Struktur Téks Éksplanasi

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 89 3

3. Téks Éksplanasi a. Wangenan Téks Éksplanasi

Téks éksplanasi nyaéta karangan anu eusina ngeunaan hiji topik anu raket patalina jeung kajadianprosés fénoména alam atawa fénoména sosial anu lumangsung dina kahirupan sapopoé. Téks éksplanasi mibanda tujuan pikeun méré informasi anu lengkep tur jéntré, sangkan nu maca paham atawa ngarti ngeunaan peristiwafénoména anu keur lumangsung. Téks éksplanasi mibanda tujuan pikeun ngajawab panalék: kumaha, naha, nepi ka dina struktur téks éksplanasi loba panalék anu sipatna ―sabab akibat‖. Conto téks éksplanasi ngeunaan: banjir caah , hujan, samagaha, longsong, gunung bitu, tsunami, jst.

b. Struktur Téks Éksplanasi

Prak Sadérék tengetan gambar struktur téks éksplanasi Gambar 3.1 Adegan Téks Éksplanasi 1 Pedaran Umum General Statement Pedaran umum mangrupa bubuka ngeunaan hal anu rék dijéntrékeun. Misalna téks ngeunaan ―Banjir‖. Prak Sadérék baca conto pedaran umum tina téks éksplanasi nu judulna ‗Banjir‘ Struktur Téks Éksplanasi 1. Pedaran Umum 2. Dérétan Pangjéntré 3. Panutup PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 90 3 KD Banjir Banjir caah nyaéta fénoména alam anu sumberna tina hujan anu ngagebrét tur waktuna lila. Banjir bisa dibalukarkeun ku alam, bisa ogé dibalukarkeun kuparipolah manusa. Banjir anu dibalukarkeun ku alam nyaéta érosi jeung sédiméntasi, curah hujan, pangaruh fisiografigeofisik walungan, kapasitas walungan, drainase, lahan, jeung pangaruh cai pasang. Banjir anu dibalukarkeun ku paripolah manusa nyaéta robahna tata guna halan, tempat pamiceunan runtah, kawasan pinuh penduduk di sapanjang walungan, jeung rusakna wangunan anu nahan banjir. rovicky.wordpress.com Gambar 3. 3 Daerah Potensi Banjir 2 Runtuyan PangjéntréUrutan Sabab Musabab Sequence of Explanation Runtuyan sabab musabab mangrupa bagéan inti anu rék ditepikeun. Eusina mangrupa sabab musabab tina fénoména anu rék dipedar. Dina ieu bagéan aya rupa-rupa kecap panyambung konjungsi. Biasana dina urutan sabab musabab aya sababaraha bagéan. Prak Sadérék baca téks runtuyan pangjéntré ieu di handap Banjir anu dibalukarkeun ku faktor sosial contona ayana parobahan tata guna lahan. Lamun aya leuweung anu deukeut aliran walungan dirobah jadi padumukan masarakat, tinangtu debit cai di walungan ngaronjat antara 6 nepi ka 20 kali. Angka 6 jeung angka 20 gumantung kana rupa leuweung jeung rupa padumukan anu PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 91 3 ngarobahna. Ku kituna, masalah padumukan masarakat anu padet, kotor mangrupa faktor sosial anu ngabalukarkeun ayana banjir di pakotaan. Sumber: kabarrakyat.co Gambar 3. 4 Banjir di Indramayu Jawa Barat Sumber: www.kaskus.co.i Gambar 3. 5 Penduduk sabudeureun jalan anu runtuh waktu bajir di Toowoomba, 105 km 65 mil barat Brisbane tanggal 10 Januari 2011 3 Panutup Bagéan ahir téks éksplanasi nyaéta panutup closing. Panutup eusina mangrupa intisari atawa kacindekan tina fénoména anu dipedar. Dina bagéan panutup ogé ditambahan ku saran atawa tanggapan panulis ngeunaan éta fénoména. Panutup sipatna opsional, jadi bisa aya bisa ogé teu aya dina téks éksplanasi. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 92 3 KD

c. Kaédah Basa Téks Éksplanasi