Ngabédakeun Carpon jeung Dongéng Fiksimini Sunda

103 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SMAMASMKMAK Kelas X

D. Ngabédakeun Carpon jeung Dongéng

Carpon jeung dongéng téh caritana mah papada pondok. Henteu panjang siga novel apan. Naon bédana atuh jeung carita dongéng anu sarua parondok? Aya hal-hal anu ngabédakeun antara carpon jeung carita dongéng. Titénan tabél ieu di handap, sarta lengkepan ku hidep. Dongéng Carpon Awalna sumebarna téh lisan, ti omong ka omong. Euweuh atawa teu kapaluruh anu ngarangna. Mun aya buku dongéng, éta téh tangtu hasil nyalin jalma nu ngumpulkeunana. ……………………….. Caritana pamohalan, loba bohongna, atawa teu kaharti ku akal. Matak teu anéh sasatoan bisa ngomong, atawa tokohna bisa siluman atawa jin. ………………………. Palakuna bisa naon baé. Bisa manusa, sato, tutuwuhan, atawa barang. Sato, tutuwuhan, atawa barang dina dongéng mah bisa nyarita jeung mikir kawas manusa. ……………………….

E. Fiksimini Sunda

Lian ti carpon anu ngagambarkeun carita nu réalistik, aya deui carita anu leuwih pondok. Ngaranna iksimini. Éta istilah téh tina basa Inggris: mini iction. Lantaran karanganana anu pondok pisan aya nu diwangun kurang ti 300 kecap, malah aya nu kurang ti 50 kecap sok disebut ogé micro iction, lash iction, jeung ive minute iction. Biasana tungtungna téh ngandung rénjagan atawa dipungkas ku hal anu teu disangka-sangka. Ku hal éta iksimini sok disebut ogé sudden iction iksi ujug-ujug. Ieu wangun karangan téh mimiti populér sabada Nunu Nazarudin Azhar nyieun grup iksimini Sunda dina ramatloka facebook, taun 2011. Réa anu nulis iksimini Sunda di dinya malah aya anu geus dibukukeun. Pancén 2 104 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SMAMASMKMAK Kelas X Nepi ka taun 2013, teu kurang ti 10 judul buku iksimini Sunda anu geus diterbitkeun. Singhoréng, galagat resep nulis jeung maca iksimini téh lain di urang baé. Katompérnakeun, iksimini populér di mana-mana, kaasup di mancanagara. Sigana baé, wangun iksimini cocog keur kahirupan manusa kiwari anu sarwa sibuk jeung sarwa hayang ringkes. Ieu di handap sawatara conto iksimini Sunda nu kungsi ditulis dina grup iksimini Sunda di ramatloka facebook. Tiluanana dicutat tina www.ikminsunda.com. Titénan geura Lebaran Ahéng Hadi AKS Reg ngarandeg. Maleman lebaran. Mobil nu nyalemprung muru lembur pangbalikan. Para panumpang nu arimut rék dipapag kulawarga. Ngaheunggeu palebah dinya. Tadina tingraringeuh, sugan ukur macét biasa. Basa turun saurang, duaan. Gusti…horéng gerbong karéta malang. Tiguling. Ngarahuh saréréa. Wanci janari. Lebaran kari opat jam deui. Brul tina beus tarurun. Tina kendaraan pribadi, nungtutan kaluar. Nu luh-lah, tinggorowok jeung tingcakakak. “Tah, nu kieu ngaranna mudik, daaak” cek saurang. Breng tuluy ngawangkong jeung nu lian. “Naon teu bisa disingkahkeun gerbongna, Kang?” ceuk si Euceu bari nginghak. “Bagooor Euceu mah, mending lebaran di dieu uingah tibatan ngagogotong gerbong” Ger sareuri. Aya nu ngampar samak. Brak murak bebekelan. Sada nu takbir ti kajauhan karasa ngagerihan. Bray beurang. Bring sarolat Iéd di tegalan. Réngsé solat, tuluy aleut-aleutan sasalaman, “Hapunten samudaya kalepatan” Mapay jalan. Nepungan panumpang nu nguyung. Nu careurik. “Jaga kieu di ahérat. Urang tepung jeung papada, nu teu kungsi wawuh” ceuk si nini bari rambisak. 105 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SMAMASMKMAK Kelas X 1. Pék paluruh dina kamus atawa dina internét, naon saenyana anu disebut iksi téh? Tuluy jéntrékeun ku hidep, kunaon tilu karangan di luhur disebut iksi? 2. Fiksimini téh sasat wangun carpon anu leuwih pondok short-short story. Hartina, ari unsur- unsurna mah masih kénéh siga carita pondok. Pék paluruh, naha unsur-unsur carita pondok téma, palaku, galur, jst. masih nyampak dina iksi mini? 3. Diterangkeun di luhur yén iksimini téh sok disebut ogé sudden iction lantaran sok ngandung rénjagan atawa dina bagin ahirna sok dipungkas ku hal nu teu disangka-sangka. Naha enya dina iksimini Sunda di luhur ogé ngandung rénjagan? 4. Pék itung, diwangun ku sabaraha kecap iksimini di luhur téh?

F. Nganalsisi Carpon