119
Pamekar Diajar
BASA SUNDA
Pikeun Murid SMAMASMKMAK Kelas X
padana ogé aya nu ngaratus atawa nepi ka mangrébu-rébu siga wawacan
Purnama Alam karangan R. Suriadiredja. Tadi téa, guguritan mah siga sajak, pondok jeung
umumna dianggit ku hiji pupuh baé. Eusina biasana ngébréhkeun pikiran, harepan, rasa, atawa angen-angen.
Guguritan “Asih Indung” anu dicontokeun di luhur, upamana, ngébréhkeun harepan indung ka anakna. Ari
patokan dangdingna kieu:
Guguritanana Jml engang
Guru wilangan Sora tungtung
Guru lagu
Néléngnéngkung asih indung 8
u nu ngayuga beurang peuting
8 i
beurang dijaga kamelang 8
a peuting dijaring kaéling
8 i
muga manjang dina beurang 8
a muga éling dina peuting
8 i
Nilik kana pola engang jeung sora tungtungna, tur lamun diluyuken jeung katerangan tabél di luhur,
éta guguritan téh luyu jeung pola pupuh kinanti, anu polana patokanana 8-u, 8-i, 8-a, 8-i, 8-a, jeung 8-i. Naon
sababna dikarang maké pola pupuh kinanti? Bisa jadi eusi guguritanana ngébréhkeun harepan indung nu dianti-anti
ti putrana. Ku sabab nganti-nganti, nya dianggap cocog lamun dikarang maké pupuh kinanti.
C. Nganalisis Puisi Guguritan
Ieu di handap aya deui conto guguritan bacaeun hidep. Pék analisis. Alata analisisna aya dina pancén 2.
Saméméhna pék baca heula puisi guguritanana masing gemet, atawa mun bisa mah bari ditembangkeun
120
Pamekar Diajar
BASA SUNDA
Pikeun Murid SMAMASMKMAK Kelas X
Nimat Teuing Cai Jamjam
Yus Rusyana
Hérang teuing cai jamjam diuyup karasa tiis
mani nyecep kana badan nyerep kana tulang sandi
saregot tambah deui mépés késang anu juuh
lantaran leumpang gancang urut tawap ujag-ajig
awak seger karasa jagjag waringkas Nimat teuing cai jamjam
pusaka nabi Ismail jeung Ibuna Siti hajar
anu halabhab nunggelis turun milari cai
ka léngkob batu taringgul ihtiarna ijabah
tina lemah bijil cai cai jamjam sapanjang jaman teu saat
Ku bagja teuing jamaah nu kiwari munggah haji
tinggal regot mun hanaang teu hésé néangan cai
teu kudu nimba deui cai jamjjam ngocor ngucur
diinum juta jalma dibekel ka mana mendi
dibaroro ku sadaya kadang warga Ku deudeuh teuing Pangéran
ka mahluk teu pilih kasih nyuguhan ku kanimatan
121
Pamekar Diajar
BASA SUNDA
Pikeun Murid SMAMASMKMAK Kelas X
nimat rasa cai wening sareng sadia deui
cawisan du’a nu nginum élmu anu mangpaat
reujeung kajembaran rijki cageur bageur nugraha kawalagrian
Dicutat tina buku Guguritan Munggah Haji karangan Yus Rusyana, diterbitkeun ku CV Geger Sunten Bandung
taun 1995, kaca 28-29.
Pigawé pancén ieu di handap ku kelompok
1. Pék diskusikeun, dikarang dina pupuh naon éta
guguritan téh? Keur mikanyaho dikarang ku pupuh naon-naonna, analisis jumlah padalisan dina sapa-
dana jeung jumlah engang unggal padalisanana guru wilangan, sarta tungtung unggal barisna. Dadarkeun
dina tabél siga ieu di handap. Hasilna bandingkeun jeung padika cara ngadangding di luhur
Rumpakana Guru Lagu
Guru Wilanganana
Pupuhna
Hérang teuing cai jamjam diuyup karasa tiis
mani nyecep kana badan nyerep kana tulang sandi
saregot tambah deui mépés késang anu juuh
lantaran leumpang gancang urut tawap ujag-ajig
awak seger karasa jagjag waringkas ……………
…………… ……………
…………… ……………
…………… ……………
…………… ……………
……………
2. Réa kecap dina guguritan anu mémang rada
arkhaik kabaheulaan. Pék paluruh hartina ku cara nyusun
éta kekecapan nu hidep tacan ngarti jadi hiji glosar-
Pancén 2
122
Pamekar Diajar
BASA SUNDA
Pikeun Murid SMAMASMKMAK Kelas X
ium kamus alit, sarta téangan hartina dina kamus. Sanggeus kekecapanana kaharti, cing parapraseu-
keun eusi éta guguritan téh maké kekecapan hidep sorangan.
3. Naha anu dicaritakeun dina guguritan di luhur téh
luyu jeung watek pupuhna? Tingali tabel pupuh, pa- tokan jeung watekna.
4. Kumaha kesan hidep sabada macangabandungan
guguritan “Nimat Teuing Cai Jamjam” téh? Pék jie- un koméntar singget kana éta guguritan.
5. Saenyana, naon anu dicaritakeun ku éta guguritan
téh pangalaman hiji jalma. Pangalaman naon jeung pangalaman di mana éta téh?
Pék téangan guguritan séjén. Sumberna bisa tina buku, koran atawa majalah, bisa ogé ditéangan dina internét.
Pék analisis pupuh jeung patokanana, jejer eusina, sarta luyu henteuna jeung watek pupuh nu digunakeunana
Conto-conto buku guguritan. Sumber: dokumen pribadi
Pancén 3
123
Pamekar Diajar
BASA SUNDA
Pikeun Murid SMAMASMKMAK Kelas X
D. Ngarang jeung Nembangkeun Guguritan