12
Pamekar Diajar
BASA SUNDA
Pikeun Murid SMAMASMKMAK Kelas X
wiréh = . . . .
miang = . . . .
sawangan = . . . .
ngalalanyahan = . . . . 3.
Kumaha hadéna lamun urang ngagalantangkeun biantara di luhur? Naha kudu maké gaya anu
sumanget, gaya anu leuleuy, atawa gaya nu séjénna? Jelaskeun alesanana Sangkan leuwih kararampa
kumaha gaya anu cocog jeung biantara di luhur, alusna cobaan digalantangkeun heula. Tuluy cirian,
lebah mana upamana nu cara ngucapkeunana rada bedas, lebah mana anu kudu leuleuy.
Sangkan leuwih paham kana struktur jeung padika biantara, pék téangan conto biantara séjén, boh
nu mangrupa téks atawa biantara lisan tina rékaman. Sumberna bisa tina buku, internét, atawa rékaman CD
kasét. Tuluy analisis ku sorangan. Alat analisisna mah paké baé tilu pertanyaan di luhur, anu ngawengku
analisis struktur, basa, jeung gaya. Tuliskeun hasil analisis hidep dina buku catétan masing-masing, bari dibarengan
lampiran biantarana.
E. Nepikeun Biantara
Hidep gé kudu diajar nepikeun biantara, ngarah wantér jeung paséh dina ngagunakeun basa Sunda.
Pék saurang-saurang nepikeun biantara di hareupeun babaturan.
Urang bisa nyonto cara-cara batur nepikeun hiji biantara. Utamana nyonto ka jalma-jalma anu salila ieu
dianggap punjul nepikeun biantara. éta jalma téh sok disebut
orator. Di urang teu réa orator téh. Anu kawentar antarana baé Présidén Républik Indonésia anu munggaran,
Pancén 4
13
Pamekar Diajar
BASA SUNDA
Pikeun Murid SMAMASMKMAK Kelas X
Ir. Sukarno. Para mubalég deuih nu sok alus biantara téh. Da puguh anjeunna mah pancénna nepikeun da’wah anu
kudu dipikaresep ku balaréa. Antarana baé di Sunda mah aya almarhum K.H. A.F. Ghazali jeung K.H. Abdullah
Gymnastiar.
Ir. Sukarno, K.H. A.F. Ghazali, jeung Abdullah Gymnnastiar, di antara jalma anu alus dina biantara.
Sumber:
Pék tepikeun biantara hidep. Sangkan biantara anu rék ditepikeun ku urang hadé jeung tartib, boh prak-
prakanana boh basana, alusna maké léngkah-léngkah kagiatanana ieu di handap.
•
Pilih topiktéma biantara anu aktual kalawan bébas. Cara milih topik bisa dititénan dina gambar ieu di
handap:
Pancén 5
14
Pamekar Diajar
BASA SUNDA
Pikeun Murid SMAMASMKMAK Kelas X
• Susun heula téksna, apalkeun, sarta engkéna ditepi-
keun dina biantara. •
Dina biantara urang kudu ngéstokeun unsur-unsur T-A-M-A-N. Upamana: seselan biantara urang
ku babasan, paribasa, sisindiran, atawa kalimah- kalimah pinilih
kata-kata mutiara. Kitu deui sangkan munel eusina, hadéna maké rujukan
referensi, bisa nyutat ayat Kur’an atawa hadis, bisa diémbohan ku
data tina koran, majalah, atawa internét. •
Biantarana ulah panjang teuing. Mun bisa mah saeutik tapi patri.
Durasina cukup 2-3 menit baé.
Engké ditepikeun bagilir di hareupeun babaturan.
PA N
G
AJ A
R
A
N
15
PAGUNEMAN
Sumber: htp:bp1.blogspot.com
16
Pamekar Diajar
BASA SUNDA
Pikeun Murid SMAMASMKMAK Kelas X
P
aguneman téh obrolan antara dua jalma atawa leuwih. Sok disebut ogé guneman. Aya deui gunem
catur, hartina ngobrol. Sipatna aya nu resmi, siga
dina diskusi atawa sawala, aya ogé anu teu resmi siga urang ngobrol jeung indung bapa atawa jeung babaturan
waktu keur ulin.
Paguneman téh cara manusa ngayakeun komunikasi jeung nu lian. Nya dina paguneman urang bisa nembrak-
keun pikiran, rasa, atawa kahayang. Tur ti batur, urang bisa apal kumaha pikiranana, rasana jeung kahayangna.
Wacana paguneman lain baé kapanggih dina basa lisan, tapi ogé bisa kapanggih dina basa tulisan. Contona
paguneman nu sok kabaca ku urang dina karya sastra atawa naskah drama.
Dina ieu pangajaran urang bakal diajar rupaning perkara nu patali jeung paguneman. Di antarana basa
jeung tatakrama dina paguneman, suasana paguneman, paguneman dina karya sastra, nyusun téks paguneman,
sarta mintonkeun paguneman hareupeun babaturan.
A. Maca Téks Paguneman