21
Pamekar Diajar
BASA SUNDA
Pikeun Murid SMAMASMKMAK Kelas X
formal atawa resmi, nyaéta sawala diskusi. Dina sawala biasana kauger ku aturan-aturan, henteu sagawayah.
Upamana kawatesanan ku waktu, kadang-kadang nu nyararitana ogé henteu salawasna silihpikawanoh, atawa
kauger ku jejer obrolan. Dina situasi-situasi samodél kitu, biasana anu nyararita téh nyebut dirina “sim kuring”.
Sangkan paham kecap gaganti jalma dina situasi anu teu resmi jeung resmi, titénan tabél ieu di handap:
Situasi Gaganti jalma
kahiji Gaganti jalma
kadua
Resmi sim kuring
sadérék pangersa
hadirin para bapaibu
Teu resmi abdi
salira kuring
anjeun déwék
silaing urang
manéh ana
antaénté didieu
didinya nyebut ngaran
nyebut ngaran
2. Undak-usuk Basa dina Paguneman
Lantaran situasi deuih sakapeung nu paguneman téh kudu bisa milih-milih ragam basa anu digunakeun. Aya
kalana ragam basana cohag atawa loma, aya kalana kudu maké ragam basa hormat atawa lemes. Dina paguneman
kahiji, ragam basana téh lemes. Boh Bi Téti boh Kang Dadan dina nyarita téh ngagunakeun basa lemes. Aya basa lemes
keur sorangan aya basa lemes keur ka batur. Bisa jadi antara Bi Téti jeung Kang Dadan téh hayang silih hormat.
Dina paguneman nu kadua mah béda deui. Nu sawala téh maké ragam basa loma baé. Bisa jadi nu sawala
22
Pamekar Diajar
BASA SUNDA
Pikeun Murid SMAMASMKMAK Kelas X
téh ngarasa geus deukeut atawa nyobat, jadi teu asa-asa deui nyarita ku basa cohag. éta gé gumantung kana situasina, henteu kurang-kurang
anu nyarita dina sawala maké basa lemes lantaran hayang ngahormat ka batur.
Dina paguneman nu maké ragam hormat, tangtu baé kudu niténan kekecapan nu luyu jeung aturan undak-usuk basa. Contona, dina
paguneman kahiji Bi Téti nyebut anakna téh “pun anak”. Ari Dadan nyebut anakna Bi Téti téh “tuang putra”. Cara milih kekecapan kitu téh
diluyukeun jeung aturan undak usuk basa téa.
Titénan geura sawatara conto kecap dina undak-usuk basa Sunda nu sok dipaké dina paguneman sapopoé:
Loma Lemes
keur sorangan
Lemes keur ka batur
dahar neda
tuang datang
dongkap sumping
balik wangsul
mulih indit
mios angkat
ceuk sanggem
saur imah
rorompok bumi
bawa bantun
candak saré
mondok kulem
ngaran wastanami
jenengan Titénan deui kekecapan undak-usuk basa nu patali jeung pancakaki:
Loma Lemes
Loma Lemes
anak kuring pun anak
anak anjeun tuang putra
indung kuring pun biang
indung anjeun tuang ibu
bapa kuring pun bapa
bapa anjeun tuang rama
lanceuk kuring pun lanceuk
lanceuk anjeun tuang raka
adi kuring pun adi
adi anjeung tuang rai
emang kuring pun paman
emang anejun tuang rama
23
Pamekar Diajar
BASA SUNDA
Pikeun Murid SMAMASMKMAK Kelas X
bibi kuring pun bibi
bibi anjeun tuang ibu
alo Kuring pun alo
alo anjeun tuang putra
nini kuring pun nini
nini anjeun tuang éyang
aki kuring pun aki
aki anjeun tuang éyang
incu kuring pun incu
incu anjeun tuang putu
Pék titénan deui conto paguneman kahiji. Cirian ku hidep kecap- kecap nu patali jeung aturan undak usuk basa nu kapanggih ku urang
dina éta paguneman. Contona:
Kang Dadan :
Numawi, sami abdi ogé badé mésér salédri. Itu pun biang, badé ngadamel
sayur sop saurna.
Bi Téti : Kutan. Atuh punten sakantenan
pangmilariankeun pun anak upami teu kaabotan mah. Manawi pendak di
tukang salédri, wartoskeun diantos ku Ibi kituh di dieu.
Kang Dadan : Atuh urang sareng abdi wé nguriling
ka pasar. Ongkoh abdi kirang terang nu mana tuang putra téh?
Mésér lemes keur sorangan. Lemes
keur ka batur ngagaleuh.
Pun anak lemes keur sorangan.
Tuang putra lemes keur ka batur.
C. Paguneman dina Karya Sastra