Maca Téks Aksara Sunda Mikawanoh Aksara Sunda

48 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SMAMASMKMAK Kelas X A ksara Sunda kiwari sok disebut kaganga, nyaéta aksara tradisional hasil modiikasi tina tata-tulis karuhun Sunda baheula sakumaha anu kapanggih dina naskah kuno atawa prasasti. Ieu aksara téh sok dianggap ceré Sunda. Saméméhna urang Sunda téh biasa ngagunakeun aksara cacarakan atawa populer disebut hanacaraka. Ngan éta téh dicokot tina aksara Jawa, jadi dianggap lain asli Sunda sanajan cacarakan ogé saenyana geus dimodiikasi diluyukeun jeung fungtuasi urang Sunda. Taun 1990-an, para ahli ilologi mimiti ngoréksi cacarakan nu dianggap henteu asli téa. Para ahli sapuk mun aksara kaganga leuwih nyunda tur mimiti diwanohkeun ka balaréa. Kungsi ogé diayakeun seminar keur nyusun standarisasi tata-tulis éta aksara, bari diwewegan ku rupa-rupa aturan hukumna. Dina ieu pangajaran urang bakal diajar maca jeung nulis aksara Sunda, mikawanoh sajarahna, jeung ngagunakeun aksara Sunda Kaganga keur rupa-rupa kaperluan.

