PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
27 D. Kagiatan Pangajaran
Paripolah atawa kagiatan diajar nu kudu dipilampah ku Sadérék nyoko kana runtuyan kagiatan saperti ieu di handap.
1. Niténan tujuan jeung indikator kalawan daria tur taliti. 2. Maca, nengétan, jeung ngulik pedaran bahan ngeunaan Kurikulum 2013
dina Pangajaran Basa jeung Sastra Sunda di SMP kalawan daria, taliti, tur percaya diri.
3. Babarengan jeung babaturan ngalaksanakeun diskusi kelompok pikeun migawé LatihanKasusPancén, kalawan silihargaan upama aya
pamanggih anu béda. 4. Maca tingkesan matéri kalawan daria, taliti, tur percaya diri.
5. Néangan tur maca sacara mandiri réferénsi nu séjénna pikeun ngalengkepan LatihanKasusPancén.
6. Tanya jawab jeung fasilitator upama aya bangbaluh ngeunaan matéri dina kagiatan diajar 1.
E. LatihanKasusPancén
1. Tuliskeun rasional mekarkeun Kurikulum 2013 ditilik tina faktor internal 2. Jéntrékeun pola pikir Kurikulum 2013
3. Tuliskeun pengukuhan tata kelola kurikulum 2013 4. Tuliskeun opat élemén parobahan Kurikulum 2013 revisi taun 20152016
5. Jieun conto Indikator Pencapaian Kompeténsi tina KD ieu di handap
a Mengidentifikasi dan menganalisis unsur-unsur dan nilai-nilai dari dongeng yang dibaca dan didengar.
b Menyajikan gagasan
kreatif dalam
bentuk sajak
dan mendemonstrasikan pembacaan sajak.
F. Tingkesan
Kurikulum 2013 dimekarkeun dumasar kana ayana Pangabutuh internal jeung
éksternal. Kurikulum
2013 dimekarkeun
dumasar kana
penyempurnaan pola pikir pengukuhan : 1 pola diajar-ngajar nu museur ka siswa. Siswa kudu miboga kabébasan pikeun milih matéri jeung gaya diajar
learning style sangkan mibanda kompeténsi anu sarua, 2 pola diajar- ngajar interaktif, boh antara siswa jeung siswa, siswa jeung guru, siswa
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
28
jeung média, atawa siswa jeung sumber lingkungan, 3 pola diajar-ngajar sacara jejaring siswa nyuprih élmu ti saha waé jeungdi mana waé
ngaliwatan internét, 4 diajar-ngajar aktif néangan diajar-ngajar siswa aktif anu diwewegan ku pamarekan saintifik, 5 pola diajar mandiri jeung
kelompok dumasar kana tim work, 6 diajar-ngajar berbasis multimédia, 7 pola diajar-ngajar dumasar klasikal-masal anu tetep niténan mekarna poténsi
siswa. Pengukuhan matéri dina Kurikulum 2013 dipilampah ku cara ngurangan
jumlah matéri anu teu luyu, sarta ngajeroan jeung ngalegaan matéri anu luyu pikeun siswa.Karakteristik Kurikulum 2013 di antarana baé: 1 mekarkeun
saimbangna antara sikep spiritual jeung sosial, pangaweruh, jeung kaparigelan, sarta ngalarapkeunana dina rupa-rupa situasi di sakola jeung di
masarakat, 2 mérénahkeun sakola minangka bagian tina masarakat anu méré pangalaman diajar sangkan siswa mampuh ngalarapkeun materi
pangajaran anu dicuprih di sakola dina kahirupan masarakat. Jero taun 2015, kurikulum 2013 sacara nasional ngalaman parobahan,
ngawengku opat hal: 1 nyampurnakeun kompeténsi sikep spiritual jeung sosial dina unggal mata pelajaran, 2 kohérénsi KIKD jeung nyaluyukeun
dokumén pangrojongna, 3 lolongkrang ruang kréatif pikeun guru dina prakna impléméntasi kurikulum, jeung 4 kompeténsi teu diwatesanan ku
taksonomi prosés mikir anu parsial sabagian-sabagian.
SKL Kurikulum 2013 nyaéta kritéria ngeunaan kualifikasi kamampuh lulusan anu ngawengku: sikep, pangaweruh, jeung kaparigelan. SKL digunakeun
pikeun acuan utama Standar Isi SI, Standar Proses, Standar Penilaian Pendidikan, Standar Pendidik dan Tenaga Kependidikan, Standar Sarana
dan Prasarana, Standar Pengelolaan, dan Standar Pembiayaan. Kompeténsi Inti KI mangrupa tingkat kamampuh pikeun ngudag SKL anu kudu
dipibanda ku siswa SDMI, SMPMTs. SMAMA, jeung SMKMAK dina hiji tingkat atikan. KI dirarancang pikeun unggal kelas. Ngaliwatan KI,
sinkronisasi horizontal rupa-rupa KD antarmata pelajaran dina kelas anu sarua bisa dijaga. Kompeténsi Dasar KD dirumuskeun pikeun ngahontal
Kompeténsi Inti KI. Rumusan KD dimekarkeun ku cara niténan karakteristik
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
29
jeung kamampuh siswa. KD ngawengku opat kelompok luyu jeung kelompok KI.
G. Uji Balik jeung Lajuning Laku