NGABANDUNGAN PEDARAN No. Pituduh Husus

37

Bab 2 Pituduh Husus

B. NGABANDUNGAN PEDARAN No.

Kagiatan 4. Guru nerangkeun hakékt digawé pikeun saban jalma, enggoning méré gambaran jeung numuwuhkeun sikep murid yén kudu disiplin, jujur, jeung tanggung jawab dina milampah pagawéan. 5. Digawé téh jadi kawajiban urang. Taya pagawéan anu hina, najan ceuk anggapan umum anu keur dipigawé téh sok disebut gawé kasar. Upamana waé tukang sasapu di jalan, tukang meresihan susukan atawa got, jeung tukang mulung. 6. Pagawéan téh rupa-rupa. Aya patani anu sapopoéna molah sawah jeung ngurus kebon. Aya deuih anu ngurus sasatoan pikeun diarah hasilna. Aya pamayang anu sok ngala lauk di laut. Aya padagang anu pagawéanana jual- beuli barang atawa balantik. Aya pagawé pabrik, supir angkot, tukang ojég, atawa buburuh jadi kuli kasar. Aya deuih anu pagawéanana sasapu meresihan jalan, disebutna pasapon. Lian ti éta, aya deuih nu jadi pagawé nagri sipil, aya nu jadi pulisi atawa tentara, jeung rupa-rupa deui. Masing-masing boga tugas jeung tanggung jawab. 7. Anu disebut tukang mulung, katempona mémang rudin. Henteu garinding kawas pagawé kantoran, misalna. Manéhna ngajingjing atawa manggul karung keur wadah barang rongsokan, atawa aya ogé anu mawa roda. Ti isuk- isuk tepi ka pasosoré aprak-aprakan mapay jalan jeung gang, ngungkaban tempat runtah, néangan barang pamiceunan anu sakirana payu dijual. Kadé, pagawéan mulung rongsokan téh henteu hina. Mana komo mun urang wani ngahina ka tukang mulung mah, kudu dipahing pisan. Goréng mun urang tepi ka kitu peta téh. Manéhna kudu diajénan, najan papakéanana henteu mantes, atawa kalotor. Lain ka tukang mulung anu ulah dianggap hina téh. Pagawéan séjénna ogé sarua mulya, satungtung dipilampah dina jalan bener, jeung teu ngarugikeun batur. Anu dimaksud bener di dieu téh henteu ngarempak aturan agama jeung hukum nagara. 8. Rék pagawéan naon baé, anu penting mah dipigawéna kudu iklas. Sakali deui kahadé, pagawéan anu kudu dijauhan téh nyaéta anu ngalanggar hukum, mana komo mun tepi ka matak ngarugikeun batur. Jalma anu kitu peta bakal meunang wawales atawa hukuman, boh di dunya boh di ahérat. 38 Buku Tuturus Guru SDMI Kelas IV

C. NGADISKUSIKEUN RUPA-RUPA PAGAWÉAN No.