Wangenan Modél Pangajaran Berbasis Proyek Project Based Learning

2 KD PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 50 2 Meunteun Portofolio Meunteun portofolio mangrupa meunteun anu tuluy tumuluy tur dumasar kana kumpulan informasi anu ngagambarkeun mekarna kamampuh siswa dina kurun waktu anu geus ditangtukeun hiji periode. Informasi mekarna kamampuh siswa bisa mangrupa hasil karya anu pinunjul salila siswa diajar, hasil tés, piagam penghargaan, atawa wangun informasi lainna anu raket patalina jeung kompeténsi mata pelajaran basa Sunda. Portofolio diperlukeun pikeun dianalisis sangkan bisa mikaweruh kamajuan diajar siswa dina kurun waktu nu geus ditangtukeun. 3 Meunteun Poténsi Diajar Meunteu ditujukeun pikeun ngukur poténsi diajar siswa, nyaéta ngukur kamampuh anu bisa dironjatkeun kalawan dibantu ku guru atawa siswa séjénna anu leuwih maju. PBL anu mangrupa pancén pikeun ngungulan masalah méré kamungkinan ka siswa pikeun mekarkeun jeungngawanohkeun kana poténsipikeun siap diajar. 4 Meunteun Usaha Kelompok Meunteun usaha kelompok saperti dina pangajaran kooperatif bisa ogé dilakukeun dina PBL. Penilaian luyu jeung modél pangajaran berbasis masalah nyaéta meunteun hasil gawé siswa dituluykeun ku ngasawalakeun hasil gawé kalawan babarengan.

3. Modél Pangajaran Berbasis Proyek Project Based Learning di SMASMK

a. Wangenan Modél Pangajaran Berbasis Proyek Project Based Learning

Pangajaran Berbasis Proyek atawa Project Based Learning PjBL nyaéta modél pangajaran anu ngalibetkeun siswa dina hiji kagiatan proyek sarta ngahasilkeun produk. Ieu model pangajaran teh, larapna di SMA, SMK diluyukeun jeung kaayaan psikologis, fisik, minat, ide, gagasan, lingkungan fisik, jeung tingkatan ikir siswa SMASMK. Kalibetna siswa ti mimiti ngararancang, ngalaksanakeun, jeung ngalaporkeun hasil kagiatan mangrupa 2 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 51 produk jeung laporan kagiatanana student centre. Ieu modél pangajaran ngutamakeun kana prosés pangajaran jangka panjang. Siswa ulubiung langsung dina mangrupa-rupa issu jeung masalah kahirupan sapopoé, diajar kumaha carana ngungkulan masalah nu aya dina kahirupan sapopoéna. PjBL dirarancang dina raraga: 1 ngadorong jeung ngabiasakeun siswa pikeun manggihan sorangan inquiry, ngalakukeun panalungtikankajian, nerapkeun kaparigelan ngarancang planning skills, mikir kritis critical thinking, jeung ngungkulan masalah problem-solving skills dina ngaréngsékeun hiji kagiatanProyek; 2 ngadorong siswa pikeun nerapkeun pangaweruh, kaparigelan, jeung sikep dina rupa-rupa kontéks a variety of contexts dina ngaréngsékeun kagiatanproyék; 3 mérépeluang ka siswa sangkan diajar nerapkeun kaparigelan interpersonal interpersonal skills jeung gawé kolaboratif dina hiji tim. PjBl mérékasempetan ka siswa pikeun ngagali kontén matéri ku caragaya diajarna masing-masing, dina wadah gawé kolaboratif. b. Karakteristik Model Pangajaran PjBL Karakteristik PjBL ngawengku: 1 Siswa nyieun kaputusan sorangan ngeunaan hiji rancangan gawé, 2 Ayana masalah atawa tantangan anu disodorkeun ka siswa, 3 Siswa ngadesain prosés pikeun nangtukeun solusi ngeunaan masalah anu rék dipigawé, 4 Siswa kalawan kolaboratif tanggung jawab pikeun ngaaksés jeung ngolah, 5 informasi pikeun ngungkulan masalah, jeung 6 Prosés évaluasi dilakukan kalawan terus-terusan kontinyu, 7 Siswa kalawan maneuh ngalakukeun réfléksi ngeunaan pagawéan anu geus dilakukeun, 8 Produk ahir hasil gawé baris dievaluasi kalawan kualitatif, jeung 9 Situasi prosés diajar ngajar mérétoléran kana parobahan.

c. Kaunggulan jeung Kahéngkéran Modél Pangajaran PjBL