Tingkesan Modul C PKB Bahasa Sunda untuk SMA SMK Edisi Revisi 2017 BS SMA MODUL C 3

PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 93 3

F. Tingkesan

Tatakrama basa biasa disebut oge undak usuk basa. Numutkeun sawatara ahli asupna undak-usuk kana basa Sunda téh ti mimiti abad ka-17, dina mangsa sabagian tatar Sunda kaereh ku Mataram. Utamana wewengkon Priangan, saperti: Ciamis, Tasikmalaya, Garut, Bandung, Sumedang, Sukabumi, jeung Cianjur Tamsyah 1987: 9. Numutkeun Sudaryat, Spk. 2013: 294 undak usuk basa atawa tatakrama basa mangrupa sopan santun makéna basa dina waktu komunikasi. Ieu sopan santun étikét téh geus di sayuluan jeung dianjénan jadi hiji kahadéan ku warga masarakatna pikeun silih hormat jeung silih anjénan. Palebah dieu, undak usuk basa atawa tatakrama basa téh jadi hiji sistem ngagunakeun ragam basa hormat-teu hormat anu raket patalina jeung kakawasaan, kalungguhan, kaakraban, jeung kontak antara panyatur jeung pamiarsa katut jalma nu dicaritakeun. Tatakrama basa di SMP kacida perlu diajarkeun, lantaran kujalan ngajarkeun tatakrama basa, sacara teu langsung ngajarkeun oge karakter kasopanan, rasa hormat, silih ajénan, silih pikanyaah, rasa hormat ka saluhureun, ka guru, ka kolot, jeung kaluhuran budi pekerti. Dina ieu pedaran, undak-usuk basa Sunda diwangun ku: basa Sunda Loma, basa Sunda Sedeng, jeung basa Sunda lemes. Basa Sunda Loma. digunakeun ka sasama, ka babaturan anu geus loma. Salian ti éta, bareto mah sok dipaké ogé pikeun nyarita ka jalma anu sahandapeunana, pangkatna, umurna, atawa pikeun nyaritakeun jalma nu sahandapeun upama anu dicaritakeunana téh sahandapeun nu diajak nyarita. Sora basa téh sipatna miganda, nyaéta sora ucap parole jeung sora pikir langue. Sora ucap atawa fon mangrupa sora anu dikedalkeun ku baham, anu diulik ku tata sora fonetik. Ari sora pikir atawa foném mangrupa sora anu kadéngéna béda atawa mirip tur sok ngabédakeun harti kecap, anu diulik ku tata fonem fonemik. Ambahan tata sora dina ieu buku ngawengku genep hal, nyaéta 1 sora basa, foném, jeung aksara; 2 alat ucap; 3 warna foném vokal jeung konsonan katut cara ngawangunna; 4 runtuyan sora, engang, jeung kecap; 5 ciri-ciri supraségméntal; jeung 6 rinéka sora. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 94 3 KD Téks éksplanasi nyaéta karangan anu eusina mangrupa hiji topik anu raket patalina jeung kajadianprosés fénoména alam atawa sosial anu lumangsung dina kahirupan sapopoé. Téks éksplanasi mibanda tujuan pikeun méré informasi anu lengkep tur jéntré, sangkan nu maca paham atawa ngarti ngeunaan peristiwafénoména anu kajadian. Struktur téks éksplanasi adalah: 1 general statement pedaran umum, 2 sequence of explanation runtuyan pangjéntré, jeung 3 closing panutup. Pedaran umum sipatna umum, nyaéta gambaran awal ngeunaan topik anu rék ditepikeun atawa masalah anu rék dipedar dina téks ‗eksplanasi. Pedaran umum kudu ditulis kalawan narik ati, supaya nu maca daék maca téks éksplanasi kalawan gembleng Runtuyan panjéntréruntuyan sabab musabab Sequence of Explanation Runtuyan sabab musabab mangrupa bagéan inti anu rék ditepikeun. Eusina mangrupa sabab musabab tina fénoména anu rék dipedar. Dina ieu bagéan aya rupa-rupa kécap panyambung konjungsi. Biasana dina urutan sabab musabab aya sababaraha bagéan. Bagéan ahir téks éksplanasi nyaéta panutup closing. Panutup eusina mangrupa intisari atawa kacindekan tina fénoména anu dipedar.

G. Uji Balik jeung Lajuning Laku