53
Pamekar Diajar
BASA SUNDA
Pikeun Murid SMAMASMKMAK Kelas X
mimiti digunakeun keur rupa-rupa kaperluan. Upamana keur ngaran jalan, ngaran plang, ditulis dina kaos, dijieun
kaligrai, jeung sajabana.
Bulan April taun 2008, aksara Sunda baku atawa anu disebut aksara
kaganga téa téh ahirna dipaténkeun jeung didaftarkeun ka
Unicode Internasional pikeun ditetepkeun jadi
font dina komputer. Ku éta tarékah, kiwari urang bisa ngagunakeun aksara Sunda maké komputer. Tinggal
dipilih font-na dina daftar font nu aya dina komputer urang.
Tangtu baé, sangkan bisa digunakeun dina komputer font kaganga-na kudu diinstalkeun heula kana komputer
urang.
Conto fotmat keyboard aksara Sunda dina komputer.
D. Nyalin Téks kana Aksara Sunda
Saméméh prak nyalin titénan heula pituduh ieu di handap
a. Aya sawatara aksara anu cara nuliskeunana boga
variasi, nyaéta aksara ja, ta jeung ya. Rék nu mana baé gé bisa dipaké. Titénan variasina:
j t
y
j t
y
b. Ulah sambarangan maéhan aksara dasar. Gunakeun
rarangkén keur kaéféktifan.
54
Pamekar Diajar
BASA SUNDA
Pikeun Murid SMAMASMKMAK Kelas X
Contona:
robh;
kuduna
robH
robah
kG;kuG;
kuduna
kNkuN
kangkung
bGor;
kuduna
bGoQ
bangor c.
Ulah poho, cara nuliskeun angka salilana dihapit ku garis nangtung. Contona:
Bbn;duN, |5| Ok;tobe Q|2013|
En;dog; [tH hQgn |15.000| rupiA
skilon
d. Dina nuliskeun aksara Sunda téh boh aksarana boh
spasina kudu proporsional. Ulah rékép teuing, ulah anggang teuing, ngarah babari dibacana.
Ayeuna pék cobaan nyalin téks tina aksara Latén ieu di handap kana aksara Sunda. Dina nyalin masing
bener nuliskeunana sarta ulah poho cara merenahkeun rarangkénna.
a.
Kacaritakeun éta dua sato geus nepi ka kebon cabé Pa Tani. Sakadang Monyét ngajlengan pager, ari
Sakadang Kuya moncor ti handap. Sakadang Monyét gancang mipitan céngék nu bareureum, am didahar.
Pok ngomong bari cowong, “Seuhah lata-lata, maling cabé lada ngeunah.....” cenah. “Onyét,” Sakadang
Kuya ngagebés, “Nanaonan éta téh? Kumaha lamun kanyahoan ku Pa Tani?”
Pancén 3
55
Pamekar Diajar
BASA SUNDA
Pikeun Murid SMAMASMKMAK Kelas X
b. kulitna héjo carulang
beungeutna ngadaun seureuh panonna cureuleuk
halisna ngajelér paéh Pangambung kuwung-kuwungan
tarangna téja mentrangan Rambutna galing muntang
gadona endog sapotong pipina kadu sapasi
Lambeyna ngadodol cina beureum asli bawa ngajadi.
E. Ngagunakeun Aksara Sunda
Sabada aksara Sunda disosialisasikeun ka masarakat, tétéla geus jadi inspirasi réa jalma keur nyieun rupa-rupa
karancagéan tina éta aksara. Lain ngan sakadar jadi ték anu biasa. Aksara Sunda aya nu dijieun kaligrai dina
lukisan, aya nu dijieun mural lukisan dina témbok, aya ogé anu dijieun patung jeung ukiran. Titénan gambarna;
56
Pamekar Diajar
BASA SUNDA
Pikeun Murid SMAMASMKMAK Kelas X
Pék hidep nyiptakeun kréativitas sorangan ngagunakeun aksara Sunda. Upamana nyieun desain
kaos, desain gelas atawa cangkir, nyieun poster, nyieun plang jalan atawa gedong, atawa bisa ogé nyieun mérk
hiji produk ngagunakeun aksara Sunda siga conto-conto di luhur. Pigawé léngkah-léngkah ieu di handap
a.
Pék jieun kelompok anu anggotana tilu atawa opat urang.
b. Unggal kelompok nyieun produk anu béda-béda.
Upamana: -
Kelompok I : nyieun desain kaos. -
Kelompok II : nyieun desain cangkir, gelas, atawa piring.
- Kelompok III : nyieun desain poster. Upamana
poster miara lingkungan, poster anti narkoba, poster pestival budaya Sunda, jsb.
- Kelompok IV : nyieun plang ngaran jalan, ngaran
gedong, atawa ngaran-ngaran tatangkalan. c.
Médiana bisa kaos, piring, gelas, kertas karton, duplék, triplék, spidol, cat poster, cat air, jeung
sajabana.
d. Sanggeus jadi, pék pamerkeun atawa tapelkeun karya
hasil kelompok téh di tempat-tempat anu merenah.
Pancén 4
PA N
G
AJ A
R
A
N
DONGÉNG
57
58
Pamekar Diajar
BASA SUNDA
Pikeun Murid SMAMASMKMAK Kelas X
T
radisi dongéng téh aya di mamana. Méh unggal bangsa boga dongéng séwang-séwangan. éta
dongéng téh diwariskeun turun-tumurun ti
karuhun ka generasi nu leuwih ngora, mangtaun-taun, malah boa mangabad-abad. Kabiasaan ngadongéng lain
baé jadi alat keur ngahibur atawa keur kalangenan, tapi nu utamana mah dongéng téh ngawariskeun ajén-inajén.
Dongéng biasana ngawariskeun hiji naséhat, malah mandar jadi eunteung dina kahirupan. Malah di sawatara
wewengkon mah, dongéng téh ngahaja diciptakeun. Dijieun carita anyar atawa dijieun ilm. Ari maksudna
mah sarua, ngajarkeun naséhat anu hadé.
Dina pakumbuhan urang Sunda, ogé kapanggih rupa-rupa dongéng. Umumna éta dongéng téh nyebar
sacara lisan ti generasi ka generasi. Lantaran éta dongéng anu warna-warni téh sok tuluy didongéngkeun deui,
antukna sok muncul rupa-rupa vérsi. Contona baé, dongéng ngeunaan Prabu Siliwangi atawa ngeunaan
Sangkuriang téh sok kapanggih di sawatara tempat. Biasana sok dipatalikeun jeung kaayaan atawa kabiasaan
di hiji tempat.
Ka dieunakeun aya nu pirajeunan nyatet-nyatetkeun dongéng, tuluy dikumpulkeun dina wangun buku.
Tapi éta dongéng téh tetep hirup dina tradisi lisan. Sok dipasanggirikeun, atawa didongéngkeun deui ku
indung atawa ku bapa, atawa ku Ibu jeung Bapa Guru, ka barudakna atawa ka siswa di sakola.
Dina ieu pangajaran urang bakal mikawanoh warna-warni dongéng, papasingan dongéng, nganalisis
unsur-unsur jeung ciri dongéng, sarta ngaéksprésikeun dongéng.
59
Pamekar Diajar
BASA SUNDA
Pikeun Murid SMAMASMKMAK Kelas X
A. Warna-warni Dongéng