Uji Balik jeung Lajuning Laku Tujuan Indikator Kahontalna Kompeténsi

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 94 3 KD Téks éksplanasi nyaéta karangan anu eusina mangrupa hiji topik anu raket patalina jeung kajadianprosés fénoména alam atawa sosial anu lumangsung dina kahirupan sapopoé. Téks éksplanasi mibanda tujuan pikeun méré informasi anu lengkep tur jéntré, sangkan nu maca paham atawa ngarti ngeunaan peristiwafénoména anu kajadian. Struktur téks éksplanasi adalah: 1 general statement pedaran umum, 2 sequence of explanation runtuyan pangjéntré, jeung 3 closing panutup. Pedaran umum sipatna umum, nyaéta gambaran awal ngeunaan topik anu rék ditepikeun atawa masalah anu rék dipedar dina téks ‗eksplanasi. Pedaran umum kudu ditulis kalawan narik ati, supaya nu maca daék maca téks éksplanasi kalawan gembleng Runtuyan panjéntréruntuyan sabab musabab Sequence of Explanation Runtuyan sabab musabab mangrupa bagéan inti anu rék ditepikeun. Eusina mangrupa sabab musabab tina fénoména anu rék dipedar. Dina ieu bagéan aya rupa-rupa kécap panyambung konjungsi. Biasana dina urutan sabab musabab aya sababaraha bagéan. Bagéan ahir téks éksplanasi nyaéta panutup closing. Panutup eusina mangrupa intisari atawa kacindekan tina fénoména anu dipedar.

G. Uji Balik jeung Lajuning Laku

Pék cocogkeun hasil pagawéan Sadérék kana jawaban latihan anu geus disayagikeun di bagian tukang ieu modul. Itung jumlah jawaban anu benerna, tuluy gunakeun rumus ieu di handap pikeun ngukur kamampuh nyangkem materi ajar. Rumus: Jumlah jawaban anu benerna Tahap Pangabisa = x 100 5 Tahap pangabisa nu dihontal ku Sadérék: 90 - 100 = alus pisan 80 - 89 = alus 70 - 79 = cukup - 69 = kurang PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 95 3 Lamun Sadérék ngahontal tahap nyangkem matéri ajar 80 ka luhur, Sadérék bisa nuluykeun matéri kana Kagiatan Diajar 4. Tapi, lamun tahap ngawasa Sadérék kurang ti 80, pék balikan deres deui matéri dina Kagiatan Diajar 3, pangpangna matéri nu tacan kacangkem kalawan saregep, taliti, tur disiplin. 3 KD PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 96 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 97 KAGIATAN DIAJAR 4 WANGUN JEUNG STRUKTUR GUGURITAN SARTA CARITA PONDOK

A. Tujuan

Tujuan Kagiatan Diajar 4 1. Sanggeus maca pedaran materi, pamilon diklat mampuh ngajéntrékeun wangenan guguritan kalawan percaya diri. 2. Sanggeus diskusi, pamilon diklat mampuh méré conto wangun guguritan kalawan kréatif tur sumanget. 3. Sanggeus diskusi, pamilon diklat mampuh ngajéntrékeun adegan guguritan kalawan sumanget. 4. Sanggeus maca pedaran materi, pamilon diklat mampuh ngajéntrékeun wangenan carita pondok kalawan taliti. 5. Sanggeus diskusi, pamilon diklat mampuh ngaidéntifikasi ciri-ciri carita pondok kalawan taliti tur sumanget. 6. Sanggeus diskusi, pailon diklat mampuh ngajéntrékeun kamekaran carita pondok kalawan percaya diri. 7. Sanggeus migawe latihan, pamilon diklat mampuh méré conto wangun jeung unsur intrinsik carita pondok kalawan kréatif tur tanggung jawab.

B. Indikator Kahontalna Kompeténsi

Di handap ieu Indikator Kahontalna Kompeténsi Kagiatan Diajar 4. 1. Ngajentrekeun wangenan guguritan. 2. Mere conto wangun guguritan. 3. Ngajentrekeun adegan guguritan. 4. Ngajéntrékeun wangenan carita pondok. 5. Ngaidentifikasi ciri-ciri carita pondok. 6. Ngajéntrékeun kamekaran carita pondok. 7. Méré conto wangun jeung unsur intrinsik carita pondok. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 98

C. Pedaran Matéri 1. Wangun jeung Struktur Guguritan