Nyampurnakeun Pola Pikir dina Kurikulum 2013 Karakteristik Kurikulum 2013 Élemén Parobahan Kurikulum 2013

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 12 dina widang atikan. Indonesia ilubiung dina studi International Trends in International Mathematics and Science Study TIMSS jeung Program for International Student Assessment PISA ti taun 1999. Préstasi siswa Indonésia dina sababaraha kali laporan anu dikaluarkeun TIMSS jeung PISAteu pati alus. Ieu hal dibalukarkeun lantaran lobana matéri uji dina TIMSS jeung PISA teu aya dina kurikulum Indonésia.

2. Nyampurnakeun Pola Pikir dina Kurikulum 2013

Kurikulum 2013 dimekarkeun dumasar kana pola pikir ieu di handap. a. Ngukuhan pola diajar-ngajar nu museur ka siswa. Siswa kudu miboga kabébasan pikeun milih matéri jeung gaya diajar learning style sangkan miboga kompeténsi anu sarua. b. Ngukuhan pola diajar-ngajar interaktif, boh antara siswa jeung siswa, siswa jeung guru, siswa jeung média, boh siswa jeung sumber lingkungan. c. Ngukuhan pola diajar-ngajar sacara jejaring siswa nyuprih élmu ti saha waé jeung di mana waé ngaliwatan internét. d. Ngukuhan diajar-ngajar aktif néangan diajar-ngajar siswa aktif anu diwewegan ku pamarekan saintifik. e. Ngukuhan pola diajar mandiri jeung kelompok dumasar kana team work. f. Ngukuhan diajar-ngajar berbasis multimédia. g. Ngukuhan pola diajar-ngajar dumasar klasikal-masal bari tetep niténan mekarna poténsi siswa. h. Ngukuhan pola diajar-ngajar ilmu pangaweruh jamak multidicipplines i. Ngukuhan pola diajar-ngajar kritis.

3. Karakteristik Kurikulum 2013

Kurikulum 2013 dirancang dumasar kana karakteristik ieu di handap. a. Mekarkeun saimbangna antara sikep spiritual jeung sosial, pangaweruh, jeung kaparigelan, sarta ngalarapkeunana di sakola jeung di masarakat. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 13 b. Mérénahkeun sakola minangka bagian tina masarakat, sangkan siswa mampuh ngalarapkeun materi di sakola dina kahirupan masarakat. c. Méré lolongkrang anu laluasa pikeun mekarkeun rupa-rupa sikep, pangaweruh, jeung kaparigelan. d. Mekarkeun kompeténsi anu diébréhkeun dina wangun Kompeténsi Inti KI kelas tur diwincik deui kana Kompeténsi Dasar KD. e. Mekarkeun Kompeténsi Inti KI kelas jadi unsur pengorganisasian organicing elements KD. f. Mekarkeun KD dumasar kana prinsip kumulatif, silih wewegan reinforced,jeung ngabeungharan enriched antarmata pelajaran.

4. Élemén Parobahan Kurikulum 2013

a. Parobahan Awal

Standar Nasional Pendidikan ngawengku: Standar Kompeténsi Lulusan, Standar Isi, Standar Prosés, Standar Kependidikan, Standar Sarana dan Prasarana, Standar Pembiayaan, Standar Penilaian Pendidikan UU No. 32 Tahun 2013 ngeunaan Sisdiknas. Dina raraga mekarkeun Kurikulum 2013, tina dalapan Standar Nasional Pendidikan sakumaha anu kaunggel dina UU Sisdiknas, opat standar anu robah nyaéta: Standar Kompeténsi Lulusan SKL, Standar Isi SI, Standar Proses, jeung Standar Penilaian. Ilikan gambarna. S TANDAR K OMPETÉNSI L ULUSAN S TANDAR P ROSES S TANDAR I SI S TANDAR PENILAIAN Gambar 1. 2 Élemén Parobahan Kurikulum 2013 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 14 SKL Kurikulum 2013 SKL téh nyaéta kritéria kualifikasi kamampuh lulusan anu ngawengku: sikep, pangaweruh, jeung kaparigelan. SKL digunakeun pikeun acuan utama Standar Isi SI, Standar Proses, Standar Penilaian Pendidikan, Standar Pendidik dan Tenaga Kependidikan, Standar Sarana dan Prasarana, Standar Pengelolaan, jeung Standar Pembiayaan. SKL téh kritéria kualifikasi kamampuh siswa anu dipiharep, tur bisa dihontal sabada ngaréngsékeun. Standar Isi Kurikulum 2013 Standar Isi ngawengku KI jeung KD. SI nyaéta kritéria ngeunaan ambahan matéri jeung tingkat kompeténsi pikeun ngahontal kompeténsi lulusan dina jenjang jeung jenis pendidikan anu tangtu. SI ngawengku KI jeung KD. Standar Prosés Kurikulum 2013 Standar Proses patali jeung prosés diajar-ngajar. Pangajaran dina Kurikulum 2013 ngagunakeun pamarekan saintifik atawa pamarekan berbasis prosés kaélmuan. Pamarekan saintifik bisa ngagunakeun sababaraha stratégi saperti pangajaran kontekstual. Modél pangajaran téh hiji wangun pangajaran anu miboga ngaran, ciri, sintak, aturan, jeung budaya, saperti: discovery learning, project- based learning, problem-based learning, inquiry learning. Kurikulum 2013 ngagunakeun modus pangajaran langsung direct instructional jeung teu langsung indirect instructional. Standar Penilaian Kurikulum 2013 Standar Penilaian méré sarat ngagunakeun penilaian autentik authentic assesment. Sacara paradigmatik, penilaian autentik merlukeun pangajaran autentik authentic instruction jeung diajar autentik authentic learning. SKL K-13 téh nyaéta kritéria kualifikasi kamampuh lulusan anu ngawengku: sikep, pangaweruh, jeung kaparigelan. Standar Isi K-13 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 15 ngawengku KI jeung KD, nyaéta kritéria ngeunaan ambahan matéri jeung tingkat kompeténsi pikeun ngahontal kompeténsi lulusan. Standar Prosés K-13, patali jeung prosés diajar ngajar. ngagunakeun pamarekan saintifik jeung discovery learning, project-based learning, problem-based learning, inquiry learning, ngagunakeun modél pangajaran langsung direct instructional jeung teu langsung indirect instructional. Standar Penilaian K-13 méré sarat ngagunakeun penilaian autentik authentic assessment

b. Révisi Kurikulum 2013 Vérsi 20152016

Jero taun 2015, kurikulum 2013 sacara nasional ngalaman parobahan, ngawengku opat hal sakumaha tabél ieu di handap. Tabel 1. 2 Pasualan jeung Parobahan Kurikulum 2013 vérsi 20152016 No. Pasualan Parobahan 1. Kompléksitas pangajaran jeung penilaian sikep spiritual jeung sosial Panyampurnaan kompeténsi sikep spiritual jeung sosial dina unggal mata pelajaran

2. Kateusaluyuan antara KI-