Nganalisis Téks Biantara

9 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SMAMASMKMAK Kelas X Keur ngalatih kamampuh biantara urang, geura cobaan téks biantara di luhur téh baca bari digalan-tangkeun. Dina ngagalantangkeun téks biantara, cobaan ngalarapkeun padika T-A-M-A-N téa. Tangtu baé gaya nepikeun biantara téh teu kudu sarua, da kudu diluyukeun jeung kaayaanana. Upamana baé, dina biantara ka-1 mah urang kudu sumanget, lantaran perkara ancaman narkoba téh kudu diperangan ku saréréa. Sabalikna, dina biantara ka-2 mah sigana kudu leuleuy baé, lantaran situasina béda, nyaéta nepikeun kabeungbeurat haté pédah kudu papisah jeung babaturan, Ibu ogé Bapa Guru. Papadaning kitu, ari soal tatag jeung ngandung wirahmana mah tetep kudu diéstokeun. Kalimah-kalimah Pinilih “Hana nguni hana mangké, tan hana nguni tan hana mangké. Aya ma baheula aya tu ayeuna. Hanteu ma baheula hanteu tu ayeuna. Hana tunggak hana watang, tan hana tunggak tan hana watang. Hana ma tunggulna, aya tu catangna Aya baheula aya jaga, lamun teu aya baheula moal aya jaga. Aya baheula aya ayeuna. Lamun teu aya baheula moal aya ayeuna. Aya iteuk aya dahan, lamun teu aya iteuk moal aya dahan. Lamun aya tunggul tangtu aya urut tangkalna” Naskah kuno Amanat Galunggung “Manuk hiber ku jangjangna, jalma hirup ku akalna” paribasa Sunda.

D. Nganalisis Téks Biantara

Titénan deui biantara ieu di handap Assalamu’alaikum wr. wb., Sadaya puji kagungan Alloh nu murbéng alam. Solawat sinareng salam mugi dikocorkeun ka jungjunan urang sadaya, Nabi Muhammad saw. Pancén 2 10 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SMAMASMKMAK Kelas X Ibu sareng Bapa Guru hormateun sim kuring. Dinten ieu téh kalintang bagjana kanggo sim kuring saparakanca. Tapi deuih janten dinten anu kalintang pikasediheun. Bagja wiréh sim kuring saparakanca tiasa lulus, sedih da apan sim kuring saparakanca kedah ngantunkeun ieu sakola, ogé ngantunkeun Ibu sareng Bapa Guru. Mungguh waktos asa teu karaos jolna sareng miangna. Dina sawangan téh asa kamari sim kuring lebet ka ieu sakola, diasuh ku sepuh. Teras milih-milih réréncangan, milih-milih kabetah, sareng ngalalanyahan mikawanoh guru-guru. Ayeuna, asa sajorélat pisan, geus dugi deui ka ahir taun katilu. Teu karaos, tos tilu taun sim kuring saparakanca sakola di dieu, ayeuna kedah dikantunkeun. Salami tilu taun sim kuring nyuprih élmu di dieu, seueur pisan pangalaman-pangalaman anu moal tiasa kahihilapkeun. Boh nu amisna boh nu paitna. Utamina pangalaman-pangalaman diajar sareng Ibu kalih Bapa Guru. éta sadayana bakal teras nyantél dina panineungan, manjang hikmahna, gedé ajénna. Atuh tangtos deuih, salami sim kuring diajar di ieu sakola, seueur pisan paripolah sim kuring saparakanca anu matak ngajaheutkeun manah Ibu sareng Bapa Guru. Dalah ku sim kuring saparakanca karaos pisan, ma’lum nuju kumincir. Namung karaos deuih kumaha welas asihna Ibu sareng Bapa ngasuh barudak balangor sapertos sim kuring. Ku margi kitu, mugi Ibu sareng Bapa Guru luntur galih kersa ngahapunten sim kuring saparakanca. Ibu sareng Bapa Guru hormateun sim kuring. Teu hilap sim kuring saparakanca nyuhunkeun pidu’a, mugi-mugi sim kuring saparakanca sing teras kersa junun diajar, teras sumanget Sumber: dokumen pribadi 11 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SMAMASMKMAK Kelas X ngulik harti nyukcruk élmu dugi ka jucungna, ngarah naon anu dicita-citakeun ku sim kuring saparakanca kahontal sareng tinekanan. Neda pidu’a supados sim kuring saparakanca ginulur rahayu, tug dugi ka tiasa mandiri ngokolakeun hirup sorangan. Bapa, Ibu… Wilujeng kantun. Mugi kasaéan Ibu sareng Bapa dina ngadidik sim kuring saparakanca janten amal ibadah ka Alloh SWT. Da sim kuring saparakanca tinangtos moal tiasa males kana éta kasaéan. Mung badé neneda baé ka Gusti Nu Maha Suci, mugi naon-naon anu tos dipasihkeun ku Ibu sareng Bapa kalayan iklas ka sim kuring saparakanca, dipulang ku ganjaran anu manglipet-lipet ageungna. Wilujeng kantun Ibu. Wilujeng kantun Bapa. Mung du’a anu ku sim kuring diteda sareng sihapunten anu kasuhun. Mugi Gusti nangtayungan. Wassalamu’alaikum wr. wb. Pék diskusikeun sarta analisis biantara di luhur ku ngajawab pertanyaan ieu di handap 1. Mana bagian bubuka, eusi, jeung panutup biantara di luhur? Cirian atawa nomeran, paragraf mana baé baé nu jadi bagian bubukana, paragraf mana nu jadi eusina, sarta paragraf mana nu jadi panutupna 2. Tuliskeun kekecapan nu aya dina biantara di luhur, anu urang kurang pati paham hartina. Susun jadi glosarium, tuluy téangan hartina dina kamus basa Sunda. Keur conto, formatna bisa kieu: murbéng = nu ngawasa kalintang = kacida saparakanca = . . . . Pancén 3 12 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SMAMASMKMAK Kelas X wiréh = . . . . miang = . . . . sawangan = . . . . ngalalanyahan = . . . . 3. Kumaha hadéna lamun urang ngagalantangkeun biantara di luhur? Naha kudu maké gaya anu sumanget, gaya anu leuleuy, atawa gaya nu séjénna? Jelaskeun alesanana Sangkan leuwih kararampa kumaha gaya anu cocog jeung biantara di luhur, alusna cobaan digalantangkeun heula. Tuluy cirian, lebah mana upamana nu cara ngucapkeunana rada bedas, lebah mana anu kudu leuleuy. Sangkan leuwih paham kana struktur jeung padika biantara, pék téangan conto biantara séjén, boh nu mangrupa téks atawa biantara lisan tina rékaman. Sumberna bisa tina buku, internét, atawa rékaman CD kasét. Tuluy analisis ku sorangan. Alat analisisna mah paké baé tilu pertanyaan di luhur, anu ngawengku analisis struktur, basa, jeung gaya. Tuliskeun hasil analisis hidep dina buku catétan masing-masing, bari dibarengan lampiran biantarana.

E. Nepikeun Biantara