NGAREGEPKEUN JEUNG NGAWIHKEUN No. NGADISKUSIKEUN KAWIH No.

57

Bab 2 Pituduh Husus

PANGAJARAN 6 Tema : Pentingna Kaséhatan jeung Ubar-ubaran Tradisional Bahan : Bahasan Média : Téks jeung Gambar Tujuan Pangajaran: Saréngséna kagiatan diajar ngajar, murid bisa ngaregepkeun jeung ngawihkeun, maham eusi kawih, maham kandaga kecap, ngawihkeun, ngajembaran kawih, mikaweruh kawih, jeung néangan kawih séjén. KAGIATAN DIAJAR: Saméméh kagiatan diajar lumangsung, guru nepikeun nepikeun heula téma, tujuan, jeung gurat badag bahan pangajaran. Guru ngébréhkeun yén bahan ajar aya dalapan bagian, nyaéta 1 ngaregepkeun jeung ngawihkeun, 2 ngadiskusikeun kawih, 3 ngadiskusikeun kandaga kecap, 4 ngawih, 5 ngajembaran kawih, 6 molahkeun kaulinan séjén, jeung 7 migawé pancén di imah. Guru ngondisikeun murid sangkan sayaga pikeun diajar. Kagiatan diajar dilaksanakan ngaliwatan léngkah-léngkah ieu di handap.

A. NGAREGEPKEUN JEUNG NGAWIHKEUN No.

Kagiatan 1. Guru nitah murid ngaregepkeun kawih nu témana “Cinta Lemah Cai” nu dihariringkeun ku guru atawa ngaliwatan kasét. Nu dipilih kaulinan “Tanah Sunda” lantaran katimbang babari jeung pondok. Ieu téh mangrupa prosés niténan. 2. Guru nitah murid ngahariringkeun kawih nu judulna “Tanah Sunda” Kalawan babarengan, tuluy sajajar-sajajar bangku. .

B. NGADISKUSIKEUN KAWIH No.

Kagiatan 1. Sanggeus ngaregepkeun téks kawih “Tanah Sunda” nu dihariringkeun ku guru atawa ngaliwatan kasét, murid disina maham eusi téks narasi ku cara ngajawab pananya. 58 Buku Tuturus Guru SDMI Kelas IV 2. Guru nitah murid disina ngajawab pananya ku cara diskusi kelompok. Ieu téh mangrupa prosés nanya. Jawaban dumasar kana téks kawih nu geus dihariringkeun ku guru atawa ngaliwatan kasét. Pananya jeung jawabanana kieu. Kelompok 1 1 Sabaraha jumlah engang dina unggal jajaran jeung kumaha sora tungtungna? 8-a, 8-a, 7-a, 7-a, 8-a 2 Kumaha kaayaan Tanah Sunda téh? Gemah ripah. 3 Kudu kumaha urang Sunda ka Tanah Sunda téh? Sing towéksa perceka. 4 Mawa pancén naon urang Sunda téh? Nyangga dhrama anu nyata 5 Kudu muji sukur ka saha urang boga Tanah SUnda? Pangéran. Kelompok 2 1 Sabaraha jumlah engang dina unggal jajaran jeung kumaha sora tngtungna? 6-a, 6-a, 8-a, 12-a, 12-a 2 Kudu kumaha ka Seuweu Pajajaran téh? Muga ting kasmaran. 3 Kudu kumaha ka Tanah Pusaka téh? Getén titén rumawat 4 Kawajiban saha miara Tanah Pusaka téh? Kawajiban urang. 5 Miara lemah cai téh kaasup sabagian tina naon? Iman Kelompok 3 1 Sabaraha jumlah engang dina unggal jajaran jeung kumaha sora tngtungna? 8-a, 8-a, 8-a, 8-a 2 Kudu kumaha urang kana harta banda téh? Kudu titén. 3 Ngalakukeun naon anu batur moal bisaeun téh? Ngatur ngolah jeung ngariksa Tanah Sunda. 4 Moal kaduhung jaga mun urang kumaha? Titén kana harta jeung ngatur ngolaj jeung ngariksa Tanah Sunda. 5 Titén kana harta banda pibekeleun hirup di dunya jeung di mana? Ahérat Kelompok 4 1 Sabaraha jumlah engang dina unggal jajaran jeung kumaha sora tngtungna? 6-a, 6-a, 8-a, 12-a, 12-a 2 Kudu kumaha ngangkat darajat Ki Sunda téh? Singkil babarengan 3 Kudu dikumahakeun Sunda téh? Diraksa dirumat. 4 Bakal kumaha lamun Sunda dirumat? Pasti jembar wibawa Indonésia. 5 Ngaraksa lemah cai kaasup tanda ibadah ka saha? Pangéran. 3. Guru meunteun bener henteuna jawaban murid ngeunaan eusi téks kaulinan. 59

Bab 2 Pituduh Husus