A. Maca Téks Aksara Sunda

Keur latihan jeung nyegerkeun deui pangaweruh urang kana tata- tulis aksara Sunda, pék baca ieu téks di handap tuluy pigawé pancénna Téks 1 ᮒᮥᮊᮩᮛᮔ᮪ ᮄᮉ ᮞᮏᮊ᮪ kQy yus; r us;yn ᮒᮥᮊᮩᮛᮔ᮪ ᮄᮉ ᮞᮏᮊ᮪ ᮊᮥ ᮞᮜᮙ᮪ᮘᮁ ᮞᮤᮙ᮪ᮘᮥᮒ᮪ ᮃᮒᮝ ᮞᮙᮊ᮪ ᮞᮠᮩᮜᮚ᮪ ᮠᮩᮌ᮪ ᮛᮥᮀᮊᮥᮕ᮪ᮊᮩᮔ᮪ ᮊ ᮘᮛᮥᮓᮊ᮪ ᮔᮥ ᮒᮩ ᮊᮘᮥᮛᮥ ᮠᮩᮃᮚ᮪ ᮕᮒᮀᮌᮧᮦᮕᮊ᮪ ᮓᮤᮔ ᮒᮢᮧᮒᮧᮃᮁ 49 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SMAMASMKMAK Kelas X ᮒᮥᮊᮩᮛᮔ᮪ ᮄᮉ ᮞᮏᮊ᮪ ᮊᮥ ᮧᮘᮃᮞ᮪ ᮝᮥᮜᮥᮂ ᮃᮒᮝ ᮠᮩᮎᮊ᮪ ᮠᮩᮌ᮪ ᮞᮤᮓ᮪ᮊᮂᮊᮩᮔ᮪ ᮊ ᮔᮥ ᮠᮛᮧᮕᮊ᮪ ᮔᮥ ᮙᮛᮀᮊᮥᮊ᮪ ᮓᮤ ᮞᮅᮀ ᮃᮒᮝ ᮓᮤ ᮊᮧᮜᮧᮀ ᮞᮞᮊ᮪ ᮒᮥᮊᮩᮛᮔ᮪ ᮄᮉ ᮞᮏᮊ᮪ ᮊᮥ ᮞᮘᮘᮛᮠ ᮞᮤᮊᮤ ᮦᮜᮧᮁ ᮠᮩᮌ᮪ ᮦᮙ᮪ᮘᮊ᮪ᮊᮩᮔ᮪ ᮊ ᮌᮀᮌᮨᮛᮧᮀ ᮊᮧᮛᮥᮕ᮪ᮒᮧᮁ ᮙᮔᮤᮕᮥᮜᮒᮧᮁ ᮞᮤᮔ ᮈᮑ ᮊᮜᮧᮏᮧᮁ ᮒᮥᮊᮩᮛᮔ᮪ ᮄᮉ ᮞᮏᮊ᮪ ᮊᮥ ᮘᮩᮘᮩᮒᮤᮃᮔ᮪ ᮒᮤᮔ ᮊᮧᮜ᮪ᮘᮥ ᮃᮔᮥ ᮛᮤᮓᮧ ᮊᮁ ᮧᮑᮘᮧᮁ ᮃᮔᮥ ᮘᮜᮀᮞᮊ᮪ ᮙᮥᮔ᮪ ᮒᮩ ᮊᮤᮒᮥ ᮞᮞᮃᮊ᮪ Téks 2 cr Ji}n; lNlyGn; ᮑᮤᮉᮔ᮪ lNlyGn ᮪ ᮦᮂ ᮠᮨᮔ᮪ᮒᮩ ᮦᮦ, ᮃᮞᮜ᮪ ᮅᮛᮀ ᮜᮩᮊᮩᮔ᮪ ᮏᮀ ᮓᮆᮊ᮪ ᮘᮆ. ᮒᮩ ᮊᮥᮓᮥ ᮙᮩᮜᮤ ᮊ ᮝᮛᮥᮀ ᮞᮈᮑᮔ ᮙᮂ, ᮓ ᮘᮠᮔ᮪- ᮘᮠᮔ᮪ ᮊᮁ ᮑᮤᮉᮔ᮪ lNlyGn ; ᮦᮂ ᮑᮙ᮪ᮕᮊ᮪ ᮓᮤ ᮞᮘᮥᮓᮩᮛᮩᮔ᮪ ᮅᮛᮀ. ᮙᮤᮙᮤᮒᮤᮔ ᮑᮤᮉᮔ᮪ ᮛᮛᮌᮔ ᮠᮩᮜ. ᮘᮠᮔ᮪ᮔ ᮒᮤᮔ ᮃᮝᮤ ᮃᮒᮝ ᮦᮦ. ᮕᮜᮀᮊᮩᮔ᮪ ᮆᮒ ᮃᮝᮤ ᮃᮒᮝ ᮦᮦ ᮦᮂ ᮞᮁᮒ ᮒᮜᮤᮃᮔ᮪ ᮊᮥ ᮘᮨᮔᮀ. ᮌᮩᮞ᮪ ᮊᮤᮒᮥ ᮒᮥᮀᮒᮥᮀ-ᮒᮥᮀᮒᮥᮀᮔ ᮞᮙ᮪ᮘᮥᮀᮊᮩᮔ᮪ ᮊᮥ ᮘᮨᮔᮀ ᮔᮥ ᮓᮤᮕᮔ᮪ᮒᮀ. 50 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SMAMASMKMAK Kelas X ᮦᮀᮊᮂ ᮞᮒᮥᮜᮥᮚ᮪ᮔ ᮑᮆᮒ ᮙᮞᮀᮊᮩᮔ᮪ ᮊᮨᮛᮨᮒᮞ᮪ ᮊᮁ ᮃᮝᮊ᮪ lNlyGn ᮪. ᮅᮊᮥᮁ ᮊᮨᮛᮨᮒᮞ᮪ᮔ ᮜᮥᮚᮥ ᮏᮀ ᮅᮊᮥᮛᮔ᮪ ᮛᮛᮌᮔ ᮦᮃ. ᮌᮥᮔ᮪ᮒᮀ ᮞᮤᮞᮤ-ᮞᮤᮞᮤᮔ, ᮦᮞᮊᮩᮔ᮪ ᮊᮤᮛ-ᮊᮤᮛ ᮞᮦᮔ᮪ᮒᮤ ᮜᮨᮌᮔ ᮊᮁ ᮓᮤᮜᮤᮕᮨᮒ᮪ᮊᮩᮔ᮪ ᮊᮔ ᮘᮨᮔᮀ ᮛᮛᮌ. ᮌᮩᮞ᮪ ᮊᮤᮒᮥ ᮙᮂ ᮊᮛᮤ ᮓᮤᮈᮦᮙ᮪ ᮊᮔ ᮘᮨᮔᮀ ᮦᮃ, ᮔᮨᮕᮤ ᮊ ᮏᮓᮤ lNlyG ᮔᮥ ᮞᮤᮃᮕ᮪ ᮓᮤᮃᮕᮥᮀᮊᮩᮔ᮪. ᮅᮛᮀ ᮊᮛᮤ ᮔᮙ᮪ᮘᮠᮔ᮪ ᮘᮨᮔᮀ ᮊᮊᮙᮂᮔ ᮏᮀ ᮊᮨᮔᮥᮁ ᮊᮁ ᮍᮕᮥᮀᮊᮩᮔᮔ. Pék alihaksarakeun éta dua téks aksara Sunda di luhur téh kana hurup Latén. Tuluy terangkeun, saenyana éta téks téh masing-masingna jenis wacana naon sarta eusina nyaritakeun naon? Terangkeun masing tétéla Titénan poster ieu di handap. Poster naon éta téh? Dadarkeun déskripsina masing tétéla Pancén 1 Pancén 2 51 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SMAMASMKMAK Kelas X

B. Mikawanoh Aksara Sunda

Kiwari aksara Sunda kaganga téh geus dipaké keur rupa-rupa kaperluan. Di antarana baé keur labél ngaran jalan, dipaké plang instansi pamaréntahan atawa obyék- obyék wisata, dipaké pamaés dina kaos atawa beus, malah aya ogé anu dijieun kaligrai jeung karya seni séjénna. Titénan contona: Aksara Sunda digunakeun keur desain kaos T-shirt, dipaké keur label ngaran jalan, dipaké keur mapaésan beus Persib Bandung, jeung diaplikasikeun kana program komputer. Sumber: pinterest. com, www.peperonity.com, www.gantibaju.com, antaranews.com Di SD jeung di SMP urang kungsi diajar aksara Sunda apan? Urang geus diajar kumaha aksara dasarna, rarangkénna, jeung cara nuliskeunana. Kiwari urang nyobaan maca téks nu ditulis ku aksara Sunda, mikapaham nyangkem sajarahna, jeung nyieun kréasi ngagunakeun aksara Sunda. 52 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SMAMASMKMAK Kelas X

C. Paham Sajarah Aksara Sunda