Mikawanoh Puisi Guguritan Buku Bahasa Sunda Siswa SD MI SMP MTs SMA SMK MA MAK Lengkap Kelas 10 PDF 2014

117 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SMAMASMKMAK Kelas X 7. Dina pada kalima pada pamungkas aya métapora anu alus pisan, yén cenah urang hirup téh siga keur tumpak parahu di tengah jaladri ombak. Mun ura- ng bisa ngajaga diri, hirup urang moal nepi ka sang- sara. Cing tafsirkeun maké logika urang sorangan, naon maksud éta métapora téh 8. Guguritan téh sasat kagolong kana wangun puisi. Pék jelaskeun, naon sababna

B. Mikawanoh Puisi Guguritan

Guguritan téh kagolong kana puisi, nyaéta wangun sastra nu kauger ku patokan-patokan. Conto puisi séjénna nyaéta sisindiran, jangjawokan, kakawihan, pupujian, jeung sajaba ti éta. Ceuk Ajip Rosidi guguritan téh pangaruh ti Mataram, Jawa. Populérna jaman saméméh perang. Harita mah loba pisan karangan atawa buku guguritan anu terbit. Ku populér-populérna, nulis surat ogé jaman harita mah loba nu disusun maké guguritan. Tapi sabada aya sajak anu sok disebut puisi modérn, kabiasaan ngarang guguitan téh – atawa sok disebut ogé ngadangding – mimiti ngurangan. Parandéné kitu, sok aya kénéh anu ayeuna ngadang- ding, boh keur muatkeuneun dina koran atawa majalah, boh keur bukukeuneun. Upamana aya buku Jamparing Hariring, kumpulan guguritan Dédy Windyagiri nu diterbitkeun taun 1991. Aya deui buku Guguritan Munggah Haji karangan Yus Rusyana nu terbit taun 1995. Dyah Padmini nulis buku Jaladri Tingtrim, nu terbit taun 2000. Guguritan téh puisi nu dianggit maké patokan pupuh. Ari pupuh jumlahna aya 17, nu populér di antarana baé kinanti, asmarandana, sinom, dangdanggula, pangkur, mijil, jeung wirangrong. éta nu 17 téh boga watek jeung patokan séwang-séwangan. Titénan tabélna. 118 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SMAMASMKMAK Kelas X Pupuh Watek Guru lagu guru wilangan Kinanti Ngadago,nganti- nganti, aya nu diarep-arep, prihatin 8u, 8i, 8a, 8i, 8a, 8i Asmarandana Silih asih, kasmaran 8i, 8a, 8éo, 8a, 7a, 8u, 8a Dangdanggula Agung, agem 10i, 10a, 8oé, 7u, 9i, 7a, 6u, 8a, 12i, 7a Sinom Senang, gumbira 8a, 8i, 8a, 8i, 7i, 8u, 7a, 8i, 12a Pangkur Keuheul, lumampah 8a, 11i, 8u, 7a, 12u, 8a, 8i Mijil Simpé, bingung, sedih 10i, 6o, 10é, 10i, 6i, 6u Durma Napsu, perang 12a, 7i, 6a, 7a, 8i, 5a, 7i Maskumambang Nyeri, nalangsa, peurih 12i, 6a, 8i, 8a pucung Piwuruk, banyol 12u, 6a, 8io,12a Balakbak Heureuy, pikaseurieun 15é, 15é, 15é Magatru Prihatin, lulucon 12u, 8i, 8u, 8i, 8o Wirangrong éra, wirang 8i, 8o, 8u, 8i, 8a, 8a Gambuh Bingung, samar polah 7u, 10u, 12i, 8u, 8o Ladrang Banyol, heureuy 10i, 4a, 8i, 12a Lambang Heureuy leuwih mijah batan balakbak jeung ladrang 8a, 8a, 8a, 8a Gurisa Tamba kesel, pangangguran 8a, 8a, 8a, 8a, 8a, 8a, 8a, 8a Jurudemung Kaduhung, hanjelu 8a, 8u, 6i, 8a, 8u Lian ti guguritan, karangan anu disusun maké patokan pupuh téh aya deui, nyaéta wawacan. Bédana, guguritan mah siga sajak, pondok baé jeung biasana ditulis dina hiji atawa dua pupuh, ari wawacan mah panjang jeung ngalalakon siga novel. Pupuh nu digunakeunana dina wawacan mah réa deuih, luyu jeung suasana carita. Malah mah jumlah 119 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SMAMASMKMAK Kelas X padana ogé aya nu ngaratus atawa nepi ka mangrébu-rébu siga wawacan Purnama Alam karangan R. Suriadiredja. Tadi téa, guguritan mah siga sajak, pondok jeung umumna dianggit ku hiji pupuh baé. Eusina biasana ngébréhkeun pikiran, harepan, rasa, atawa angen-angen. Guguritan “Asih Indung” anu dicontokeun di luhur, upamana, ngébréhkeun harepan indung ka anakna. Ari patokan dangdingna kieu: Guguritanana Jml engang Guru wilangan Sora tungtung Guru lagu Néléngnéngkung asih indung 8 u nu ngayuga beurang peuting 8 i beurang dijaga kamelang 8 a peuting dijaring kaéling 8 i muga manjang dina beurang 8 a muga éling dina peuting 8 i Nilik kana pola engang jeung sora tungtungna, tur lamun diluyuken jeung katerangan tabél di luhur, éta guguritan téh luyu jeung pola pupuh kinanti, anu polana patokanana 8-u, 8-i, 8-a, 8-i, 8-a, jeung 8-i. Naon sababna dikarang maké pola pupuh kinanti? Bisa jadi eusi guguritanana ngébréhkeun harepan indung nu dianti-anti ti putrana. Ku sabab nganti-nganti, nya dianggap cocog lamun dikarang maké pupuh kinanti.

C. Nganalisis Puisi Guguritan