Tingkesan Uji Balik jeung Lajuning Laku

1 PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 33

G. Tingkesan

Basa mangrupa alat komunikasi pikeun rupa-rupa fungsi, pikeun: 1 ngébréhkeun informasi faktual ngaidéntifikasi, ngalaporkeun, nanya, jeung ngoréksi; 2 ngébréhkeun sikep inteléktual satuju-teu satuju; 3 ngébréhkeun sikep moral ménta hampura, ngébréhkeun rasa kaduhung, pangajén; jeung 4 sosialisasi ngawanohkeun diri, ngawilujengkeun, ménta diperhatikeun. Pamarekan komunikatif nyaéta pamarekan pangajaran basa anu tujuanana pikeun ngawangun kompeténsi komunikatif. Lian ti éta pamarekan komunikatif ogé digunakeun pikeun mekarkeun prosedur-prosedur opat kaparigelan basa siswa, nu ngawengku: ngaregepkeun, nyarita, maca, jeung nulis. Hartina, pangajaran dipiharep ngaronjatkeun kamampuh komunikasi basa Sunda siswa, boh lisan atawa tulisan, boh resmi boh teu resmi. Patali jeung kompeténsi komunikatif, Canale jeung Swain dina Solichan, 2001:6.19 nétélakeun yén aya opat unsur anu raket patalina jeung kamampuh komunikatif, nyaéta: 1 kamampuh gramatikal nyaéta kamampuh panyatur ngagunakeun kaidah gramatikal, 2kamampuh sosiolinguistik, nyaéta kamampuh panyatur ngeunaan kontéks sosial tempat lumangsungna komunikasi, 3 kamampuh wacana, nyaéta kamampuh panyaturmidangkeun maksud-maksud komunikasi kalawan merenah, jeung 4 kamampuh stratégi, nyaéta kamampuh panyatur ngagunakeun rupa-rupa stratégi pikeun ngayakeun komunikasi. Pangajaran dina Kurikulum 2013 ngagunakeun pamarekan saintifik atawa pamarekan berbasis proses keilmuan. Pamarekan saintifik bisa ngagunakeun sababaraha stratégi atawa modél pangajaran kontékstual. Impleméntasina pamarekan saintifik mangrupa cara ngaorganisasikeun pangajaran ngaliwatan prosés: a Nengetan observation, b nanya questioning, c ngumpulkeun informasinyoba data colectionaexperiment, d asosisasingolah informasi association; jeung, e ngomunikasikeun communication. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 34 1

H. Uji Balik jeung Lajuning Laku

Pék cocogkeun hasil pagawéan Sadérék kana jawaban latihan anu geus disayagikeun Itung jumlah jawaban anu benerna, tuluy gunakeun rumus ieu di handap. Rumus: Jumlah jawaban anu benerna Tahap Pangabisa = x 100 5 Tahap pangabisa nu dihontal ku Sadérék: 90 - 100 = alus pisan 80 - 89 = alus 70 - 79 = cukup - 69 = kurang Lamun Sadérék ngahontal matéri ajar 80 ka luhur, bisa nuluykeun matéri kagiatan diajar 2 tapi, lamun tahap ngawasa kurang ti 80, pék balikan deres deui matéri dina Kagiatan Diajar 1, pangpangna matéri nu tacan kacangkem kalawan mandiri, percaya diri, tur sumanget. PPPPTK TK DAN PLB BANDUNG © 2017 35 2 KAGIATAN DIAJAR 2 MODEL PANGAJARAN DISCOVERY LEARNING, PROBLEM BASED LEARNING, JEUNG PROJECK BASED LEARNING SARTA CONTONA DINA PANGAJARAN BASA SUNDA DI SMASMK DUMASAR KURIKULUM 2013

A. Tujuan