84
Pamekar Diajar
BASA SUNDA
Pikeun Murid SMAMASMKMAK Kelas X
B. Pedaran Carita Wayang
Carita Kumbakarna di luhur téh saenyana mah sempalan tina épik Ramayana, kitab nu nyaritakeun lalampahan Rama, raja Ayodya. Babad
Ramayana téh karangan Walmiki ti India. Caritana panjang pisan, jeung réa babagianana. Ngawengku 7 kitab, 24.000 pada, jeung 500 sargah. Ari
di Indiana, éta téh sasat jadi kitab suci umat Hindu.
Tingali baganna:
épik Ramayam
Salian ti épik Ramayana, aya deui épik Mahabarata nu dikarang ku Wiyasa. Sarua sohorna ieu gé. Malah teu kurang-kurang panjangna, jeung
réa babagianana. Sarua deuih ieu gé ditulis di India jeung jadi kitab suci urang Hindu.
épik Ramayana intina medar lalampahan Rama, Raja Ayodya, nu kawin ka Sinta. Hiji waktu, basa Rama, Sinta, dibaturan ku Lesmana
keur araya di leuweung, datang Rahwana nyulik Sinta sarta diboyong ka Aléngka. Puguh baé Rama murka. Anjeunna ngutus Anoman ka Aléngka,
tapi éta utusan Rama téh kalah ka dihukum. Anoman bisa kabur bari ngaduruk kota Aléngka.
85
Pamekar Diajar
BASA SUNDA
Pikeun Murid SMAMASMKMAK Kelas X
Rahwana anu keukeuh peuteukeuh embung mulangkeun Sinta diperangan ku Rama. Dina éta perang, Rama dibantuan ku pasukan
wanara monyét ti Kiskénda. Kabéh pangagung Aléngka palastra, kaasup Rahwana, rajana. Ngan Wibisana anu salamet téh lantaran manéhna mah
biluk ka Rama. Sabada perang réngsé, Aléngka dipasrahkeun ka Wibisana. Rama jeung Sinta katut pangiringna balik deui ka Ayodya.
Ari Mahabarata mah nyaritakeun turunan Raja Barata nu kalibet perang sadulur. Ku lantaran éta épik Mahabarata sok disebut ogé
Baratayuda atawa perang kulawarga Barata. Ari nu perangna nyaéta kulawarga Pandawa rundayan ti Pandu, jeung kulawarga Kurawa
rundayan ti Déstarata. Alatanana mah parebut tahta karajaan warisan ti karuhunna. Karajaan téh kuduna lungsur ka Kurawa, da Déstarata
téh putra cikal. Ngan lantaran Déstarata teu walagri, karajaan ahirna dipasihkeun ka Pandu nu terus diwariskeun deui ka Pandawa. Ku
hal éta, Kurawa salilana ngakalakeun Pandawa, padahal karajaan gé geus dibagi dua. Hiji mangsa, ku kalicikan Kurawa, Pandawa diusir
ti karaton lantaran éléh ngadu. Pandawa nu limaan téh kudu hirup sangsara mangtaun-taun. Waktu Pandawa nagih jangji, sangkan
nagarana dipulangkeun, Kurawa ingkar tina jangjina. Ieu pacéngkadan téh ahirna diréngsékeun ku perang di Kurusétra.
Asupna épik Ramayana jeung Mahabarata ka urang téh bareng jeung nyebarna agama Hindu di Nusantara. Tapi waktu agama Islam nyebar
di Nusantara, para wali ngamangpaatkeun éta épik keur syiar Islam maké média wayang. Nya ti dinya lahir pagelaran wayang nu dipirig ku
gamelan, nu caritana nyokot tina sempalan Ramayana jeung Mahabarata. Nya ti dinya deuih carita wayang téh asal-usulna, nyaéta carita dina
pagelaran wayang nu mangrupa sempalan-sempalan tina épik Ramayana jeung Mahabarata.
Di tatar Sunda, carita wayang téh umumna dipagelarkeun dina pintonan wayang golék. Aya deuih nu dipagelarkeun dina wayang
kulit jeung wayang wong wayang jelema siga di Jawa. Tapi umumna mah mangrupa sempalan-sempalan téa, lain carita Ramayana atawa
Mahabarata anu gembleng.
86
Pamekar Diajar
BASA SUNDA
Pikeun Murid SMAMASMKMAK Kelas X
Titénan baganna:
épik Mahabarata
Lian ti éta aya béda-bédana deuih. Geura titénan tabel ieu di handap, anu ngagambarkeun béda-bédana carita wayang di urang jeung carita
aslina ti India.
Carita ti India Carita Wayang di Urang
Teu aya punakawan Semar, Cépot, Dawala, Garéng
Aya punakawan Semar, Cepot, Dawala, Garéng anu tuhu ngabdi ka Pandawa.
Dina lalakon wayang, Semar téh kacaritakeun sakti, leuwih sakti batan
dununganana, malah leuwih sakti batan déwa. Semar ogé sok kacaturkeun bisa
da’wah.
87
Pamekar Diajar
BASA SUNDA
Pikeun Murid SMAMASMKMAK Kelas X
Dorna kacaritakeun jadi guru Pandawa jeung Kurawa anu
boga sipat wijaksana jeung dipihormat.
Dorna jadi tokoh anu boga sipat julig, réhé, jeung pikasebeleun, tur leuwih
mihak ka Kurawa batan ka Pandawa.
Gatotgaca lain tokoh penting, tapi ukur dicaritakeun rék
maotna, nyaéta basa jadi wadal sanjata Konta nu dileupaskeun
ku Karna nu rék ditujulkeun ka Arjuna.
Jadi tokoh penting jeung réa dicarita- keun. Malah aya carita-carita wayang
anu husus ngalalakonkeun Gatotgaca siga dina carita
Jabang Tutuka, Pergiwa- Pergiwati, jeung Brajamusti.
Srikandi lain awéwé Srikandi téh awéwé geulis anu jadi
pamajikan kadua Arjuna.
Drupadi téh poliandri, nyaéta jadi pamajikan pandawa lima
Yudistira, Bima, Arjuna, Nakula, jeung Sadéwa.
Drupadi ukur jadi pamajikan praméswari Yudistira.
Ka dieunakeun, épik Ramayana jeung Mahabarata téh réa ditulis deui jadi buku maké basa Sunda. Aya nu ditulis dina wangun wawacan, novel,
atawa carita barudak. Contona, R.A.A Martanagara nganggit Wawacan
Batara Rama. Ahmad Bakri nyieun carita barudak Perang Barata. Hidayat Susanto ngarang buku
Kurawa Pandawa, Sayémbara di Mantili, jeung sajaba ti éta.
Cindekna, dina kabudayaan Sunda mah bisa diterangkeun kieu: •
Carita wayang ukur pragmén tina Mahabarata atawa Ramayana. Upamana lalakon wayang Tégal Kurusétra, ukur nyaritakeun
perangna antara Pandawa jeung Kurawa di Kurusétra.
• Dimodiikasi tina carita aslina.
• Dipintonkeun minangka media hiburan dina pintonan wayang
golék, wayang kulit, atawa wayang orang. •
Geus kaserepan unsur Islam. •
Réa ditulis deui keur bahan bacaan.
88
Pamekar Diajar
BASA SUNDA
Pikeun Murid SMAMASMKMAK Kelas X
Tokoh Pandawa dina wayang golék. Ti kénca ka katuhu: Nakula, Sadéwa, Yudistira, Arjuna, Bima. Sumber: www. evanshop.webasyst.net
C. Ngabédakeun Carita Wayang jeung Dongéng