101
Pamekar Diajar
BASA SUNDA
Pikeun Murid SMAMASMKMAK Kelas X
f. Kumaha pamadegan hidep kana sikep Radén Darmawan anu nyadiakeun lombang kuburan ancoeun anjeunna dipaké keur
ngurebkeun layon Aki Uki? Cindekkeun, amanat naon anu hayang ditepikeun ngaliwatan carita di luhur téh?
Amanat téh pesen atawa piwejangpiwuruk anu hayang ditepikeun ngaliwatan carita ka nu maca. Dina carita “Kuburan”, urang
manggihan sipat hadé Radén Darmawan anu luyu jeung ngaranna, jalma dermawan. bageurna téh lain baé béréhan dina soal kadaharan,
tapi deui iklas nyadiakeun lombang kuburan keur anjeunna ka Aki Uki. Malah Aki Uki teu dibéda-béda jeung kulawarga anjeunna anu
séjén, disadarajatkeun posisina jeung terah ménak kulawadetna. Kitu apan kuduna, nu beunghar téh daék tutulung ka nu butuh nalang ka
nu susah.
C. Kamekaran Carpon
Ayana wangun carita pondok carpon dina sastra Sunda téh pangaruh ti éropa. Pangpangna pangaruh ti Walanda, nu kungsi ngajajah
urang. Harita mah istilahna bisa disebut henteu pati tétéla, da masih disaruakeun jeung dongéng. Munculna kira-kira katompérnakeun abad
ka-19. Di éropa jeung di Amérika, disebutna
short story. Dina buku
Soendanesche Bloemlezing, susunan G.J. Grashuis nu terbit taun 1881 kamuat dua carita karangan R.H. Moehamad Moesa, anu mun
ditilik eusi caritana mah geus nyumponan pikeun disebut carpon nu geus béda jeung wangun dongéng. éta dua carita téh judulna “Hibat” jeung
“Santri Gagal”. “Hibat nyaritakeun anak nu keukeuh ménta warisan ti bapana, ari “Santri Gagal” nyaritakeun kahirupan dua sadulur nu béda
nasib lantaran kalakuanana séwang-séwangan.
Awal abad ka-20 beuki réa nu nulis carita pondok, utamana sabada medal majalah
Papaos Nonoman jeung Parahiyangan. Dina éta majalah sering kapanggih karangan nu mangrupa carpon. Dina majalah
Parahiyangan mah réréana dimuat dina édisi lebaran. Taun 1930, terbit buku kumpulan
carita pondok anu munggaran ku alpukahna Balé Pustaka. Judulna Dogdog Pangréwong, ngamuat dalapan carita, karangan jalma anu maké
inisial G.S.
102
Pamekar Diajar
BASA SUNDA
Pikeun Murid SMAMASMKMAK Kelas X
Sabada nagara urang merdéka, beuki réa baé nu ngarang carita pondok téh. Henteu ngalaman aya pagedrug paham deuih. Teu siga
wangun sajak nu kungsi teu diaku jadi banda budaya urang Sunda. Malah dina taun 1960-an mah kamekaran wangun carpon téh kacida
suburna sabada medal rupa-rupa majalah Sunda, di antarana
Warga, Sunda, Manglé, Sari, Langensari, jeung sajaba ti éta. Buku kumpulan carpon
ogé réa diterbitkeun. Di antarana baé Carita Biasa karangan RAF 1959,
Papacangan karangan Rusman Sutiasumarga 1960, Hujan Munggaran karangan Ayat Rohaédi 1960,
Néangan karangan Caraka 1962, Di Luhureun Jukut Reumis karangan Yus Rusyana 1965, jeung sajaba ti éta.
Nepi ka kiwari carpon Sunda terus mekar sarta ditulis ku pangarang nu leuwih ngarora. Kitu deui majalah jeung koran Sunda tuluy ngamuat
karangan carpon. Buku kumpulan carpon ogé masih diterbitkeun saban taun. Rupa-rupa hadiah sastra ogé dipasrahkeun ka pangarang-pangarang
carpon pinunjul. Di antarana baé hadiah sastra Rancagé nu dipasrahkeun saban taun keur buku sastra Sunda pinunjul.
Ieu di handap sawatara pangarang Sunda nu kungsi dilélér hadiah sastra Rancagé keur buku kumpulan carponna.
Pangarang Judul Buku Kumpulan
Carpon Taun dilélér
hadiah
Yus Rusyana Jajatén Ninggang Papastén
1989 Iskandarwassid
Halimun Peuting 1990
Godi Suwarna Serat Sarwasastra
1996 Caraka
Awéwé Dulang Tinandé 1998
Darpan Nu Harayang Dihargaan
1990 Mh. Rustandi
Kartakusumah Amanat Dina Napas
Panungtungan 2005
Yous Hamdan Geus Surup Bulan Purnama
2006 Rukmana Hs.
Oleh-oleh Pertempuran 2007
Usép Romli H.M. Sanggeus Umur Tunggang
Gunung 2010
Us Tiarsa Halis Pasir
2011
103
Pamekar Diajar
BASA SUNDA
Pikeun Murid SMAMASMKMAK Kelas X
D. Ngabédakeun Carpon jeung Dongéng