MIDANGKEUN HASIL SAWALA No. MIGAWÉ LATIHAN No.

83

Bab 2 Pituduh Husus

F. MIDANGKEUN HASIL SAWALA No.

Kagiatan 1. Guru nitah murid sina nepikeun hasil diskusi kelompokna séwang-séwangan. 2. Guru nitah wawakil kelompok midangkeun hasil diskusi kelompokna. 3. Guru nitah murid séjén ngabandungan kalawan daria sarta nyatet naon-naon nu ditepikeun ku kelompok séjén. 4. Guru nitah murid ngoméntaran pidangan wawakil kelompok tina hasil diskusina. 5. Guru meunteun murid dina midangjeun hasl diskusi kelompokna.

G. MIGAWÉ LATIHAN No.

Kagiatan 1. Guru nitah murid sina nyatet pidangan kelompok nu patali jeung eusi matérina. 2. Guru nitah murid sina ngajawab pananya anu geus diyagikeun patali jeung eusi sawala. Pananya jeung jawaban ngeunaan eusi sawala ébréh ieu di handap. 1. Ari kalua téh aya sabaraha rupa? Kalua jeruk, kalua gedang, jeung kalua suuk. 2. Kumaha cara nyieun kalua jeruk? Kulit jeruk nu héjona dipiceun nepi ka katempo dagingna bodas. Tuluy diberesihan jeung dikeueum dina cai apu seupah. Geus nyerep cai apuna, tuluy digodog maké cai gula beureum atawa cai gula bodas nepi ka caina saat. Geus kitu dituuskeun jeung dipoé. 3. Ciri has wewengkon mana ari karédok téh? Wewengkon Sunda. 4. Naon waé bahan pikeun nyieun karédok téh? Kacang panjang, bonténg, térong, togé,jeung engkol. Ari samara anu diperlukeun nyaéta goréng atawa sangray suuk, uyah, bawang bodas, bawang beureum, cikur, gula beureum, jeung céngék. 5. Sebutkeun dua kadaharan nu bahanna tina sampeu? Comro jeung kicimprig. 84 Buku Tuturus Guru SDMI Kelas IV 6. Sebutkeun rupa-rupa kadaharan nu mangrupa kiripik? Kiripik cau, kiripik sampeu, kiripik kentang. 7. Naon bédana kiripik cau, kentang, sampeu, jeung taleus? Bahanna ari kiripik cau mah bahan dijieunna tina cau, kiripik kenang bahan dijieunna tina kentang, kiripik sampeu bahan dijieunna tina sampeu, kiripik aleus bahan dijieunna tina taleus. 8. Naon sasaruaanana dina nyieun kiripik cau, kentang, sampeu, jeung taleus? Bahan-bahanna sarua diiris atawa disiksik, tuluy digoréng. 9. Bahan naon anu sarua dina nyieun kiripik cau, kentang, sampeu, jeung taleus? Samara jeung minyak. 10. Pidangan kiripik téh sok dibarengan ku citéh jeung cikopi. Kumaha cara nyieun citéh jeung cikopi? Téh ditinyuh ku ku cai panas. Ari cikopi mah, carana kopi dibauran ku gula, tuluy ditinyuh ku cipanas sarta dikocék. 3. Guru meunteun murid bener henteuna ngajawab pananya.

H. MIGAWÉ PANCÉN DI IMAH No.