Nyangkem Struktur Biantara Buku Bahasa Sunda Siswa SD MI SMP MTs SMA SMK MA MAK Lengkap Kelas 10 PDF 2014

6 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SMAMASMKMAK Kelas X

B. Nyangkem Struktur Biantara

Biantara téh umumna mah diomongkeun dilisan- keun. Tapi aya ogé anu ditulis tuluy dibacakeun. Boh anu ditulis boh anu dilisankeun, runtuyan babagianana mah sarua baé, nyaéta aya bubuka, eusi, jeung aya bagian panutupna. Dina bagian bubuka, dimimitian ku nepikeun salam pamuka. Bisa ku assalamu’alaikum atawa ku salam kawilujengan. Aya ogé anu sok ditambahan ku sampurasun. Ti dinya ditéma ku mukadimah, kitu gé mungguh keur muslim, nyaéta bubuka anu dieusi ku omongan muji ka Pangéran jeung nepikeun solawat ka Rosululloh da mun ngabandungan urang Barat biantara mah geuning sok sarwa singget. Ti dinya ditéma deui ku nepikeun panghormat ka hadirin anu ngaluuhan acara sarta ngahaturkeun nuhun ka girang acara anu geus méré kasempetan ka dirina pikeun nepikeun biantara. Ari dina bagian eusi mah ngadadarkeun saniskara maksud nu biantara. Contona, lamun biantara anu ditulis ku urang keur ditepikeun dina acara paturay-tineung kelas IX, eusina bisa ngawilujengkeun ka nu rék ninggalkeun sakola, ngadu’akeun sangkan bisa neruskeun sakola ka nu leuwih luhur, atawa bisa ogé nembrakkeun rasa sedih pédah rék papisah. Biantara dipungkas ku bagian panutup anu biasana ngawengku sanduk-sanduk bisi salila cacarita aya kekecapan anu salah atawa teu merenah. Tuluy ditéma ku ngahaturkeun nuhun ka hadirin anu geus saregep ngabandungan biantara. Ti dinya nepikeun du’a jeung salam panutup. Aturan anu didadarkeun di luhur téh runtuyanana teu salawasna kudu matok siga kitu. Sok aya biantara anu nyokot singgetna baé. Conto biantara di luhur, kaasup biantara anu nyokot singgetna baé. Geura urang imeutan deui conto omonganana: 7 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SMAMASMKMAK Kelas X Assalamu’alaikum wr. wb., Salam pamuka. Sadaya puji kagungan Alloh nu murbéng alam. Solawat sinareng salam mugi dilimpahkeun ka jungjunan urang sadaya, Nabi Muhammad saw. Mukadimah. Ibu sareng Bapa Guru hormateun sim kuring. Ngahaturkeun pangwilujeng ka nu hadir. Dinten ieu téh kalintang bagjana kanggo sim kuring sadaya. Ogé janten dinten anu kalintang pikasediheunana. Bagja wiréh sim kuring sadaya tiasa lulus, sedih da apan sim kuring sadaya kedah ngarantunkeun ieu sakola, ogé ngantunkeun Ibu sareng Bapa Guru...... jst. Eusi biantara. Wilujeng kantun Ibu. Wilujeng kantun Bapa.... mung du’a anu ku sim kuring diteda sareng sihapunten anu kasuhun. Mugi Gusti nangtayungan. Sanduk-sanduk ménta dihampura jeung nepikeun du’a. Assalamu’alaikum wr. wb., Salam panutup.

C. Neuleuman Padika Biantara