NYUSUN KARANGAN No. Pituduh Husus

41

Bab 2 Pituduh Husus

E. NYUSUN KARANGAN No.

Kagiatan 15. Sanggeus diajar nyusun kecp jadi kalimah, saterusna murid sina diajar nyusun karangan. Ieu pangjaran nyusun karangan téh ukur dina tahap anu paling basajan, nyéta nyusun alinéa atawa paragraf. 16. Dina buku geus disayagikeun bahan anu kudu disusun, kabéhna aya genep paragraf. Éta bahan ku murid sina dibaraca heula. Geus kitu ku guru diterangkeun tugas anu kudu dipigawé ku maranéhna. Kudu diterangkeun deuih naon ari anu dimaksud alinéa atawa paragraf dina hiji karangan. 17. Hasil pagawéan murid dibahas babarengan. Ieu susunan paragraf téh bakal aya sababaraha variasi, tur kabéhanana ogé bener. Paragraf kahiji: Urang kudu digawé. Alloh ngawajibkeun manusa pikeun digawé. Maksud digawé di dieu téh nyaéta milampah naon-naon anu méré mangpaat pikeun dirina. Leuwih jauhna, méré mangpaat pikeun nu lian atawa balaréa. Paragraf kadua: Hasil tina pagawéan téh ngalantarankeun urang bisa hirup. Dina digawé téh urang ngagunakeun akal, rasa, jeung tanaga. Pangabutuh sapopoé ngan bisa dicumponan mun urang digawé. Paragraf katilu: Taya pagawéan anu hina. Satungtung teu salah ceuk aturan, méré mangpaat, jeung dipigawéna kalayan iklas, éta pagawéan téh bakal dipandang mulya. Jalma anu migawéna bakal meunang ganjaran ti Gusti Alloh. Paragraf kaopat: Tangtu waé dina digawé téh aya aturanana. Urang teu meunang ngarempak aturan agama, hukum nagara, jeung kabiasaan masarakat. Lamun ku urang dirempak, urang bakal meunang hukuman. Éta mah naha hukuman di dunya, atawa hukuman di ahérat. Paragraf kalima: Pagawéan téh loba rupana. Biasana patali jeung kaayaan di hiji daérah. Di lembur anu masih kénéh lega lahanna, pagawéan masarakatna téh lolobana kana tani, ngebon, atawa miara sasatoan. Masarakat anu matuhna teu jauh ti laut, lolobana jadi pamayang. Di lingkungan sabudeur pasar, masarakatna loba anu jadi padagang. Di daérah industri, lolobana jaradi pagawé pabrik. 42 Buku Tuturus Guru SDMI Kelas IV Paragraf kagenep: Salian ti éta, aya deuih pagawéan anu patali jeung jasa. Guru upamana, pagawéanana téh patali jeung jasa dina widang pendidikan. Pulisi dina widang kaamanan. Dokter jeung jururawat dina widang kaséhatan. Jeung réa-réa deui. Atawa bisa waé susunanana kieu: Paragraf kahiji: Urang kudu digawé. Alloh ngawajibkeun manusa pikeun digawé. Maksud digawé di dieu téh nyaéta milampah naon-naon anu méré mangpaat pikeun dirina. Leuwih jauhna, méré mangpaat pikeun nu lian atawa balaréa. Paragraf kadua: Taya pagawéan anu hina. Satungtung teu salah ceuk aturan, méré mangpaat, jeung dipigawéna kalayan iklas, éta pagawéan téh bakal dipandang mulya. Jalma anu migawéna bakal meunang ganjaran ti Gusti Alloh. Paragraf katilu: Hasil tina pagawéan téh ngalantarankeun urang bisa hirup. Dina digawé téh urang ngagunakeun akal, rasa, jeung tanaga. Pangabutuh sapopoé ngan bisa dicumponan mun urang digawé. Paragraf kaopat: Pagawéan téh loba rupana. Biasana patali jeung kaayaan di hiji daérah. Di lembur anu masih kénéh lega lahanna, pagawéan masarakatna téh lolobana kana tani, ngebon, atawa miara sasatoan. Masarakat anu matuhna teu jauh ti laut, lolobana jadi pamayang. Di lingkungan sabudeur pasar, masarakatna loba anu jadi padagang. Di daérah industri, lolobana jaradi pagawé pabrik. Paragraf kalima: Salian ti éta, aya deuih pagawéan anu patali jeung jasa. Guru upamana, pagawéanana téh patali jeung jasa dina widang pendidikan. Pulisi dina widang kaamanan. Dokter jeung jururawat dina widang kaséhatan. Jeung réa-réa deui. Paragraf kagenep: Tangtu waé dina digawé téh aya aturanana. Urang teu meunang ngarempak aturan agama, hukum nagara, jeung kabiasaan masarakat. Lamun ku urang dirempak, urang bakal meunang hukuman. Éta mah naha hukuman di dunya, atawa hukuman di ahérat. 43

Bab 2 Pituduh Husus