Ngarang Carpon atawa Fiksimini

111 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SMAMASMKMAK Kelas X

G. Ngarang Carpon atawa Fiksimini

Sabada hidep macaan sawatara judul carpon jeung iksimini, sarta ngaanalisis eusina, tangtu hidep jadi leuwih paham naon anu disebut carita pondok atawa iksimini téh. Ayeuna cing cobaan ngarang hiji carita pondok atawa iksimini. Minangka karya nu rék dikarang, duanana gé boga kaunggulan jeung kahéngkéran. Mun urang milih carpon kaunggulanana téh laluasa ngagambarkeun atawa medar carita, sedengkeun dina iksi mini mah heureut pisan lahanna. Sabalikna, ku iksimini anu lahanna heureut urang bisa nyieun carita anu pepel atawa nyiptakeun rénjagan. Boh ngarang carpon boh ngarang iksimini aturanana mah sarua baé. Ieu di antara padika keur ngarang carpon atawa iksimini. 1. Téma carpon atawa iksimini urang bisa naon baé. Bisa téma kulawarga, sosial, réligi, cinta, kateuadilan, jeung sajabana. 2. Ulah dimimitian siga dongéng. Maksudna, ulah maké kalimah “jaman baheula” atawa “kacaturkeun aya….”. Urang bisa ngamimitian ngarang carpon ku ngalukiskeun suasana, medar sipat tokohna, atawa nerangkeun kajadian nu keur lumangsung. Contona, “Dangdaunan téh aralum, siga haténa harita nu keur sedih…..”, jeung saterusna. Atawa, “Teu disangka-sangka éta kajadian téh kudu kaalaman ku manéhna…,” jeung saterusna. 3. Dina carpon mah ulah sagala dicaritakeun. Poko- pokona baé, atawa nu pentingna baé. Masing inget, lahan carpon mah heureut. Kajadianana kudu tunggal sarta konlikna ogé kudu basajan. Papadaning kitu, masalahna mah bisa gedé atawa rohaka. 4. Hésé ngamimitian ngarang? Euweuh ilham? Cenah Pancén 5 112 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SMAMASMKMAK Kelas X bahan karangan keur carpon urang nu pangbabarina nyaéta pangalaman pribadi. Tapi lain hartina ukur catetan poéan atawa siga nulis dina buku diary. Carpon mah – sanajan bahanna tina nu katempo, kaalaman, atawa karasa ku urang – angger kudu diréka deui minangka iksi hayalan. 5. Sangkan carpon atawa iksimini urang henteu monoton, selapan ku dialog antara tokoh-tokohna. Dialogna ogé cokot baé anu perluna. 6. Ulah aya unsur-unsur pamohalan siga dina dongéng. Carpon atawa iksimini mah kudu réalistik. 7. Judulan karangan urang masing alus tur éta judul téh bisa ngahudang kapanasaran batur pikeun maca karangan urang. 8. Aya piwuruk Barnéji, pangarang sohor ti India, cenah “seuneu téh dilahirkeun ku seuneu, mustahil urang hayang ngahurungkeun obor ku cara ngabebeskeun éta obor kana lebu anu tiis”. Hartina, mun hayang bisa ngarang carita anu hébat, urang kudu loba macaan karya-karya anu hébat. Ku kituna, méméh ngarang alusna mah macaan heula carpon-carpon atawa iksimini anu hébat. Prak pigawé. Alusna engké karya ti unggal siswa téh diihijikeun sarta dijilid, nepi ka urang boga antologi atanapi kumpulan karya carita pondok meunang babaturan sakelas. PA N G AJ A R A N GUGURITAN 113 Sumber: dokumen pribadi 114 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SMAMASMKMAK Kelas X Éling-eling mangka éling rumingkang di bumi alam darma wawayangan baé raga taya pangawasa mun kasasar lampah napsu nu matak kaduhung badan anu katempuhan Hirup urang téh wawayangan, raga urang taya pangawasa. Kitu ceuk puisi di luhur téh. Mun dihartikeun mah, hirup urang téh siga wayang nu diulinkeun ku dalang. Ari dalang urang nyaéta Gusti Nu Maha Kawasa. Hirup urang, paéh urang, aya dina kakawasaan Anjeunna. Panjang kénéh éta puisi téh, jeung kawentar pisan, dalah nepi ka ayeuna. Pangpangna sempalanana anu dicutat di luhur. éta téh saéstuna pada kahiji guguritan nu judulna “Lahir Batin” dina pupuh Asmarandana karangan R.A. Bratadiwidjaya, anu dikarang jaman saméméh perang. Nepi ka ayeuna gé, mun urang diajar pupuh Asmarandana, nya guguritan nu éta nu sok dipaké contona téh. Ayeuna urang diajar perkara guguritan. Dina ieu pangajaran hidep bakal diwanohkeun kana téks-téks guguritan, padika-padikana, ngaanalisis puisi guguritan, sarta antukna muga-muga hidep bisa ngarang guguritan anu basajan.

A. Maca Téks Guguritan