7
Pamekar Diajar
BASA SUNDA
Pikeun Murid SMAMASMKMAK Kelas X
Assalamu’alaikum wr. wb., Salam pamuka.
Sadaya puji kagungan Alloh nu murbéng alam. Solawat sinareng salam mugi dilimpahkeun ka
jungjunan urang sadaya, Nabi Muhammad saw. Mukadimah.
Ibu sareng Bapa Guru hormateun sim kuring. Ngahaturkeun
pangwilujeng ka nu hadir.
Dinten ieu téh kalintang bagjana kanggo sim kuring sadaya. Ogé janten dinten anu kalintang
pikasediheunana. Bagja wiréh sim kuring sadaya tiasa lulus, sedih da apan sim kuring
sadaya kedah ngarantunkeun ieu sakola, ogé ngantunkeun Ibu sareng Bapa Guru...... jst.
Eusi biantara.
Wilujeng kantun Ibu. Wilujeng kantun Bapa.... mung du’a anu ku sim kuring diteda
sareng sihapunten anu kasuhun. Mugi Gusti nangtayungan.
Sanduk-sanduk ménta dihampura
jeung nepikeun du’a.
Assalamu’alaikum wr. wb., Salam panutup.
C. Neuleuman Padika Biantara
Biantara téh sok dipatalikeun jeung seni nyarita. Naon sababna? Sabab, dina biantara téh sakapeung
merlukeun gaya jeung omongan nu matak narik jalma réa nu ngabandunganana.
Aya sawatara faktor anu ngalantarankeun biantara hiji jalma dipikaresep ku balaréa. éta faktor téh urang
sebut baé T-A-M-A-N, singgetan tina:
Tatag nyaritana
Hartina dina nepikeun biantara téh urang kudu nyarita bari tatag atawa tétéla, henteu kararagok
atawa loba ngarandeg.
8
Pamekar Diajar
BASA SUNDA
Pikeun Murid SMAMASMKMAK Kelas X
Aktual témana
Hartina téma biantara nu ku urang ditepikeun téh kudu aktual, lain téma-téma nu geus basi.
Munel eusina
Hartina, biantara nu ditepikeun ku urang téh eusina loba pulunganeunana, atawa loba mangpaatna.
Alus basana
Biantara téh seni nyarita. Ku sabab kitu, basa nu dipaké ku urang dina biantara téh alusna mah direumbeuy ku mamanis basa.
Upamana diselapan ku babasan jeung paribasa, atawa bisa ogé ku sisindiran. Malah mun bisa mah diselapan ogé ku kalimah-kalimah
pinilih
kata-kata mutiara atawa kuotasi nu kungsi ditepikeun ku hiji tokoh.
Ngandung wirahma
Hartina, dina biantara téh omongan urang kudu diatur gancang kendorna, tarik halonna, atawa luhur handapna. Tegesna, dina
nepikeun biantara téh kudu maké lentong lagu kalimah anu hadé.
Titénan baganna:
T A M A N T A M A N
Tatag Nyaritana Munel Eusina
Ngandung Wirahma
Aktual Témana
Alus Basana
9
Pamekar Diajar
BASA SUNDA
Pikeun Murid SMAMASMKMAK Kelas X
Keur ngalatih kamampuh biantara urang, geura cobaan téks biantara di luhur téh baca bari digalan-tangkeun. Dina ngagalantangkeun
téks biantara, cobaan ngalarapkeun padika T-A-M-A-N téa. Tangtu baé gaya nepikeun biantara téh teu kudu sarua, da kudu diluyukeun jeung
kaayaanana. Upamana baé, dina biantara ka-1 mah urang kudu sumanget, lantaran perkara ancaman narkoba téh kudu diperangan ku saréréa.
Sabalikna, dina biantara ka-2 mah sigana kudu leuleuy baé, lantaran situasina béda, nyaéta nepikeun kabeungbeurat haté pédah kudu papisah
jeung babaturan, Ibu ogé Bapa Guru. Papadaning kitu, ari soal tatag jeung ngandung wirahmana mah tetep kudu diéstokeun.
Kalimah-kalimah Pinilih
“Hana nguni hana mangké, tan hana nguni tan hana mangké. Aya ma baheula aya tu ayeuna. Hanteu ma baheula hanteu tu
ayeuna. Hana tunggak hana watang, tan hana tunggak tan hana watang. Hana ma tunggulna, aya tu catangna
Aya baheula aya jaga, lamun teu aya baheula moal aya jaga. Aya baheula aya ayeuna. Lamun teu aya baheula moal aya ayeuna.
Aya iteuk aya dahan, lamun teu aya iteuk moal aya dahan. Lamun aya tunggul tangtu aya urut tangkalna” Naskah kuno Amanat
Galunggung “Manuk hiber ku jangjangna, jalma hirup ku akalna” paribasa
Sunda.
D. Nganalisis Téks Biantara