24
Pamekar Diajar
BASA SUNDA
Pikeun Murid SMAMASMKMAK Kelas X
imahna bari rerencepan. Naon pangna datangna téh rerencepan, hadéna hidep maca éta novel nepi ka tamat.
Paguneman siga kitu téh lumrah pisan dina prosa mah. Malah sakapeung kakuatan hiji carita téh tembong dina paguneman antara tokoh-
tokohna. Ngan baé paguneman dina karya sastra mah henteu ditulis siga conto paguneman kahiji jeung kadua. Ditulis maké paragraf-paragraf baé,
sarta polana maké kalimah langsung nu ditandaan ku kekenteng “…”. Kitu gé dina prosa, dina puisi jeung drama mah béda deui.
Ieu di handap sawatara conto séjén paguneman nu kapanggih dina karya sastra. Pék diskusikeun ku kelompok sarta pigawé pancénna
1. Prosa
Srog rombongan Bapa Naib datang ka rumahsakit. Kasampak Suganda geus aya keur diuk dina bangku.
“Ih geuning Ujang Kang Encu ieu Jang Ganda” “Iraha ka dieu, Jang?” ceuk Samsu.
“Tadi, nyubuh.” “Geuning kamari teu béja-béja?”
Suganda teu némbal. “Teu ka sakola?”
“Permios sadinten ieu.” “Aya naon?”
“Badé diparios dokter.” “Ku naon, gering?”
“Badé diala getih.” Diala getih? Naha...?”
“Kanggo....” “Keur Enéng?”
Suganda unggeuk. Bapa Naib nyampeurkun, nyekel taktak Suganda.
Teu lémék teu nyarék. Ngan socana baé baseuh. “Teu nyeri Jang, diala getih téh?” cek Si édo sanggeus Bapa Naib
ngajauhan. “Nyao, da acan. Kakara gé rék dipariksa.”
“Naha nya, maké dipariksa heula sagala...?” “Bisi teu akur kapan?”
25
Pamekar Diajar
BASA SUNDA
Pikeun Murid SMAMASMKMAK Kelas X
“Teu ngarti; teu akur téh teu akur naonana? Lain sarua getih jelema téh?” ceuk Si édo bari ngarérét ka
Bapa Naib, nu dirérét ngalieus semu éra, asa keukeuh baé kasindiran.
“Bisi teu akur golonganana… Pan aya golongan A, golongan B, golongan… naon deui …”
Dicutat tina novel Payung Butut, karangan Ahmad Bakri, penerbit Rahmat Cijulang, taun 1991, kaca 73-74
Wangun atawa format paguneman di luhur anu tadina mangrupa paragraf-paragraf kalimah langsung
pék robah jadi wangun paguneman tanya jawab siga conto kahiji jeung kadua di luhur. Upamana:
Édo : Ih geuning Ujang Kang Encu ieu Jang
Ganda Samsu : Iraha ka dieu, Jang?
Suganda : Tadi, nyubuh. Samsu : …………
Suganda : …………
2. Puisi Indung jeung Anak
Anak: Ema naon eusi langit
jeung di mana tungtung langit Katut béntang nu baranang
Indung: Teu jauh ti dada ema
eusina napas jeung getih béntang teu jauh ti ujang
Pancén 3
26
Pamekar Diajar
BASA SUNDA
Pikeun Murid SMAMASMKMAK Kelas X
Anak: Ema saha nu boga langit
jeung béntang anu baranang saha nu boga bulan
katut beurang jeung peutingna Indung:
Kapan sagala nu ujang paéh hirup anu ujang
Dicutat tina buku kumpulan sajak Lalaki di Tegal Pati, karangan Sayudi, penerbit Rahmat Cijulang, taun 1983, kaca 16.
Diksusikeun, naon saenyana anu dipagunemakeun ku indung jeung anak dina puisi di luhur téh? Pék parafraseukeun
3. Drama