién bari henteu ngurangan substansi jeung tetep konsistén merhatikeun lingkup katut urutan tatanan pangaweruhna. Silabus ogé diarahkeun sangkan leuwih écés pedaranana patali jeung karakteristik mata pelajaranana. Format silabus anu diasongkeun ku pamaréntah ukur mangrupa conto anu bisa dimekarkeun ku guru dumassar kabutuhanana séwang-séwang. 3 Métode pangajaran jadi salasahiji pasualan anu dirévisi dina Kurikulum 2013 edisi 20152016. Sawatara guru nganggap yén métode pangajaran ngaliwatan prosés mikir 5M niténan, nanya, ngumpulkeun informasi, asosiasi, jeung ngomunikasikeun sifatna leuwih prosédural jeung mékanistis nepi ka bisa nyengker PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 17 ruang kréatif. 5M mangrupa kamampuh prosés mikir anu perlu dilatih tuluy-tumuluy sangkan siswa jadi biasa mikir saintifik. Sok sanajan kitu, 5M téh lain pamarekan pembelajaran. Ku éta hal, dina Kueikulum 2013 revisi 20152016 mah guru dipaparinan ruang kréatif jeung mibanda otonomi dina prakna prosés pangajaran sangkan bisa aktif, kalawan kontéksna yén pembelajaran saintifik lain hiji-hijina pamarekan dina pangajaran. 4 Dina Kurikulum 2013 edisi awal, tingkat kompeténsi dasar siswa di unggal jenjang atikan téh béda-béda, nyaéta SD ukur tepi kana tingkat maham, SMP nerapkeun jeung nganalisis, tur SMA ditambahan ku tingkat nyiptakeun. Ngawatesanan tingkat kompeténsi dasar sarupa kitu téh méré pangaruh kana prosés pangajaran, nepi ka aya kesan siswa anu jenjang atikananna leuwih handap prosés mikirna ogé ukur diarahkeun kana tingkatan handap asor. Ku ayana revisi 20152016, unggal siswa di unggal jenjang dibébaskeun dina ngahontal tingkat kompeténsi dasar dumasar kamampuhna tur diarahkeun bisa ngahontal tingkat anu leuwih luhur. Ku éta hal, kompeténsi pangaweruh nu diajarkeun di unggal jenjang sarua dibagi jadi opat diménsi, nyaéta diménsi faktual, konséptual, prosédural, jeung kognitif. Bedana pikeun SD, SMP, jeung SMA aya palebah kompléksitasna.

5. Standar Kompeténsi Lulusan SKL b. Wangenan jeung Tujuan SKL