Nyusun Téks Paguneman Metakeun Paguneman

29 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SMAMASMKMAK Kelas X a. Naon onjoyna leuwihna paguneman dina téks drama di luhur jeung téks paguneman séjénna? b. Keur tujuan naon téks drama ditulis?

D. Nyusun Téks Paguneman

Urang diajar nyieun paguneman geura. Kahiji, urang diajar nyieun paguneman dina wangun prosa. Paguneman dina wangun prosa téh bisa digunakeun pikeun ngarang carita pondok carpon, dongéng, atawa novel. Polana siga nu geus dicontokeun di luhur, nyaéta maké paragraf- paragraf kalimah langsung nu ditandaan ku kekenteng téa. Mun perlu ditambahan katerangan sautak-saeutik keur ngajelaskeun kontéks pagunemanana. Contona, urang rék nyieun paguneman ngeunaan dua jalma nu kasarung di leuweung. éta dua jalma keur ka gunung. Di satengahing jalan papisah jeung babaturanana tur leungiteun tapak. Pagunemanana bisa kieu: “Aduh, kumaha atuh urang téh? Mangkaning geus burit kieu?” ceuk nu saurang. “Enya, picilakaeun ari kieu mah,” témbal nu saurang deui. “Asana tadi téh ka dieu jalanna nya. Tapi ku naon jadi rembet kieu, siga tara kaliwatan ku jelema. Kumaha atuh mun aya...” “Husss.... tong ngomong nu teu pararuguh. Anggur mah urang balik deui ka nu tadi. Sugan kapanggih jalan balik téh.” ...... Pancén 5 30 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SMAMASMKMAK Kelas X Pék teruskeun éta paguneman téh nepi ka éta dua jalma bisa balik deui ka jalan nu mimiti kaliwatan sarta tepung deui jeung batur-baturna nu saméméhna pisah. Bisa waé hidep nyieun paguneman anu topikna béda deui. Susun pagunemanana siga conto di luhur, ngagambarkeun hiji kaayaan atawa masalah nu karandapan ku dua urang tokoh atawa leuwih.

E. Metakeun Paguneman

Pék nyieun kelompok. Sakelompokna dua atawa tilu urang. Pancénna nyieun paguneman keur dipintonkeun dipraktékkeun hareupeun kelas. Topikna bébas baé, ngan alusna aya pola-pola paguneman anu ku hidep kudu dijalankeun. Kahiji, dina bubuka paguneman alusna dimimitian ku ngucapkeun salam bari dituluykeun ku sasalaman sarta silih tanya kaayaan masing-masing luyu jeung kabiasaan urang Sunda. Contona: A : Assalamu’alaikum B : Waalaikum salam Solongkrong sasalaman A : Kumaha damang? B : Pangésto, aya hibar. Sawangsulna? A : Alhamdulillah abdi ogé. Nuhun upami damang mah. B : Sami-sami. Pancén 6 Pancén 7 31 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SMAMASMKMAK Kelas X Sasalaman urang Sunda téh mandiri pisan, béda jeung sasalaman urang Barat atawa urang Indonésia umumna. Hadé lamun ku urang dipraktékkeun dina paguneman jeung dina kahirupan sapopoé. Mimiti réképkeun dua dampal leungeun urang masing rapet. Waktu sasalaman sodorkeun éta dua dampal leungeun téh ka hareup, tapi ulah jauh teuing tina beungeut urang. Antelkeun tungtung ramo urang ka nu diajak sasalaman bari ngadoyongkeun awak saeutik ka hareup. Ilikan geura gambarna: Kadua, gunakeun ragam hormat sarta gunakeun kekecapan basa lemes keur némbongkeun silih hormat jeung babaturan. Contona: A : Mulih ti mana ieu téh? B : Wangsul ti bumina Pa RT. Aya peryogi ngalereskeun KTP pun bapa. A : Oh, ical atanapi kumaha KTP tuang rama téh? B : Henteu ari ical mah, mung ku pun adi diguntingan. Disangkana cocooan. Éta tuda ku pun biang disimpenna dina laci méja, teu disimpen dina lomari. A : Kutan. Conto sasalaman urang Sunda Sumber: dokumen pribadi Conto sasalaman urang Barat Sumber: www.castlewales.com 32 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SMAMASMKMAK Kelas X Topik pagunemanana mah bébas baé. Tapi alusna mah nyaritakeun hiji topik nu matak kataji batur. Upamana nyaritakeun kajadian atawa peristiwa nu aktual, nyaritakeun karesep, atawa nyaritakeun masalah nu keur gawat. Susun heula skénariona siga conto paguneman di luhur, ngarah paguneman nu dipintonkeun ku urang téh rada tartib, boh basana boh prakna. Skénario anu disusun ku urang téh ngagambarkeun paguneman dua atawa tilu urang anu waktuna kurang leuwih dua atawa tilu menit. Sanggeus skénario bérés disusun, pék latihan mintonkeun éta paguneman di hareupeun kelas. Dina latihan kudu dititénan rengkuh urang contona rengkuh dina sasalaman atawa dina keur nyarita jeung lentong omongan urang. Itung-itung maén sandiwara. Ngan baé, anu diutamakeun ku urang mah lain éktingna atawa gésturna, tapi kudu leuwih némbongkeun kamampuh urang ngagunakeun basa Sunda jeung tatakrama dina nyarita. PA N G AJ A R A N BIOGRAFI 33 Sumber: dokumen pribadi 34 Pamekar Diajar BASA SUNDA Pikeun Murid SMAMASMKMAK Kelas X B iograi téh sok disebut ogé riwayat hirup bio: hirup; grai: catetan atawa tulisan. Eusina ngadadarkeun riwayat hirup hiji jalma, boh nu jumeneng kénéh atawa nu geus maot. Ti mimiti brolna ka alam dunya, kumaha keur leutikna, kumaha sakolana, karierna, préstasina, karyana, jeung sajabana. Téks-téks biograi téh sok diperlukeun keur rupa- rupa kaperluan. Di antarana baé keur ngalamar pagawéan, pangéling-ngéling kana jasa hiji jalma, atawa keur jadi dokuméntasi sajarah. Réa buku-buku biograi anu tuluy kasohor lantaran eusina ngungkabkeun gagasan, lalampahan, jeung ketak hiji inohong atawa jalma nu dianggap penting. Upamana baé biograi Mahatma Gandhi, biograi Anne Frank, biograi Ir. Sukarno, Biograi Présdién Suharto, jeung sajabana. Dina ieu pangajaran urang bakal mikawanoh wanda téks biograi, ngaanalisis unsur-unsur biograi, neuleuman mangpaat biograi, jeung nyusun karangan biograi.

A. Maca Téks Biograi