Prinsip-prinsip Pamarekan Komunikatif dina Pangajaran Basa Sunda di SMASMK Karakteristik Kamampuh Komunikatif

1 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 15 4 Kompeténsi Stratégis Kompeténsi stratégi pakait jeung kuatna stratégi dina waktu lumangsungna komunikasi ngagunakeun basa Sunda nu ngawengku: ngamimitian, eureun, mertahankeun, ngoméan, jeung museurkeun deui komunikasi.

c. Prinsip-prinsip Pamarekan Komunikatif dina Pangajaran Basa Sunda di SMASMK

Prinsip-prinsip pamarekan komunikatif numutkeun Richards 2006, ngawengku: 1 komunikasi anu nyata jadi fokus dina pangajaran basa Sunda ; 2 guru méré kasempetan ka siswa pikeun ngalaksanakeun ékspérimén rupa-rupa kompeténsi anu geus kapimilik ku dirina; 3 guru méré toléransi kana kasalahan-kasalahan basa Sunda anu dilakukeun ku siswa, lantaran jadi pituduh ayana prosés mekarkeun kompeténsi komunikasi; 4 guru méré kasempetan ka siswa pikeun mekarkeun kalancaran ngagunakeun basa; 5 guru matalikeun rupa-rupa kaparigelan basa Sunda nu ngawengku: ngaregepkeun, nyarita, maca, jeung nulis kalawan babarengan; jeung 6 guru ngondisikeun siswa sangkan manggihan sorangan tata aturan basa.

d. Karakteristik Kamampuh Komunikatif

Aya sawatara karakteristik kamampuh komunikasi Santosa spk., 2008: 237, nu ngawengku: 1 kompeténsi komunikatif sipatna dinamis. Hartina, kompeténsi gum antung kana négosiasi ma‘na antara dua urang panyatur atawa leuwih; 2 kompeténsi komunikatif ngawengku ngagunakeun basa lisan jeung tulisan; 3 kompeténsi komunikasi sipatna kontékstual, lumangsung dina hiji kontéks; 4 kompeténsi komunikatif ngawengku kompeténsi basa gramatikal jeung kamampuh nyieun aturan gramatikal sarta prakna ngagunakeun basa; jeung 5 kompeténsi komunikatif sipatna rélatif, gumantung aspék internal boh eksternal. Pamarekan komunikatif boga opat karakteristik, nu ngawengku: kahiji, sasaran kelas difokuskeun kana sakabéh komponén komunikasi napak dina kompeténsi gramatikal atawa linguistik; kadua, téhnik-téhnik PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 16 1 pangajaran basa dirancang pikeun ngaaktipkeun siswa ngagunakeun basa kalawan pragmatis, oténtik, fungsional, jeung aya m a‘na; katilu, parigel jeung merenah mangrupa prinsip-prinsip anu ngalengkepan téhnik-téhnik komunikatif; jeung kaopat, di kelas kudu produktif ngagunakeun basa jeung merenah luyu kontéksna. 1 Ngolah informasi. 2 Bagi-bagi jeung ngolah informasi. 3 Bagi-bagi informasi dina komunikasi anu kawatesanan. 4 Bagi-bagi informasi dina komunikasi anu taya watesna. Gambar 1.4 Komunikasi Fungsional 1 Improvisasi 2 Lakon pondok tur lucu 3 Rupa-rupa simulasi 4 Dialog jeung bermain peran 5 Sistem konversasi jeung sawala 6 Debat Gambar 1. 4 Komunikasi Interaksi Sosial

e. Aspék-aspék anu Raket Patalina jeung Pamarekan Komunikatif