Drama Paguneman dina Karya Sastra

26 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SMAMASMKMAK Kelas X Anak: Ema saha nu boga langit jeung béntang anu baranang saha nu boga bulan katut beurang jeung peutingna Indung: Kapan sagala nu ujang paéh hirup anu ujang Dicutat tina buku kumpulan sajak Lalaki di Tegal Pati, karangan Sayudi, penerbit Rahmat Cijulang, taun 1983, kaca 16. Diksusikeun, naon saenyana anu dipagunemakeun ku indung jeung anak dina puisi di luhur téh? Pék parafraseukeun

3. Drama

Kacaritakeun di wewengkon Jampang awal abad ka-18. Prawatasari jeung sawatara baladna keur aya di tempat panyumputan. Garwana ogé harita aya. Prawatasari : Bari lajag-léjég bangun aya nu ditungguan, nyarita sorangan Teu bisa diantep…, teu bisa diantep Baheula urang kumawula ka batur, ayeuna kudu sumuhun dawuh ka Kumpeni. Teu bisa Hina Hina Leuwih hina batan kulit lasun di jarian ka Panatayuda Panatayuda, kumaha ceuk andika Panatayuda : Ku émutan mah, sumuhun kitu Prawatasari : Kitu téh kitu kumaha Panatayuda? Panatayuda : Sumuhun, urang téh bakal kacida hinana mun daék dijajah ku Walanda. Hirup di lembur sorangan, naha bet kudu diatur ku batur. Hina sanggem abdi mah Sumber: dokumen pribadi Pancén 4 27 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SMAMASMKMAK Kelas X Prawatasari : Kumaha pamanggih Kyai? Naha teu salah upama urang ngalawan ka Walanda? Kyai : Salah lebah manana? Wajib hukumna nurutkeun agama mah ngabéla lemah cai jeung bangsa téh. Naha bangsa urang téh arék kieu baé saterusna? Dijajah deungeun? Kapan ceuk agama ogé …. Puragabaya : Eu.. eu…. Moal robah nasib hiji kaom, lamun éta kaom teu ngarobah nasibna sorangan. Kitu lain, Kyai? Kyai : Enya kitu pisan, Puragabaya Calakan andika Prawatasari : Tékad kula gé geus buleud, Walanda kudu dilawan. Tapi sakapeung sok ras inget ka rahayat, tangtu bakal kabawa susah, anak pamajikan geus tangtu milu sangsara, karunya Garwa Prawatasari : Ngoréjat cengkat. Maju nyaketan Prawatasari. Sikepna dangah. Ludeung. Sorana ngoncrang Naon nu disaurkeun nembé téh, Kang? Sieun kuring sangsara? Perang ngalawan kadoliman mah sanés sangsara atuh, Kang, kabagjaan éta mah. Pikeun kuring, wanoja terah Pajajaran, leuwih hadé hilang tinggal ngaran, ti batan hirup jadi bangsa jajahan. Prawatasari : Heug pamadegan Nyai kitu, ari Si Ujang kumaha? Mangkaning leutik kénéh, karunya meureun dibawa kakaburan ka leuweung? Garwa Prawatasari : Sasauranana beuki ngoncrang. Sumangetna ngagedur Tada teuing hinana Si Ujang mun jaga nyahoeun yén nu jadi bapana: Radén Haji Prawatasari, teu wani merangan Walanda nu ngajajah, lantaran karunya ka…. anakna Prawatasari : Sukur Tétéla Nyai pamajikan Akang nu satia tur gedé wawanén. Nyarita kitu sotéh akang mah keur ngajugjugan haté Nyai enggoning ngabéla bangsa jeung nagara. Ari geus kitu mah, teger haté Akang téh. Kyai : Alhamdulillah, urang saréréa jadi jelema nu boga wawanén pikeun mancegkeun kahormatan diri. Alhamdulillah 28 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SMAMASMKMAK Kelas X Keur kitu torojol Tanuwijaya haruhah-haréhoh. Meus-meus ngalieuk ka tukang bangun aya nu dipikasieun. Prawatasari : Tanuwijaya, aya naon? Tanuwijaya : Ka Puragabaya jeung Panatayuda Jaga di lawang kampung. Gancang, babaturan béjaan kabéh. Musuh keur kadieukeun Puragabaya jeung Panatayuda rusuh kaluar Prawatasari : Musuh? Walanda? Geus lebah mana? Tanuwijaya : Bieu téh kaula dibawa patroli ku Kaptén Scipio. Lebah léngkob éta tah Kaula bébéja heula hayang ka cai, berebet wé ka dieu, rék ngabéjaan andika. Ayeuna mah jig geura indit, meungpeung can poék. Engké panggih deui di Pakidulan Galuh. Kaula indit deui ayeuna, lila teuing mah bisi curigaeun Assalamu’alaikum Nu araya : Wa’alaikum salam Prawatasari : Hayu urang miang Kyai : Ngaréndéng jeung Prawatasari Geus kasawang ti ayeuna pijalaneun ka sawarga, paéh sahid dina ngabéla bangsa, nagara, jeung agama. Allohu Akbar Saréréa : Allohu Akbar Dicutat tina drama “Sancang ti Jampang” karangan Rieza Darajat Sumber: dokumen pribadi 29 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SMAMASMKMAK Kelas X a. Naon onjoyna leuwihna paguneman dina téks drama di luhur jeung téks paguneman séjénna? b. Keur tujuan naon téks drama ditulis?

D. Nyusun Téks Paguneman