Uji Balik jeung Lajuning Laku Tujuan

2 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 61 Prinsip-prinsip prosés diajar ngajar dina modél PBL, ngawengku: 1 konsép dasar, 2 wangenan masalah, 3 diajar mandiri, 4 silih tukeur pangaweruh, jeung 5 penilaian. Lima fase modél pangajaran PBL, nyaéta: a oriéntasi masalah, b ngaorganisasikeun siswa, c ngabimbing panalungtikan individukelompok, d mekarkeun jeung nyodorkeun hasil karya siswa, sarta e ngaanalisis jeung ngaévaluasiprosés ngungkulan masalah Pangajaran Berbasis Proyek atawa Project Based Learning PjBL nyaéta modél pangajaran anu ngalibetkeun siswa dina hiji kagiatan proyék nu ngahasilkeun produk. Kalibetna siswa ti mimiti ngararancang, ngalaksanakeun, jeung ngalaporkeun hasil kagiatan mangrupa produk jeung laporan kagiatanana student centre. Karakteristik Modél Pangajaran PjBL: a siswa nyieun kaputusan sorangan ngeunaan hiji kerangka kerja, b ayana masalah atawa tantangan anu disodorkeun ka siswa, c siswa ngadesain prosés pikeun nangtukeun solusi ngeunaan masalah anu rék dipigawé, d siswa kalawan kolaboratif tanggung jawab pikeun ngaaksés jeung ngolah informasi pikeun ngungkulan masalah, e prosésévaluasi dilakukan kalawan terus-terusan kontinyu, f siswa kalawan maneuh ngalakukeun réfléksi ngeunaan pagawéan anu geus dilakukeun, g produk ahir hasil gawé baris diévaluasi kalawan kualitatif, jeung h situasi prosés diajar ngajar mérétoléran kana kasalahan. Léngkah-léngkah Modél PjBL: a nangtukeun panalék ésénsial start with teh essential question, b ngadesain rancangan proyék design a plan for teh project, c nyusun jadwal create a schedule, d ngamonitor siswa jeung kamajuan proyek monitor teh students and teh progress of teh project, e nguji hasil assess teh outcome, jeung f ngaévaluasi pangalaman evaluate teh experience.

G. Uji Balik jeung Lajuning Laku

Pek cocogkeun hasil pagawéan Sadérék kana jawaban latihan anu geus disadiakeun di bagian tukang ieu modul. Itung jumlah jawaban anu benerna, tuluy gunakeun rumus ieu di handap pikeun ngukur kamampuh nyangkemmatéri ajar. 2 KD PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 62 Rumus: Jumlah jawaban anu benerna Tahap Pangabisa = x 100 5 Tahap pangabisa nu dihontal ku Sadérék: 90 - 100 = alus pisan 80 - 89 = alus 70 - 79 = cukup - 69 = kurang Lamun Sadérék ngahontal tahap nyangkem bahan 80 ka luhur, Sadérék bisa nuluykeun bahan kana matéri Kagiatan Diajar 3. Tapi, lamun tahap ngawasa Sadérék kurang ti 80, pék balikan deui sarta deres matéri dina Kagiatan Diajar 2, pangpangna matéri nu tacan kacangkem kalawan mandiri tur daria. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 63 3 PROFÉSIONAL: TATAKRAMA BASA, POLA SORA BASA, TÉKS ÉKSPLANASI, GUGURITAN, JEUNG CARPON DI SMASMK PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 64 3 KD PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 65 3 KAGIATAN DIAJAR 3 TATAKRAMA BASA, POLA SORA BASA, JEUNG TÉKS ÉKSPLANASI

A. Tujuan

Tujuan kagiatan diajar 3 saperti ieu di handap. 1. Sanggeus maca modul, pamilon diklat mampuh ngajéntrékeun wangenan tatakrama basa kalawan kréatif. 2. Sanggeus maca, pamilon diklat mampuh ngaidéntifikasi prinsip-prinsip tatakrama basa kalawan percaya diri. 3. Sanggeus tanya jawab, pamilon diklat mampuh ngaidéntifikasi panta- panta basa Sunda kalawan daria. 4. Sanggeus sawala, pamilon diklat mampuh méré conto basa Sunda lemes keur ka batur dina wangun kalimah nu merenah. 5. Sanggeus maca modul, pamilon diklat mampuh ngaidéntifikasi ambahan pola sora, pola sora basa, fonem, jeung konsonan basa Sunda kalawan tanggung jawab jeung percaya diri. 6. Sanggeus tanya jawab, pamilon diklat kalawan babarengan mampuh ngajéntrékeun runtuyan sora, engang, kecap, kluster, ciri-ciri suprasegmental, jeung rineka sora basa Sunda kalawan taliti. 7. Sanggeus maca modul, pamilon diklat mampuh ngajéntrékeun wangenan téks éksplanasi kalawan taliti. 8. Sanggeus sawala babarengan, pamilon diklat mampuh ngaidéntifikasi struktur téks éksplanasi kalawan kréatif. 9. Sanggeus sawala, pamilon diklat mampuh ngaidéntifikasi kaédah basa téks éksplanasi kalawan taliti.

B. Indikator Kahontalna Kompetensi