PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
111
Carita pondok téh nyaéta carita rékaan fiksi tina tingkah laku manusa anu nyaritakeun kahirupan masarakat atawa manusa sapopoé anu méré
kesan lir enya-enya kajadian. Eusina biasana teu leupas tina ajén atikan jeung moral pikeun pieunteungeun atawa picontoeun hususna anu
macana.
Carita pondok téh sok disingget jadi carpon. Carpon téh najan nyaritakeun hirup jeung huripna manusa, tangtu lain sagemblengna, biasana ukur
nyokot tina sempalan épisode kajadian utama manusa. Pantes mun ieu
genre sok disebut carita pondok ogé lantaran ukuranana pondok. Lebah ukuran pondok téa, aya nu diukur ku jumlah kecapna antara 5.000-
10.000 kecap. Aya ogé anu diukur ku waktu macana, kurang leuwih saparapat jam, upama dibaca nepi ka réngsé téh.
b. Ciri-ciri Carita Pondok
Unggal carita miboga ciri anu mandiri anu ngabédakeun jeung karya lianna. Carita pondok ngabogaan ciri-cirina nu mandiri. Sumardjo 1980
nyebutkeun yen carita pondok teh wangun fiksina pondok, sifat caritana naratif, lain argumentatif, carita fiksi tapi kudu réalistis mangrupa hiji
kajadian. Leuwih lengkep deui, ceuk Tarigan 1994: 177-178, carita pondok miboga ciri-ciri, nya éta:
1 Wangun fiksina pondok; hartina wangun fiksina pondok nyaéta
saumpama ditilik tina jumlah kecapna atawa caritana leuwih saeutik tibatan prosa-prosa séjén
2 Sifat caritana naratif; hartina sifat caritana naratif nya éta carita pondok téh ngan ukur nyaritakeun kajadian-kajadian nu kaalaman ku palaku,
lain déskriptif, arguméntatif atawa analisis 3 Caritana mangrupa karangan fiksi; hartina dina carita pondok nya éta
anu dicaritakeun téh mangrupa kajadian anu lain saenyana atawa bener-bener anu kaalaman ku manusa ukur rékaan
4 Eusi carita umumna réalistis; hartina najan mangrupa hasil rékayasa pangarang, tapi tetep jalan caritana kudu kaharti ku akal
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
112
4
5 Carita pondok kudu mangrupa hiji kajadian; hartina carita pondok nyaritakeun hiji kajadian kudu gembleng atawa museur kana hiji
implengananu jadi téma dina éta carita 6 Basa nu digunakeun kudu singget tapi munel, seukeut, sugestif jeung
ngirut; hartina basa anu digunakeun dina carita pondok téh kudu singget, teu ngayayay, munel, seukeut jeung sugestif anu narik ati
pikeun nu maca.
c. Kamekaran Carita Pondok
Carita pondok mimiti aya dina pajemuhan sastra Sunda dina majalah Parahiangan, ahir taun 1920-an. Ari kumpulan carita pondok anu
munggaran dina basa Sunda nya éta Dog-dog Pangréwong karangan G.S. anu medal taun 1930. Jadi leuwih ti heula genep taun, upama
dibandingkeun jeung buku carita pondok munggaran dina sastra Indonésia, Téman Duduk karangan M. Kasim, anu terbit taun 1936.
Minangka gambaran sejen tina kamekaran carita pondok, di antarana, ebreh tina buku-buku kumpulan carita pondok. Geura urang tataan
sawatara judul buku kumpulan carita pondok katut pangarangna atawa nu ngumpulkeunana. Contona:
1 Aam Amilia: Panggung Wayang; 2 Abdullah Mustappa: Nu Teu Kungsi Kalisankeun;
3 Ahmad Bakri: Ki Mérébot, Ayatrohaédi: Hujan Munggaran; 4 Caraka sandiasma Wiranta: Néangan;
5 Éddy D. Iskandar: Tali Asih anu Nganteng, Lembur Singkur
Panineungan; 6 Godi Suwarna: Murang-maring, Serat Sarwasatwa.
Salian ti éta, aya antologi carita pondok, nya éta Kanjut Kundang dihijikeun jeung puisi katut sempalan novel beunang Ajip Rosidi jeung
Rusman Sutiasumarga, Sawidak Carita Pondok dikumpulkeun ku Duduh Durahman, Abdullah Mustappa, jeung Karno Kartadibrata, Guriang Tujuh,
kumpulan karya parapangarang wanita ―patrem‖, Petingan, beunang
PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017
113
Duduh Durahman, Salumar Sastra dihijikeun jeung puisi katut éséy, mangrupa kumpula
n pinunjul ―Hadia Sastra LBSS‖.
d. Papasingan Carita Pondok