NGAREGEPKEUN TEMBANG No. NGADISKUSIKEUN TEMBANG No.

47

Bab 2 Pituduh Husus

PANGAJARAN 5 Tema : Ngajénan Jasa Pahlawan Bahan : Pupuh Waktu : 3 minggu Dina kompeténsi dasar geus ditangtukeun yén bahan anu kudu diajarkeun dina Pangajaran 5 téh ngeunaan pupuh, pikeun mungkus téma ngajénan jasa pahlawan. Tujuanana minimal murid wanoh tur bisaeun nembangkeun pupuh, jeung boga sikep positif kana jasa pahlawan. Ari anu dimaksud pahlawan di dieu teu salawasna dilarapkeun ka anu gugur di pangperangan waé. Pahlawan téh nyaéta anu ngadarma-baktikeun dirina pikeun kapentingan balaréa. Éta pangna anu diasongkeun téh wacana judulna “Jasa Guru”. Kitu deui dina wacana tambahan, ngahaja dipidangkeun wacana anu nyaritakeun jasa para pahlawan séjénna, nyaéta maranéhna anu gedé jasana pikeun kahirupan masarakat. Dina bagian saterusna, salian dipiharep murid barisaeun nembangkeun pupuh, maranéhna sina diajar ngarang dina bentuk pupuh, najan ukur dina tahapan basajan. Tujuanana mah sangkan kamampuh murid dina widang aprésiasi sastra bisa ngaronjat KAGIATAN DIAJAR-NGAJAR

A. NGAREGEPKEUN TEMBANG No.

Kagiatan 1. Dina buku pangajaran dipidangkeun tilu pada pupuh asmarandana. Eusina nyaritakeun jasa guru pikeun masarakat, hususna pikeun murid-muridna di sakola. Jadi kawajiban murid pikeun hormat ka guru. 2. Éta pupuh sina dibaraca heula dina jero haté, sangkan murid bisa ngararampa eusina. Saterusna ku guru ditembangkeun, sina dibarandungan ku sakabéh murid. Atawa bisa waé nu dibandungan téh hasil rékaman dina kasét atawa CD. 3. Ditembangkeun dua-tilu balikan, sangkan eusina bisa kacangkem. Eusi ieu pupuh saterusna didiskusikeun babarengan. 48 Buku Tuturus Guru SDMI Kelas IV

B. NGADISKUSIKEUN TEMBANG No.

Kagiatan 4. Saméméh ngadiskusikeun eusina, guru nerangkeun heula anu dimaksud pupuh, nyaéta karangan anu ditulisna dumasar kana guru lagu jeung guru wilangan. Ieu téh kaasup kana salah sahiji kabinangkitan dina sastra Sunda. Ari anu bieu ditembangkeun disebutna pupuh asmarandana. 5. Pupuh asmarandana anu bieu ditembangkeun téh kabéhna aya tilu pada atawa tilu bait. Unggal pada dibagi deui jadi tujuh jajar, disebutna padalisan. Éta pupuh téh eusina medar perkara jasa IbuBapa Guru dina ngadidik murid- muridna. Urang jadi pinter, jadi loba kanyaho, éta téh di antarana lantaran jasa IbuBapa Guru. Basa tacan sakola mah apan kanyaho jeung kabisa urang téh heureut kénéh. Nya sanggeusna asup sakola urang diajar soson-soson, ti mimiti kelas hiji, tug ayeuna geus kelas opat. Jasa IbuBapa Guru ka urang kacida lobana. Ku sabab éta, urang boga kawajiban ka IbuBapa Guru. Naon waé éta kawajiban urang téh? Hayu urang diskusikeun. Carana mah hidep kudu ngajawab patalékan anu patali jeung eusi pupuh anu bieu ditembangkeun. 6. Murid sina ngajawab sakur pertanyaan sakumaha anu aya dina buku pangajaran. Unggal jawaban anu ditepikeun ku hiji murid sina dibéré koméntar ku murid séjénna. Pangna kitu téh bisa waé jawaban anu diasongkeun ku saban murid kana hiji pertanyaan téh teu persis sarua. 7. Pikeun padoman guru dina ngajén jawaban murid, bisa dititénan ieu di handap. 1. Dina hal naon waé urang kahutangan budi ku IbuBapa Guru téh? Jawaban: Dina ngajar ka urang sangkan jadi jelema anu pinter, dina méré piwuruk jeung naséhat sangkan urang jadi jalma bener. 2. Naon waé anu dipilampah ku IbuBapa Guru dina ngadidik murid- muridna? Jawaban: BapaIbu Guru ngadidik kalawan rido jeung dibarung ku rasa nyaah. 3. Naha dina ngadidik téh IbuBapa Guru tara ngabéda-béda murid? Jawaban: Lamun dina ngadidik murid bari dibéda-béda tangtu bakal jadi sisirikan, tur dianggap henteu adil. 4. Kumaha waé carana urang némbongkeun rasa hormat ka IbuBapa Guru? Jawaban: Ku cara ngagugu kana naséhatna jeung ngajauhan sakur anu dicaramna. 49

Bab 2 Pituduh Husus