PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
10
C. Pedaran Matéri
Ieu di handap dipedar perkara Kurikulum 2013 Pangajaran Basa jeung Sastra Sunda di SMP. Baca, tengétan, jeung ulik pedaranana kalawan daria,
taliti, tur percaya diri. Sangkan leuwih onjoy dina ngawasa bahan, diskusikeun jeung babaturan kalawan silihargaan dina ngasongkeun
pamanggih.
1. Rasional Mekarkeun Kurikulum 2013
Undang-Undang Nomer 20 taun 2003 ngeunaan Sistem Pendidikan Nasional nétélakeun yén kurikulum nyaéta rarancang jeung aturan
ngeunaan tujuan, eusi, sarta bahan pangajaran sarta cara anu digunakeun pikeun padoman lumangsungna kagiatan pangajaran keur
ngahontal tujuan pendidikan anu tangtu. Dumasar kana wangenan di luhur, aya dua diménsi kurikulum. Kahiji
nyaéta rarancang jeung aturan ngeunaan tujuan, eusi, jeung bahan pangajaran. Kadua, cara anu digunakeun pikeun kagiatan pangajaran.
Kurikulum 2013 mimiti dilarapkeun taun ajaran 20132014 pikeun nedunan dua diménsi di luhur.Kurikulum 2013 dimekarkeun dumasar
kana ayana pangabutuh internal jeung éksternal. Ieu dua faktor téh baris dipedar di handap.
a. Pangabutuh Internal
Pangabutuh internal raket patalina jeung kaayaan kondisi pendidikan utamana patali jeung pameredih atikan anu museur kana dalapan
Standar Nasional Pendidikan nu ngawengku: Standar Isi, Standar Prosés, Standar Kompeténsi Lulusan, Standar Pendidik dan Tenaga
Kependidikan, Standar Sarana dan Prasarana, Standar Pengelolaan, Standar Pembiayaan, sarta Standar Penilaian Pendidikan. Pangabutuh
internal raket patalina jeung mekarna jumlah penduduk Indonésia hususna tina tumuwuhna penduduk umur produktif.
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
11
Danget ayeuna jumlah penduduk Indonésia umur produktif 15-64 taun leuwih loba batan umur anu teu produktif 0-14 taun jeung kolot umur 65
ka luhur. Jumlah umur produktif bakal nepi kana puncakna dina taun 2020-2035, nu angkana nepi ka 70. Ku kituna, masalah gedé anu
disanghareupan téh nyaéta kumaha carana narékahan sangkan sumberdaya manusa umur produktif anu loba téh bisa ditransformasikeun
nepi ka jadi sumber daya manusa anu mibanda kompeténsi jeung kaparigelan ngaliwatan atikan, sarta henteu ngabeungbeuratan nagara.
Gambar 1.1 Rasional Mekarkeun Kurikulum 2013
b. Pangabutuh Éksternal
Pangabutuh éksternal raket patalina jeung arus globalisasi sarta rupa- rupa isu ngeunaan masalah lingkungan hidup, kamajuan téhnologi jeung
informasi, nguliatna industri kréatif jeung budaya, sarta mekarna atikan di tingkat internasional. Arus globalisasi baris ngagésér pola hirup
masarakat tina agraris jeung perniagaan tradisional kana masarakat industri jeung perdagangan modérn saperti World Trade Organiéation
WTO, Association of Southeast Asian Nations ASEAN Community, Asia-Pacific Economic Cooperation APEC, jeung ASEAN Free Trade
Area AFTA. Pangabutuh éksternal raket patalina jeung ngagésérna ékonomi dunya,
pangaruh tina héabna teknosains jeung mutu, invéstasi, sarta trasformasi Rasional
Mekarkeun Kurikulum
Tantangan Eksternal
Tantangan Internal
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
12
dina widang atikan. Indonesia ilubiung dina studi International Trends in International Mathematics and Science Study TIMSS jeung Program for
International Student Assessment PISA ti taun 1999. Préstasi siswa Indonésia dina sababaraha kali laporan anu dikaluarkeun TIMSS jeung
PISAteu pati alus. Ieu hal dibalukarkeun lantaran lobana matéri uji dina TIMSS jeung PISA teu aya dina kurikulum Indonésia.
2. Nyampurnakeun Pola Pikir dina Kurikulum 2013